Dandim 0619/Purwakarta jeung Bupati Purwakarta Hadir Dina Gempungan di Désa Plered
Dandim 0619/Purwakarta jeung Bupati Purwakarta Hadir Dina Gempungan di Désa Plered
Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-Dandim 0619/Purwakarta babarengan jeung Bupati Purwakarta, Om Zein, hadir dina kagiatan Gempungan di Buruan Urang Lembur anu dipuseurkeun di Désa Plered, Kabupatén Purwakarta, Salasa (09/09/2025).
Dina kasempetan éta, Dandim nepikeun yén gempungan téh penting pikeun ngaraketkeun silaturahmi jeung ngawangun rasa gotong royong warga.
“Kagiatan ieu téh sanés ukur pangdeudeul pikeun ngahiji, tapi ogé jadi wadah pikeun ngadéngékeun aspirasi masarakat sarta nguatkeun rasa kabersamaan,” saur Dandim 0619/Purwakarta.
Samentara éta, Bupati Purwakarta, Om Zein, ngahaturkeun apresiasi ka warga anu aktip ngadukung program pamaréntah daerah.
“Ku cara kieu, pamaréntah jeung masarakat bisa silih sambung rasa pikeun ngawangun Purwakarta anu leuwih maju,” saur Om Zein.
Kapala Désa Plered, Erik, S. Pd, ogé ngedalkeun rasa bungahna ku ayana kagiatan ieu, sabab janten kasempetan pikeun warga sangkan leuwih deukeut jeung pamaréntah.
“Kami ti pihak désa ngarasa reueus, warga téh tiasa nampa langsung perhatian ti pamaréntah kabupatén jeung aparat TNI. Ieu janten motivasi pikeun ngaraketkeun gotong royong di lembur,” saur Kapala Désa Plered.
Acara ogé dieusi ku layanan kaséhatan, kagiatan sosial, sarta pintonan seni budaya masarakat. Warga ngarasa bagja ku ayana kagiatan ieu, sabab tiasa langsung komunikasi jeung aparat pamaréntah sarta TNI pikeun nyampeurkeun aspirasi.***
0 Response to "Dandim 0619/Purwakarta jeung Bupati Purwakarta Hadir Dina Gempungan di Désa Plered"
Posting Komentar