WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Pinunjul Festival Tunas Basa Ibu Jenjang SD Taun 2025 : SDN 2 Darangdan, Purwakarta (Fikratuhah Najibah & Dina Afiyatunnisa) Nyangking Juara FTBI 2025

Pinunjul Festival Tunas Basa Ibu Jenjang SD Taun 2025 : SDN 2 Darangdan, Purwakarta ( Fikratuhah Najibah  &  Dina Afiyatun...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Tatap Muka Dandim 0619/Purwakarta katut Ketua Persit KCK CAB XXIX DIM 0619/Pwk sareng Anggota Koramil 1902/Plered


Tatap Muka Dandim 0619/Purwakarta katut Ketua Persit KCK CAB XXIX DIM 0619/Pwk sareng Anggota Koramil 1902/Plered

PURWAKARTA - Grup Warta Sunda,-
Dandim 0619/Purwakarta, Letkol Inf. Ardha Cairova Pariputra, sareng Ketua Persit KCK Cabang XXIX parantos ngalaksanakeun tatap muka jeung prajurit di Anggota Koramil 1902/Plered dina Jumaah, 29 Agustus 2025. Dina kasempetan éta, Dandim ngingetan ngeunaan pentingna nyageurkeun diri jeung pentingna olahraga rutin pikeun anggota TNI jeung keluargana .


Tetep ngajaga tali silaturahmi di antara sakumna Kodim 0619/Pwk, kanggo ibu sareng bapak-bapakana tetep silih dukung jeung silih élingkeun dina sagala hal.

Kahirupan tugas di Kewilayahan Teritorial téh mangrupakeun masa depan dina ngatur jeung ngawangun kahirupan kulawarga. Dipiharep anggota tiasa ngatur (manage) panghasilan anu dicandak, tiasa ogé usaha néangan panghasilan di luar tugas kalayan catetan halal jeung sah (legal).

Tetep ngajaga kasehatan diri jeung kulawarga, kudu waspada ku kaayaan cuaca anu teu tangtu.

Ulah milu kana kagiatan judi online anu tiasa ngarugikeun diri pribadi, kulawarga, ogé satuan.

Tetep ngajaga profesionalisme salaku Babinsa di wilayah binaan, boh dina kagiatan skala leutik di Désa boh dina skala gedé di Kecamatan.

Tetep ngajaga kaharmonisan jeung katengtreman kulawarga sarta silih hargaan, sabab ieu anu utama pikeun ngarojong kana kedinasan salakina. ***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Tatap Muka Dandim 0619/Purwakarta katut Ketua Persit KCK CAB XXIX DIM 0619/Pwk sareng Anggota Koramil 1902/Plered"

Posting Komentar