Pinunjul Festival Tunas Basa Ibu Jenjang SD Taun 2025 : SDN 2 Darangdan, Purwakarta (Fikratuhah Najibah & Dina Afiyatunnisa) Nyangking Juara FTBI 2025
Pinunjul Festival Tunas Basa Ibu Jenjang SD Taun 2025 : SDN 2 Darangdan, Purwakarta (Fikratuhah Najibah & Dina Afiyatunnisa) Nyangking Juara FTBI 2025
"SDN 2 Darangdan, ku karancagéan Kepala Sekolah katut guru sinareng tenaga teknis, poma sakola di lembur bisa nyitak barudakna kapinunjulan kasundaan dina lomba Festival Tunas Basa Ibu (FTBI) taun 2025."
Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-Kagiatan Festival Tunas Basa Ibu (FTBI) taun 2025 ngahasilkeun prestasi anu ngabanggakeun ti SDN 2 Darangdan, boh dina cabang nulis carita pondok boh dina maca sajak.
Cabang Nulis Carita Pondok Putri
Juara kahiji diraih ku Dina Afriyatunnisa, siswi kelas VI SDN 2 Darangdan kalayan meunang peunteun 671.
- Tempat & Tanggal Lahir: Purwakarta, 03 Juli 2013
- Hobi: Nulis jeung ngagambar
- Cita-cita: Jadi guru sarta pangarang carita
- Kolotna: Aden Fitriyadi (bapa) jeung Tati (biangna)
- Harepan: Hayang neruskeun sakola satangtu-tangtuna nepi ka luhur sarta jadi juara di tingkat provinsi.
Cabang Maca Sajak Putri
Juara kadua kahontal ku Fikratuh Najibah, siswi kelas III SDN 2 Darangdan kalayan meunang peunteun 790.
- Tempat & Tanggal Lahir: Purwakarta, 13 April 2017
- Hobi: Maén sapédah
- Cita-cita: Jadi guru
- Kolotna: Daryono (bapa) jeung Neneng Dahlia (biangna)
- Harepan: Hayang meunang juara sajak di tingkat kabupatén jeung provinsi sarta ngarepkeun aya apresiasi ti pamaréntah.
Préstasi anu diraih ku dua siswi ieu janten bukti yén kamekaran basa indung bisa jadi motivasi pikeun barudak dina ngudag prestasi sarta ngawangun pangharepanana di mangsa datang.
Kukituna, Festival Tunas Basa Ibu (FTBI) jenjang SD taun 2025 janten ajang pangpentingna pikeun méré rohangan ka siswa-siswi dina miara jeung ngamekarkeun basa indung, hususna basa Sunda. Dina ieu pasanggiri, murid-murid ti SDN 2 Darangdan hasil ngarayakeun prestasi anu matak reueus.
Dina cabang maca sajak putri, murid anu ngaran Fikratuhah Najibah ti kelas 2 nembongkeun kabisana (mamahna Neneng Dahlia, S.Pd guru Kelasn3) kasuksésan ngarebut Juara 2 kalayan total peunteun 790. Sedengkeun dina cabang nulis carita pondok putri, murid anu ngaran Dina Afiyatunnisa nyangking Juara 1 kalayan peunteun 671. Pembinaan Yuli Adrianti, S.Pd) ngawulang Kelas 4.
Kapala SDN 2 Darangdan, Ustd. Wawan Setiawan, S.Pd.I., ngedalkeun rasa bungahna sarta ngajentrekeun yén kameunangan ieu lain ukur prestasi pribadi, tapi ogé gambaran yén siswa-siswi mibanda poténsi gede dina ngamumule budaya jeung basa Sunda. Anjeunna ngarepkeun sangkan ku prestasi ieu barudak leuwih sumanget pikeun neruskeun diajar sarta kreatif dina nulis jeung maca.
FTBI sorangan boga tujuan pikeun ngariksa, ngamumule, jeung ngamajukeun basa indung sangkan henteu leungit kaeripan jeung ajén budaya di tengah arus globalisasi. Ku cara kieu, generasi ngora dipiharep leuwih reueus jeung satia kana basa Sunda salaku bagian tina jati dirina.
Fikratuhah & Dina Sabet Juara di FTBI 2025
Dua siswi SDN 2 Darangdan, Fikratuhah Najibah jeung Dina Afiyatunnisa, suksés ngukir prestasi dina Festival Tunas Basa Ibu (FTBI) 2025. Fikratuhah ngarebut Juara 2 Maca Sajak Putri kalayan peunteun 790, sedengkeun Dina nyangking Juara 1 Nulis Carita Pondok Putri kalayan peunteun 671.
Kapala SDN 2 Darangdan, Ustd. Wawan Setiawan, S.Pd.I., ngedalkeun rasa reueusna. Anjeunna nyebut yén ieu prestasi mangrupakeun bukti kasungguhan barudak dina ngamumulé basa Sunda.
“Kami kacida reueusna, prestasi ieu muga-muga janten motivasi pikeun sadaya siswa sangkan leuwih kreatif dina nulis, lancar maca, sarta terus ngaraketkeun kanyaah ka basa Sunda,” saur anjeunna.
Samentara éta, Dina Afiyatunnisa, anu meunang juara 1 nulis carita pondok, ngedalkeun rasa bungahna.
“Teu nyangka tiasa meunang juara. Ieu téh jadi pangalaman anu saé pikeun kuring, muga-muga tiasa terus diajar jeung nulis deui carita-carita dina basa Sunda,” saur Dina bari mesem.
Sedengkeun Fikratuhah Najibah ogé ngahaturkeun nuhun ka guru jeung rerencangan anu sok ngarojong.
“Kuring bungah pisan tiasa juara maca sajak. Nuhun ka guru-guru anu parantos ngalatih sareng ka kulawarga anu sok mere sumanget,” pokna.
FTBI sorangan dipikawanoh minangka ajang pikeun ngajaga jeung ngamekarkeun basa indung sangkan tetep hirup tur jadi bagian penting dina kahirupan barudak di jaman kiwari.
Lian ti éta, dua urang guru pembimbingna, nyaéta, Yuli Adrianti, S.Pd (nulis carita pondok) sarta Neneng Dahlia, S.Pd (Maca Sajak Putri), ka redaksi, yén dina nyiapkeun siswana pikeun tandang téh, mairan heula ti kelas 1 nepika kelas III, pikeun dilatih kana persiapan FTBI, malah mandar calon pamilon diwanohkeun ku ningal siswa nu juarana. Anapon kitu, para siswana ogé diwanohkeun kana kasundaan.***
0 Response to "Pinunjul Festival Tunas Basa Ibu Jenjang SD Taun 2025 : SDN 2 Darangdan, Purwakarta (Fikratuhah Najibah & Dina Afiyatunnisa) Nyangking Juara FTBI 2025"
Posting Komentar