Rinéka seni pakampungan
#netlemburkuring_culaméga
Jinekna seni nu masih maneuh di pakampungan, kaayaannana seuseut-seuat menyatna.
Cenah, kiwari geus teu dipaliré, lantaran barudak leuwih resep ngaromé daring.Jeungna barudak ngarasa sangheuk mun aub dina kasenian, ari nu jadi sabab teu purun munseug kudu udunan sagala.
Rajeun aya nu masih giat téh, inyana sok meunang ondangan ti kaum Tiong hwa. Inyana diangkir sina milu aub dina raraméan Imlék.
Antukna hirupna kasenian di pilemburan gumantung kana pangondang karaméan acara kasenian batur. Sasat kasen8an pituin téh ngindung kana kasenian deungeun-deungeun.
Paling gé, sabot acara tujuh belasan, saleuwihna mah nya seuseut seuat taya rohang kasempetan pikeun menyat.
Kitu buah pikir nu ka pihatur pikeun nyiar jalan pikeun meuntas ka wahana nu langkung bisa ngahirupkeun kasenian pilemburan.
Rajamandala, 5 Apr 2020
Boy Culaméga.
0 Response to "Rinéka seni pakampungan"
Posting Komentar