DITANGGUHKEUN - Ku : Dadang Simeut
Basa pantona diketrokan, taya jawaban, panasaran ditelepon, nyambung langsung ngajawab, "Punten abdi nuju aya tamu nu biasa sa sasih sakali, mugia Akang surti!" langsung telepon dipareuman.
Saminggu ti harita ngadatangan deui, panto imahna nutup, ngetrok panto unjuk salam, langsung manéh nelepon, "Punten nuju aya tamu, wayahna ulah kalebet!"Ngahuleng sajongjonan, rada tanda tanya, biasana gé, lamun manéhna keur pareng kadatangan tamu tara lila, tara leuwih ti saminggu, piraku ayeuna masih kénéh?, rasa curiga timbul, boa-boa?, telepon masih nyambung, ngomong rada teugeug "Apanan biasana mah saminggu ogé tos beresih, akang rék maksa asup!"
"Punten Kang, ulah waka saur abdi gé!"
"Naha?"
"Ieu nuju sareng tamu husus" tembalna.
Kacurigaan beuki nambahan.
"Oh kitu nya? sok jawab nu jujur! saha tamu husus téh? euh..kab..bbo.." nyarita balabab belebeb kasedek nafsu.
"Kang punten tong tarik teuing nyariosna! baribin, isin ku tamu na" manéhna ngawawadian. HP ku kuring langsung ditutup, teu pikir panjang deui, panto imah langsung dibuka satengah ditubruk, bray panto muka, di ruang tamu kasampak aya lalaki diuk dina sofa, kabireungeuh jiga nu reuwaseun. olohok mata simeuteun, ningali kuring anu keur ngéntab kaambek. Ti tengah imah, norojol nu boga imah "Beu, ari akang meni teu kéngéng diwartosan, saur abdi antosan, antosan! ngalajur nafsu waé ari taeun téh, hayu kadieu heula!" lilis nyekel leungeun kuring nu keur meureup semu ngadegdeg nahan kaambek, mawa asup ka tengah imah, bari nitah diuk dina korsi meja makan. bari pok deui nyarita "mangga calik heula, lelerkeun heula" kitu na téh bari nyurulungkeun cai tina dispenser kana gelas, song diasongkeun. Barang cai rék diregot, nu geulis téh ngahulag, "Saéna wasuh heula pananganana disabunan satengah menit mah!"
Atuh ditunda deui gelas téh, terus cengkat ngagugu ngoléar ka dapur kukumbah leungeun, réngsé kukumbah balik deui, gék diuk dina korsi, kaambek longsong, regot nginum cai. lilis nantung di lawang panto nu ka ruang tamu, bari rengkuh hurmat ka tamu pok nyarita "punten antosan heula sakedap nya Pa!" sasadu dibarung imut ngagelenyu. " muhun manga" tembal tamu dareuda. Geus kitu koloyor nyampeurkeun deui kuring, ngangsrod korsi nu sagédéngeun.
"Kang tamu téh kolektor, ditugaskeun nepangan nasabah, ngawartosan urang bilih badé ngajengkeun panangguhan mayar cicilan, saurna téh mangga ajengkeun serat pangajenganana sareng lengkepan berkas persyaratanana, tah waktos tadi urang ngobrol na HP téh, abdi nuju bébérés ngempelkeun pasyaratanana, milarian map berkas dina lomari"
"Oh kitu, akangnya!" bari neuteup manéhna, sora ngadadak leuleuy. "Janten sasih ayeuna, saupami tos diajeungkeun urang teu kedah mayar heula cicilan?"
"Saupami di Acc ku perusahaanana, kahoyong mah kitu, nanging saur Pa kolek waktos tadi ngajelaskeun, ageung kamungkinan mung masihan karinganan, nu ditangguhkeun téh tiasa janten cicilan pokona wungkul, atanapi bungana ditambih denda katelatan mayar, sapertos ayeuna urang parantos katelatan deui, Anjeunagé teu tiasa nangtoskeun, da anu nangtoskeun kawenangan padamel nu sanésna atanapi pingpinan perusahaan" kuring unggut unggutan satutas ngaregepkeun ngabandungan kajelasan Lilis.
"Kumaha Akang satuju, upami abdi ngajeungkeun? niat Lilis mah tadina badé ngajengkeun, da kumaha atuh teu aya kanggo nyicilna, artos modal icalan sango konéng, sangu uduk ogé tos badé korédas dianggo sadidinten, abdi teu tiasa ngider icalan kumargi lockdwon téa, nya ngaringkeb wé di bumi"
"Tangtos akang satuju, leres ajengkeun waé, hampura akang gé! rumasa teu tiasa masihan kaperluan Lilis, ayeuna mah sami usaha téh nya kitu téa mandeg teu jalan, sugan jeung sugan sanggeus leungit corona mah..." teu kebat neruskeun nyarita, kaburu kapotong ku lilis, jigana surti naon nu dimaksud ku kuring.
"Muhun, nuhun ari sapuk mah, ku abdi badé teras dicobian diajengkeun, punten atuh abdi badé nepangan deui Pa kolektorna" Manéhna cengkat terus ngoloyor ka ruang tamu, dituturkeun ku kuring.
"Punten Pa rada lami" pokna ka tamu
"Teu sawios Bu, tah saupami cios janten ngajengkeun, mangga ieu lebetan blangkona dilampiran ku berkas pasyaratan, upami tos lengkep sanggakeun saénggalna ka Kantor, punten parantos diwagel waktos nuju lockdwon"
"Sami abdi hapunten Pa, punten pisan tadi parantos matak reuwas Bapa!" cékéng téh bari ngangkat dua dampal leungeun nu diréképkeun, ngajak sasalaman anggang teu paantel.
"Mugi ma'lum waé, barangasan punlanceukmah" sambung Lilis bari seuri leutik, dibarung nyiwit deudeuh beuteung kuring.
"Aaw.." kuring ngajérété, cikikik tiluan bareng sareuri.
Sanggeus tamu amitan terus ngaléos, Lilis nutupkeun pantona, Manéhna neuteup anteb dibarung ku imut mesem, nungtun kuring ka tengah imah.***
Dadang Simeut, 05042020
0 Response to "DITANGGUHKEUN - Ku : Dadang Simeut"
Posting Komentar