Marcel Terdampar Lockdown di Cikopo
Katerangan Poto :
Marcel bubuara di Cikopo jualan kopi, (6/4).*
BUNGURSARI - Warta Sunda Onliné,
Kuayana LOCKDOWN keur tukang jualan kopi di Cikopo karasa pisan imbasna. Dina hal ieu mah keur salahsaurang warga nu teureuh Melayu Delhi Sumatra, inyana terdampar ngadu nasib jualan kopi di Cikampek nu ngawatés jeung Bungursari Purwakarta.
Marcel (42) asalna pagawé Bank Dunia Jakarta, kiwari keur bubuara jeung pakasaban kana jualan kopi. Nya meunang jongki / kios di Cikopo nu ukuranna 5 x 8 métér ngalayanan warga nu ngadon reureuh saperti hal redaksi Warta Sunda Onliné ngadon ngiuhan kulantaran hukan gedé di Jongko Cikopo, poé Senen, (6/4).
Dina wangkongan, Marcel nu geus 2 taun neruskeun jongko babaturanna. Tina jualan sarupaning kainuman jeung makanan ringan. Cenah ayeuna keur sepi. Nu biasana tina ladang jualan sapoéna beubeunangan 350 rebu, ayeuna mah satengahna.
Kajaba engké geus lebaran jongkona rék direlokasi di tukangeun jongkona. Saperti témbong dina gambar.
Rencana jongko jang nu jualan pedagang kaki lima Cikopo.*
Ceuk Marcel, nu panganjrekana di Kampung Baru Jomin Cikampek - Karawang, ku ayana lockdown karasa pisan imbasna. Tapi da kudu dikumahakeun deui, mun teu usaha jualan kopi rék saha maraban anak pamajikan.
Harepanna rék nepika iraha lockdown nu dilumakukeun ku pamaréntah.***
AS./A.Mugian.
0 Response to "Marcel Terdampar Lockdown di Cikopo"
Posting Komentar