Mobil Suzuki Carry 1.0 Neumbrag Pager Tol
Jatiluhur - Warta Sunda Onliné,
Apes pisan yeuh mobil Suzuki Carry 1.0 nopol D 1992 US, neumbrag pager Tol taman kota kecepatan 40 - 50 KM di Kp. Ciganea Désa Mekargalih Kecamatan Jatiluhur Purwakarta.
Dina kajadian éta, ceuk tukang baso perwakilan warga ngarasa puas ku kalakuan supir nu mawa mobil carry warna konéng ugal-ugalan, Ciganea Kemis (9/4).
"Keur mah, di wewengkon éta rawan kacilakaan," pokna Ceu Edoh bari ngaladangan baso.
Inyana ningali pisan éta mobil nu ngagerung-gerung mobil nu ngajalankeunna tarik pisan. Antukna mobil neumbrak nyangigir ka kénca. Kulantaran tekor.
Teu kungsi lila warga satempat ngabantuan nepika mobil normal deui sakumaha mistina.
Lain halna ceuk Iwan (32) warga satempat nu keur anteng ngobrol dipangkalan ojeg, ningali mobil éta kacepatan tarik, keur mah jalanna aya pasir nu ngabalukarkeun mobil neumbrag.
Ngan mobil teu bisa jalan tyrod na ruksak. Untung kénéh supirna teu kunanaon, reuwas kareureuhnakeun.***
Heri Purnomo
0 Response to "Mobil Suzuki Carry 1.0 Neumbrag Pager Tol"
Posting Komentar