Lockdown di Sukasari Laporan-Laporan teu Tinggaleun
Katerangan Poto :
H. Suminta keur adu renyom di kantorna.*
Jatiluhur, Sukasari - Warta Sunda Onliné,
D
|
ampak tina Covid-19
mangaruhan sagalarupana. Saperti basa Warta
Sunda Onliné ngadongdon ka Kantor Korwil Sukasari Dinas Pendidikan
Kabupatén Purwakarta nu aya di wilayah service Jatiluhur. Tina urusan
laporan-laporan urusan atikan mah kudu jalan. Sok sanajan dina kaayaan
lockdown.
Pagawé nu biasana ngeusi atawa nyieun laporan di kantor
korwil (harita mah ngaranna UPTD), ayeuna ngan ukur sababaraha urang nu aya. Kituna
ogé keur piket di kantorna.
Dina hal ieu mah, H. Suminta dikantorna keur kutak-ketik
laporan ti sakola-sakola nu ngalaporkeun sacara manual. Keur mah kaayaan
jaringan di Sukasari mah teu kawas di Kecamatan nu séjénna. Kulantaran can
meratana pemancar ponsel diwewengkonna.
Jadi tiap laporan yén guru bohna pihak kepala sakola sok
datang langsung ka kantor korwil-red.
Laporan kana onliné teu mulus kitu
waé.
Kituna téh, keur
Dinas Pendidikan mah geus nga’malum tina laporan elat ogé. Tapi pihak redaksi
Warta Sunda Onliné apal pisan kondisi nu dicaritakeun éta téh. Malah salut ka
pihak rengrengan juru atik di Sukasari bisa méré laporan dina kaayaan lockdown.
Para pagawé nu
daratang ka kantor korwil giliran hiji datang, hiji kaluar kawas ngantri
sembako. Tina nyoko kana kawijakan pamaréntah yén para pagawé sangkan jaga
jarak. Di Sukasari ngawaro.
Mugia kaayaan
ieu tiasa sagancangna deui normal, ngarah urusan pendidikan teu kaganggu ku
Corona.***
0 Response to "Lockdown di Sukasari Laporan-Laporan teu Tinggaleun"
Posting Komentar