WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Purwakarta Nargetkeun Zero Peredaran Miras

Press Release :



Purwakarta Nargetkeun Zero Peredaran Miras

  
B
upati Purwakarta Anne Ratna Mustika ngaapresiasi léngkah jajaran Polres Purwakarta dina komitmen kana pemberantasan peredaran minuman keras (Miras) di wilayah hukum Kabupatén Purwakarta.



"Taréah jeung patéah jajaran Polres Purwakarta ngarupakeun léngkah penyelamatan generasi muda. Kulantaran miras jeung narkoba matak ngarugikeun jeung mawa malapetaka keur urang saréréa," Kitu ceuk Bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika nalika agenda Pemusnahan Barang Bukti Miras, di Mapolres Purwakarta, Kemis (19/12).



Nurutkeun Bupati nenehna Ambu Anne penanggulangan, pencegahan jeung penindakan peredaran miras jeung narkoba ieu téh tanggeng waler sadayana.
"Inyana, ngapresiasi tur komitmen jajaran Polres Purwakarta keur ngaberantas peredaran miras jeung narkoba. Purwakarta kudu zero peredaran miras jeung narkoba," pokna Ambu Anne.
Dina kasempetan éta, Kapolres Purwakarta AKBP Matrius dina kateranganna negeskeun, yén ribuan botol miras jeung nu sajenisna ieu téh hasil tina kagiatan rutin dina raraga cipta kondisi Natal jeung Tahun Baru Polres Purwakarta 2019.



"Aya 4.019 botol miras sagala merk jeung ukuran, ti mimiti 158 leter miras jenis ciu, 100 leter tuak jeung 505 leter jenis gingseng poéan éta mah dimusnahkeun nu disaksian ti unsur Forkopimda," pokna Matrius.
Ku kituna, pihak Kapolres Purwakarta uar pangajakna sangkan sakabéh elemen masarakat keur ngabantu jeung ngainformasikeun ka jajaranna mun seug aya peredaran miras jeung narkoba di wilayah Purwakarta.
"Percayakeun wé ka pihakna, pihakna sagancangna narima informasi ti masarakat rék langsung diupayakeun ditindak," pokna Kapolres. (*)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Purwakarta Nargetkeun Zero Peredaran Miras"

Posting Komentar