WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Blokir Kendaraan Leuwih ti Hiji. Mun seug Kendaraan Geus Dijual / Leungit



SAMSAT - Warta Sunda Onliné,
Mibanda kendaraan nu geus teu di pimilik deui, komo nepika mang taun-taun ka cek deui ku pihak Samsat.
     Dina hal ieu mah, kepemilikan kendaraan nalika diuruskeun dina ganti kaléng, tangtu data nu mibanda leuwih ti hiji kendaraan ka cek status ngaran pemilikna.



     Sok sanajan barangna teu dipimilik deui ku jinisna. Malah mandar pihak Samsat ngecek jeung nanyakeun status éta kendaraan. Mun seug di jual kudu aya pernyataan ti jinisna. Pon kitu deui ditanya kepemilikkanana, bener henteuuna éta kendaraan atas nama jinisna. Atawa geus diblokir statusna.
     Ku kituna pasualan diluhur ngeunaan kepemilikan kendaraan kalebet surat-suratna kaalamaan ku sim kuring dina uras-urus surat-surat kendaraan.
     Pihak Samsat nanyakeun tumali kepemilikan kendaraan leuwih ti hiji. Kaleresan sim kuring kungsi mibanda dua kendaraan nu geus mang taun-taun di batur atawa dijual.



     Éta téh, ka cek deui datana. Saperti pihak Samsat, Bapa Ayi, Petugas Bagian Progresif nanyakeun patali nu saperti kitu.
     Lain halna ceuk Gugun (39) Petugas Kendaraan Tidak Melakukan Daftar Ulang (KTMDU) atawa Petugas Pajak nu di tugaskeun dilapangan ku pihak Samsat Purwakarta di tiap désa atawa Kecamatan ngeceskeun ka Warta Sunda Onliné, Kemis, (19/12) di kantor Samsat Purwakarta.
     Inyana mah, peupeujeuhna sangkan ka pemilik kendaraan nu leuwih tihiji, upamana statusna dijual atawa leungit, leuwih hadé di Blokir, ngarah dina pembayaran leuwih ringan alias teu aya pembayaran biaya progresif.
     Sedengkeun pihak Samsat Purwakrta ngalewatan Pa Dandan atawa Pa Asol nu membidangi urusan kepemilikan lebih dari satu, ngabeberkeun ungkara diluhur éta. Ku kituna uar pangajakna sangkan nu  mibanda leuwih ti hiji, poma kendraanana tos teu aya atanapi icak, saénggalna diblokir. Lantaran unggal taunna biaya kepemilikannana teras berjalan.
     "Sok sanajan kendaraanna ical bohna teu kapimilik (di jual) biaya progresif berjalan. Tapi upamina mah di blokir," pokna Dandan.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Blokir Kendaraan Leuwih ti Hiji. Mun seug Kendaraan Geus Dijual / Leungit"

Posting Komentar