WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén.

HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén.  PLÉRÉD - Grup Majalah Warta Sunda, - Ping 14 Ag...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Neundeun Batu Cikal Bangunan SDN 1 Malangnengah Pihak PT. WIKA Nargetkeun 6 Bulan Bérés




“Pangwangunan KCIC nu diembarkeun ku pamaréntah pusat nu ngahubungkeun antara kareta api ti Jakarta nepi ka Bandung, tangtu aya pangaruhna keur SDN 1 Malangnengah. Lantaran malang di tengah-tengah saperti halna di Désa Malangnengah Kacamatan Sukatani. Pihak pamaréntah pusat nu ngawacanakeun ti taun 2017 nepika 2019 Ahir ieu téh, kakara aya kasapukan diwangun.”

ANTO S
  
TI saprak aya béja Kereta Api Cepat ka Désa Malangnengah sabaraha taun katukang, orang tua murid di SDN-SMPN Satap Terpadu 1 Malangnengah Désa Malangnengah Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta geus bayeungyang. Munasabah. Mun KIC jadi dijieun, sakola bakal kasabet proyek nasional.
Pangwangunan gedong SDN 1 Malangnengah, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta, diluas tanah 4.000 m2 mimiti dikerjakeun, poé Juma’ah (29/11).
Lain ukur kitu, malah bangunan sakolana bakal karuag keur proyek kereta api cepat nu salila ieu diembareun keur kapentingan nagara. Asép Somantri (Ketua Bamusdés) ogé Kepala TK/SD – SMP Negeri Satap Terpadu 1 Malangnengah ngawakilan ratusan warga di éta lembur. Inyana sababaraha kali adu rényom jeung pihak stakéholdér ahirna geus aya kasapukan yén bangunan sakolana rék dirélokasi ka tempat nu lain. Asalkan tempat nu anyarna ngajaga kuantitas jeung kualitas bangunan alias weweg tong saperti nu eunggeus-eungeus. Kitu kamelangna urang Malangnengah.
Peupeujeuhna husus ka pihak perusahaan kulantaran sakola gawat darurat permasalahan sakola SD dibeulah kulon geus teu memungkinkeun deui kajaba teu kondusifna Kegiatan Belajar Mengajar (KBM) alatan ayana alat berat disabudeureun sakola ti hareup jeung ti tukangeun sakola, keur mah titik kulminasina. Ku kituna miharep percepatan pangwangunan sakola nu anyar, entong nepi ka ngabaikeun kana kuantitas jeung kualitas wewegna bangunan éta sakola. Poma ayeuna nepi ka kejar tayang pangwangunan sakola.
Tina kasapukan antara PT. WIKA dina ngawangun sakola yén tiap kelas diplot tenaga ahli pikeun ngebut ngawangun éta sakola. Anapon kitu ceuk Asép Somantri, “di tingkat kecamatan mah sakolana bakal pang anggrengna tur nu refresentatif diwangun ku pamaréntah.
Dina biantarana perwakilan Dinas Pendidikan, Ikhwan Firdaus, S.T., Kasie Pengadaan Aset Sekolah Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta nyebutkeun yén TK/SD – SMP Negeri Satap Terpadu 1 Malangnengah ngarupakeun hiji sakola nu malang ditengah-tengah dina pangwangunan kereta api cepat nu ngahubungkeun antara Jakarta ka Bandung.
Dina hal ieu mah, tangtu perjuangan pamaréntah daérah katut pamaréntah pusat nu cukup lumayan lila nyaéta ti mimiti taun 2017 ka tukang tug dugika 2019 parantos kasapukan. Malah mandar pangwangunana ayeuna diwangun diluas lahan hasil tina pembebasan tanah warga 8.000 métér persegi. Tapi ayeuna mah ngan 4.000 m2 diwangun kalayan pengerjaanna ku pihak PT. WIKA nu ngalibetkeun 100 pagawé ahli kana pangwangunanana.
Sedengkeung ceuk Novial Yudiakorna, Deputi Projek Manager di PT. WIKA pihakna ngan saukur penanggung jawab pembangunan wungkul. Adapun terkait anggaran, hanya PT. KCIC nu leuwih apal.
“Diperkirakan butuh waktu 6 bulan keur penggerjaan bangunan sakola ieu. Nya kirang langkung aya 100 pagawé, pon kitu deui kalebet swadaya masarakat, nepika ayeuna ti dinas can aya anggaran,” pokna Novial.
Lain halna ceuk perwakilan orang tua siswa, Ny. Uun (65) warga Kp./Désa Malangnengah saprak narima ibar sakolana keuna imbas tina lintasan proyek kereta cepat, nu penting barudak tong kaganggu ayana pangwangunan relokasi sakola.
Ceuk Ketua Komite TK/SD – SMP Negeri Satap Terpadu 1 Malangnengah, Ading Suningrat, ka Galura ngabenerkeun yén pangwangunan sakola saluas 4.000 m2 hasil tina pembebasan sababara urang warga nu kisaran harga tanahna kurang leuwih Rp. 3.000.000 per métér.
Malahan ayana isu yén warga nolak pangwanguna éta sakola, kulantaran ti taun 2017 nu katukang can aya kapastian ti pihak PT. KCIC tina pembebasan lahan. “Nya, wajar masarakat nolak pangwangunan. Tapi nepika ahir 2019 ieu geus aya kasapukan ti pihak stakéholder bisa ngawujud,” pokna.
“Nu penting warga atikan tong nepika teu sarakola gara-gara relokasi sakola nu heubeul ka sakola tempat anyar, sok sanajan ayeuna keur diwangun kana 6 bulanna.” Pokna Ading.
Ading nambahkeun, “Hayu urang kawal saréréa tina pangwangunan ieu sakola sangkan sakola weweg luyu sareng harepan urang saréréa.”
Pjs. Kepala Désa Malangnengah, Endang Sumarna, pihakna salaku pribumi ngahaturkeun rewu-rewu nuhuna tina karancagéan jeung gawé barengna tina peralihan sakola Sdka tempat nu keur diwangunna. Yén tempat didieu ieu téh strategis, tur kapayuna sakola langkung mekar. Pon kitu deui jalan désa nu sakitu buktina, engkéna jalan dioméan,”

Pihak Sakola Nitipkeun 56 Muridna ka SMPN 3 Sukatani
Kepala TK/SD – SMP Negeri Satap Terpadu 1 Malangnengah, Asép Somantri ngajelaskeun ka Galura sangkan KBM berjalan. Pihakna nitipkeun 56 urang siswa-siswi SMPN Satap Terpadu di SMPN 3 Sukatani sangkan barudakna jarongjong dialajar teu kaganggu ayana pangwanunan relokasi sakola.
“Mun teu dipernah-pernah, tangtu kaganggu komo bulan Desember 2019 ieu, barudak moal bisa asup kana DAPODIK. Jadi sagancangna barudak dititipkeun ka SMPN 3 Sukatani ngarah sagancangna asup kana DAPODIK,” pokna.
Sedengkeun murid nu TK mah dialajar di Balé Désa Malangnengah nu lokasi sakolana nukangan wangunan sakola nu heubeul.
“Ngan, siswa nu SD mah tina jumlah 167 urang, guru 11 urang, 13 ruang, ayeuna nungguan ngeusian relokasi bangunan sakola nu anyar,” ceuk Asép.
H. Yayan Ruyani, ngabenerkeun nu dicaritakeun ku Asép Somantri. Lantaran sim kuring nalika ngajabat di éta sakola, yén kondisina jiga ungkara nu dilaluhur.
“Samalah sim kuring ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka pihak nu trkait nu milu merjuangkeun sakola nu keuna imbas jalur kereta api cepat jalur Jakarta – Bandung. Mugia para siswa-siswina nu ayeuna nyanghareupan Ujian Smester Akhir dialajar sakumaha mistina,” pokna H. Yayan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Neundeun Batu Cikal Bangunan SDN 1 Malangnengah Pihak PT. WIKA Nargetkeun 6 Bulan Bérés"

Posting Komentar