Hasil Donasi Pagawé BKPSDM Nambal jeung Ngecét “TROTAOR” Jalan
Mitembeyan kerja bhakti poé Juma’ah ieu mah di puseurkeun di trotoar jalan sapanjang Rumah Sakit Umum Daérah Bayu Asih.*
“Nitenan trotoar jalan di Kota Purwakarta, hampir 45 persen ruksak. Kajaba kondisina
teu matak keberpihakan ka para pegguna jalan kaki.”
U
|
ngkara éta jadi
perhatian nu serieus ti pihak Badan Kepegawaian dan Pengembangan
Sumber Daya Manusia (BKPSDM) Kabupatén Purwakarta. Malah mandar
nepika rék diagendakeun unggal minggu tiap poé juma’ah gawé bareng pikeun ngayakeun
kerja bhakti.
Ku kituna dina
unggal poé Juma’ah, puluhan pagawé dilingkungan Pemkab Purwakarta, hususna
pagawé BKPSDM babarengan
singkil dina meresihan jeung ngecet katut nambalan trotoar jalan keur
ngabagéakeun para pengguna jalan kaki. Pihak BKPSDM kumalasepa ku kondisi trotoar jalan sapanjang Kota
Purwakarta. Kitu ceuk Kepala Kepala BKPSDM Kabupatén Purwakarta, H Asép Supriatna ka Warta Sunda Onliné di lokasi
Rumah Sakit Bayu Asih, poé Juma’ah jam 09.00 (13/12).
Mitembeyan kerja
bhakti poé Juma’ah ieu mah di puseurkeun di trotoar jalan sapanjang Rumah Sakit
Umum Daérah Bayu Asih, lantaran trotoar éta minangka nu sering dilewata ku para
pengguna jalan nu ngaradon ngubaran ka sakit.
Dina hal ieu mah,
ku karancagéan para pagawéna rereongan nyumbang sabagéan rejekina keur meuli
matrial saperti paping blok, pasir, semen katut cet jeung sapuratia keur
ngoméan trotoar jalan antara di sepanjang Jalan Veteran, persisnya dari
pertigaan Patung Egrang hingga Kantor Kecamatan Purwakarta.
“Malah nu
ngerjakeunana ogé para pagawéna dibantosan ku pihak kecamatan jeung lurah
sa-Kecamatan Purwakarta. Saperti nu ngecet, bebersih trotoar, nambalan tur
ngoméan trotoar nu barolong,” pokna Pa H. Asép.
Inyana ogé
nambahkeu, yén ku kagiatan éta téh ngembalikeun deui fungsi trotoar keur para
penngguna jalan kaki. Pihakna dina unggal poé Juma’ah rék memeres jiga kagiatan
nu saperti kitu.
Lain halna ceuk
Imas (39) warga setempat ku ningali kakompakan pihak OPD sareng Kecamatan, hamo
dina ngabébérés trotoar jalan, saé pisan. Keur mah sim kuring mun badé ka RSUD
Bayu Asih ti bumi mapah. “Nya ngagunakeun trotoar jalan, kari-kari ayeuna
disaéan, kacida bungahna,” pokna.***
0 Response to "Hasil Donasi Pagawé BKPSDM Nambal jeung Ngecét “TROTAOR” Jalan"
Posting Komentar