Seni Toléat, Niupkeun Napas Pasawahan jeung Pahumaan
SABENGBATAN mah sora koléarna kawas tarompét kendang penca. Tapi lebah puruluk, pacok, jeung léotan, rada béda. Panasaran dilelekan ti deukeutna, horéng nu ditiup ku Asép Nurbudi téh jirimna kawas suling, ngan wangunna katut jumlah liang sarta cara néngképna rada géséh. Tétéla lain suling, tapi toléat. Toéat mibanda liang sora tujuh, larasna saléndro.
Toléat anu hirup di Tatar Subang mimiti pada nabeuh sanggeus Mang Parman seniman ti Pamanukan némbongkeun kabinangkitan dihareupeun inohong seni Kabupatén Subang. Ceuk Mang Parman toléat téh hasil tina mekarkeun empét-empétan nu dijieuna tina jarami atawa tangkal paré, sok ditiup ku budak angon. Saterusna ku Mang Parman diulik jadi waditra nu bentukna kawas suling tapi ngéarna sora kawas tarompét.
Éta waditra diulik deui ku Asép Nurbudi seniman ngora Subang lulusan SMKI Bandung, sarta dieuyeuban ku ketug pakakas paragi ngala manuk, buyung paragi wadah béas, kolotok nu sok dikongkoyangkeun dina beuheung munding, calung renténg, cérélék, jeung nyiru.
Lalaguan nu dipidangkeunana nyoko kana lagu-lagu gembyung jeung ketuk tilu gaya kaléran, kayaning: Kidung, Siuh, Awi Ngarambat, Éngko, Rincik Manik, jeung Waru Doyong. Ngan lebah pola gending karasa muncunghulkeun warna anu anyar. Lebah napasna waditra nu ditabeuh ku Asép Nurbudi, Yadi, Désta, Endi jeung Nanan angger napas pahumaan jeung pasawahan. Kitu deui lebah dangdanan teu leupas ti wanda budak angon.
Asép Nurbudi nu geus minamda grup Toléater anu markasna di komplék perumahan RSS Sidodadi Ciheuleut Subang, nambahan wanda jeung warna anyar boh dina wangun garap waditra boh dina masieup lagu. Seni toléat keur diancokeun jadi ikon seni Subang, di sagédéngeun seni tardug, genjring ronyok, dogér, bajidoran jeung sisingaan.*** (http://jabariber.com)
0 Response to "Seni Toléat, Niupkeun Napas Pasawahan jeung Pahumaan"
Posting Komentar