WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Aparat Désa Sakambang Miharep Layanan Internet Di Lemburna Langkung Daria

Pemkab Purwakarta, sababaraha taun katukang geus ngaluncurkeun program ‘Désa Cerdas’. Dina programna éta, tiap désa didorong pikeun nyaluyukeun kana percepatan téknologi komunikasi masa ayeuna.
Sedengkeun upaya ti pihak pamaréntah, nyaéta ku cara nyadiakeun pusat internét di satiap wilayah padésaan nu sumebar di 17 kecamatan nu aya di wilayahna. Nurutkeun data nu aya, nepika ayeuna geus aya 42 désa nu mibanda pusat jaringan internet.
Kepala Dinas Komunikasi dan Informatika (Diskominfo) Kabupaten Purwakarta, Ida Siti Hamidah sajauh ieu pihakna narékahan ngarojong supaya wilayah padésaan bisa janten wilayah berbasis téknologi jeung informasi.
Nanging keur pihak Désa Sakambang mah, kiwari sarana internét na téh ngajugrug, kulantaran ku lemahna jaringan di wewengkonna mangaruhan kana unjuk kerja perangat internét. Saméméhna mah aya bantosan hususna jaringan teu tepat sasaran. Poma dilembur Sakambang mah jaringa anu saé mah iwal XL, nu sanésna mah kirang saé. Kitu ditetelakeun ku Didin Aparat Pemerrintah Désa Sakambang nalika didongdon ku Galura, ping 6 Nopember 2019.
Ku kituna miharep ka pihak staké holdér sangkan dipersiapkeun jaringan internét anu luyu sareng kondisi lemburna.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Aparat Désa Sakambang Miharep Layanan Internet Di Lemburna Langkung Daria"

Posting Komentar