Carita Nyambung : # Adi Pulung # Bagéan Ka-3.
#CaritaNyambung_#AdiPulung#_BagéanKa-3_Ku:RatnaNing#
Bari jeung kitu, da angger
kuring tèh butuh sosok nu mikanyaah kuring, nu bisa diajak keur batur hirup
saujratna. Kuring sok curhat ka Geri. Malah Geri sok nganteur kuring mun seug
janjian jeung kekenalan lalaki.
###
"Geeerr...Tètèh gering.
Panas tiris jaba ka jamban wae. Mules Ger!" Kuring nampa telepon Geri. Asa
ku kabeneran, geus dua poè muriang jeung mèncrèt. Awak leuleus. Sapopoe ukur
bulak balik ka jamban jeung ngagolèr di kasur.
"Euleuh...antosan. Geri
kadinya. Tètèh geus mèsèr obat acan?"
"Acan!!"
Teu kungsi lila Geri datang.
Angkaribung deuih. Mawa babaturanna saurang. Pajar keur saksi, bisi aya nu
ngagerebeg.
"Geri rèk ngèndong. Rèk
nungguan tètèh!" Datang tèh tuluy nyampeurkeun, nyabak tarang kuring.
"Ambeu...panasna Tèh. Sok
geura leueut obatna. Obat muriang. Mèncrètna mah teu kudu diubaran. Da eta mah
bakat tina panas. Dipijit wè ku Gèri!!" Kituna tèh manèhna ngawadahan
bubur. Disendokan. Kuring dihuapan. Rada èra. Tapi Geri ngagebès.
Tuluy mecèhan obat, song cai.
Meuni tulatèn. Kuring dititah ngagolèr deui. Nurut wè da awak leules kacida.
Geri sideku gigireun kuring.
Leungeunna mencètan tarang. Leungeun. Suku jeung ramo ramona. Dipemcètan
dirancetan lalaunan. Awak rada niisan. Reup peureum. Sarè tèh ngahaja ngampar
kasur di tengah imah.
Tengah peuting nyaring. Kèsang
jibreg. Beuteung karasa musial. Leuheung ayeuna mah ka jamban rada langla.
Ngarèrèt ka gigir. Geri sarè kawas ngaringkukan kuring. Irungna ampir ngambung
embun embunan bakat ku raket.
Awak nguniang. Turun tina
kasur. Geri hudang.
"Teteh rèk ka jamban?
Kuat teu? Ku Geri dianteur hayu!" Kuring gideug. Tapi Geri nuturkeun.
Nyangkèh. Ngajega deukeut panto sumur. Nungguan.
"Tètèh aya nu dipikiran?
Hampura, lila Geri teu nganjang. Geri keur ngurus ngurus lamaran. Hayang gawè
deui. Kumaha kabogoh tètèh tèh?" Manehna nanya bari ngasongkeun roti jeung
cai.
Kuring tungkul. Inget ka
Jaenal, kabogoh anyar nu orowodol. Ngaku duda manahorèng tèh boga pamajikan.
Nyeri hatè diteror na telepon, disebut pelakor ku pamajikannana. Padahal mah
kuring teu apal. Nyerina tèh hatè kuring geus boga rasa nyaah jeung neundeun
harepan gedè.
"Teu balèg Ger. Si Jaenal
nipu. Nyeri hatè tètèh tèh. Kunaon ditipuan waè ku lalaki tèh..." sora
kuring dareuda. Puguh meureun gering ge bakat ku wales mikiran cinta.
"Pan ceuk Geri gè kadè
sing taliti. Lalaki ayeuna mah loba nu modus" cenah bari nyingraykeun buuk
nu ngaronom kanu panon.
"Geri gè pan lalaki. Sok
modus meureun nya ka awèwè..."
Hanca
1 Response to "Carita Nyambung : # Adi Pulung # Bagéan Ka-3."
Carita nyambung:#Adi Oulung# Bagian Ka-4 na teu aya ? Kumaha supados tiasa langganan nampi wartosna ?
Posting Komentar