WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén.

HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén.  PLÉRÉD - Grup Majalah Warta Sunda, - Ping 14 Ag...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

UPTD SDN Sakambang Resik, Matak Betah





S
akola nu dihandapeun suku Gunung Burangrang jeung diwatés antara Désa Sakambang jeung Nagrog, minangka sakola nu resik dihieup ku tatangkalan jeung sawah sabudeureun lembur, kajaba sakola buruan tukangna deukeut jeung pajaratan (kuburan). Tapi keur guru nu ngatik jeung ngadidik katut siswana na nu dialajar henteu matak keueung.
Sakola nu harita mah disebut sakola induk téh, nepika kiwari kaayaanna tetep asri tur éndah can terkontaminasi ku kebul pabrik. Dina kaayaan éta sakola, nu posisina panto gerbang jeung panto tukang nu diapit ku dua bangunan nepika ayeuna angger weweg. Kitu ceuk guru Senior, Damin SDN Sakambang – Wanayasa – Purwakarta basa tepung lawung jeung Galura sawatara waktu katukang.
Lain halna ceuk Kepala SDN Sakambang, Euis Latifah, S.Pd nu mupuhuan ti 14 Pebruari 2019, Iyana ngarasa reueus ku resikna sakola tur éndahna sabudeureun lembur Sakambang nu pinuh ku tangkal cengkeh. Ieu minangka lembur nu ngahasilkeun cengkeh anu cukup lumayan.
“Keur mah nu jadi carogé geus mang taun-taun ngabandar cengkeh nepika kiwari. Salah sahijina dilembur Sakambang ieu sok mindeng dikirim hasil patani cengkeh ka bumina. Kari-kari ayeuna mupuhuan di éta sakola, nya atuh matak betah,” pokna ibu Kasek. 
Jumlah siswa 110 urangna téh, sanajan dilembur ogé teu éléh jeung nu di kota. Para siswana ngajalankeun program sakola nu sakumaha mistinana, saperti halna unggal isuk saacan arasup kakelas mulungan runtah, poma nepika milah-milah runtah organik jeung anorganik luyu sareng embaran ti pamaréntah sangkan ngurangan runtah palastik.
Sedengkeun para siswana parantos kenging préstasi Olahraga Tradisional (Galah Asin), Anyaman, Kaligrafi jeung MIFA. Éta téh hasil gemlengan 8 urang juru atik. *** (Anto Sukanto)
Keterangan poto :
1 - Perwakilan siswa nu kenging préstasi dipoto bareng guru sinareng kepala SDN Sakambang.*
2. Kepala SDN Sakambang, Euis Latifah, S.Pd


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "UPTD SDN Sakambang Resik, Matak Betah"

Posting Komentar