WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén.

HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén.  PLÉRÉD - Grup Majalah Warta Sunda, - Ping 14 Ag...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MGMP Basa Sunda Gawé Bareng Magelarkeun Drama Sunda jeung Sanggar Sukmasarakan

“Si Kabayan Jadi Dukun”
Minangka Udagan Drama Sunda ti pihak MGMP Basa Sunda jeung Sanggar Sukmasarakan.

Apresiasi Drama Sunda nu jejerna "Si Kabayan Jadi Dukun" di Gedong Kahuripan Situ Wanayasa (10/12), hasil gawe bareng antara MGMP Basa Sunda Kabupaten Purwakarta sareng Sanggar Sukmasarakan.*

Dina raraga Aprésiasi Pangajaran Basa & Sastra Sunda sinareng tarékah ngaronjatkeun ajén atikan pangajaran basa Sunda rukun gawé sareng Sanggar Sukmasarakan jeung Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Basa Sunda Kabupatén Purwakarta ngayakeun kagiatan “Pagelaran Aprésiasi Drama Sunda” pikeun nangkis mahabuna budaya android/gadget di lingkungan pelajar.

Kukituna warga atikan hususna parapelajar ieu téh diwanohkeun kana kagiatan Pagelaran Aprésiasi Drama Sunda nu eusi materina ngeunaan seni Drama Sunda mintonkeun judul “Si Kabayan Jadi Dukun durasi 40 menit.

Pintonan Drama Sunda Sanggar Sukmasarakan.*

Malihan dipiharep ieu kagiatan téh ayana aprésiasi siswa pikeun dialajar di luar kelas.  Pon kitu deui mikawanoh langsung kana materi kurikulum pangajaran basa Sunda hususna materi drama  Sunda. 

Pintonan Drama Sunda Sanggar Sukmasarakan.*

Ieu pintonan drama jadi média pangajaran nu kalintang efektif pikeun nganteur paham siswa kana seluk-beluk materi pangajaran drama Sunda.

Lantaran kagiatan nu saperti itu téh aya patalina jeung Mata Pelajaran Basa Sunda, saperti halna materi Pagelaran Aprésiasi Drama Sunda éta téh ngawengku pintonan seni Gending Karesmén, Monolog jeung Longsér nu hampir tumpur di kalangan warga masarakat. Kitu ditetelakeun ku Pupuhu MGMP Basa Sunda Kabupatén Purwakarta, Achmad Sopian Effendi, M.Pd ka Warta Sunda Onliné (09/12) di Gédong Kahuripan Situ Wanayasa nalika Gladi Bersih Pagelaran Apresiasi Drama Sunda gawé bareng MGMP Basa Sunda sareng Sanggar Sukmasarakan.

Pupuhu MGMP Basa Sunda Kabupatén Purwakarta, Achmad Sopian Effendi, M.Pd.*

Kajaba ti itu, pihakna gawé bareng jeung Sanggar Sukmasarakan, ngawanohkeun barudak kana ieu kagaitan. Acara nu saperti kitu lumangsung ti ping 10 Nopember - 12 Nopember 2019. Tilu dinten dipiharep apresiasi barudak nepikana 10.000 urang.



Ngan taun ayeuna mah, pagelaranana dibagi tilu tempat saperti pembukaan poé Salasa (10/12) di Gédong Kahuripan Situ Wanayasa. Poéan ka dua Rebo (11/12) di Sport Center Purnawarman, Purwakarta, sarta poéan katilu di Gédong Korwil Kecamatan Sukatani.



Malah numutkeun Pupuhu Sanggar Sukmasarakan, Kang Ayi Kurnia Iskandar kagiatan Pagelaran Aprésiasi Drama Sunda, basa ditepungan dilokasi acara nyebutkeun yén karancagéan sareng MGMP Basa Sunda Kabupatén Purwakarta mah, menyambut baik kana ieu kagiatan téh.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku WSO yén para pamaén Pagelaran Aprésiasi Drama Sunda téh, para nonoman nu pakasabannana buruh ngangkut batu di Ciheulang Kiarapedes Purwakarta sarta buruh tani nu mikaresep kana seni Drama Sunda.
Ku kituna para pamaén téh diarahkeun ku Kang Ayi Kurnia Iskandar, keur mah aranjeuna gaduh basic sok maraén calung. “Jadi gampang ngarahkeunana.” Kitu ceuk Ayi.


Saperti halna Yoga (20) peran Silah, sedengkeun Salih nu di perankeun ku Dian (20). Ari nu jadi iteung na mah Aminah (48) ibu rumah tangga pakasaban buruh tani. Kalih ti éta, para pamaénna ngaranggo kedok. Tangtu teu samanéa nganggo kedok téh. Tujuanana mah para pamaén ngarah teu ripuh nga-maké-up, kulantaran dina pintonan durasi 40 menit téh guntas-gentos pemaén. Kajaba sadinten éta mah mintonkeunnana tilu kali. Poma deui di dua tempat nu séjénna kitu.***





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MGMP Basa Sunda Gawé Bareng Magelarkeun Drama Sunda jeung Sanggar Sukmasarakan"

Posting Komentar