WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PANAUR CÉDA (Karya: Hendi Ahmad Sarip)



N
ajan lain ka anak pituin, Pa Adang nya’aheun pisan ka Wida. Éstu teu siga ka anak sampeuran da puguh dirorok ti TK kénéh basa mihukum indungna. Kitu deui Wida, tara kagok ogo, najan geus kuliah seméster lima.
"Cik atuh Enéng, sakitu geus boga kabogoh, mani tara ragab léléndéan?" ceuk Bu Adah ka anakna.
"Wios wé nya, Yah?" pairan Wida bari anteng ngoprék HP, ‘chat’-an jeung beubeureuhna.
"Rék iraha cenah, kolot Si Aa nepungan Ayah?" talék Pa Adang daria. Kalawan pinuh ku kanyaah, leungeunna teu eureun ngusapan buuk Wida. Mungguh nyaah nu lain pupulasan, tapi nyaah nu saenyana.
"Duka atuh, Yah! Teu acan nyarios-nyarios perkawis éta. Mung saurna téh, Enéng teu kedah cangcaya."
Nyarita kituna téh, Wida nguniang laju ngadayagdag. Ambekanana lir diatur sangkan teu katémbong keur ngemu katugenah.

"Pédah wé, bobogohan méh sataun. Da kolot mah gedé kahariwang, Jenéng!" témpas Pa Adang bari tonggoy ngiloan Majalah Sunda Midang, kameumeutna.
Taya deui nu mairan. Masing-masing anteng dina pipikiranana sewang-séwangan. Di luar girimis ngepris. Ukur sora jangkrik maturan peuting nu maju ka wanci sareureuh kolot. Kalan-kalan sora motor kadéngé ti kajauhan. Peuting beuki jempling basa Pa Adang jeung Bu Adah ngampih ka enggonna. Kitu deui Wida, najan teu laju nyangkéré gé, manéhna anteng kénéh kana hapé.
“Yang, Ayah naroskeun, iraha Ayang badé ka dieu?” WA-na ka Rudi, beubeureuhna.
“Tos waktosna mah, Aa pasti dongkap,” ceuk beubeureuhna nu kabaca tina HP.
“Ayang tos uih ka bumi, teu acan?” talék Wida ngemu kahariwang. Hariwang Rudi ngulayaban laju kabéngbat ku wanoja nu lian.
“Teu acan, Yang. Aa nuju nongkrong kénéh sareng réréncangan.”
Kolébat, dina implengan Wida, basa manéhna diajak kémping taun-baruan ka Gunung Manglayang ku Rudi. Teu tinggaleun babaturanana duaan, bari marawa bébénéna sewang-séwangan. Alesan ka kolot mah aya acara jeung babaturan di Himpunan Mahasiswa Jurusan, méh bisa diijinan.
Bangun nu geus meunang babadamian, mawa ténda gé tilu, diadegkeun pahareup-hareup rada anggang, ngurilingan durukan pikeun nyinglar tirisna hawa pagunungan. Saniskara kadaharan nu geus ditataharkeun ti anggalna, mayak hareupeun. Sedeng ari diuk mah marisah duaan-duaan, pagéyé-géyé reujeung papacanganana sewang-séwangan.
Sapeupeuting ngarobrol gogonjakan bari ngariung durukan. Leungeun Rudi teu leupas tina taktak manéhna. Sakapeung ngusapan sirah, sakapeung kana tonggongna.
“Supados teu tiris teuing,” cenah basa Wida ngadilak ogo.
Teu karasa, peuting geus méh tepi ka punclutna. Mimitina, Wida mugen diajak asup ka ténda bari ukur jeung Rudi, teu reujeung awéwé deui. Enya ogé bobogohan, tapi manéhna sadar, can waktuna bisa saré bareng paduduaan. Tapi awahing ku dikeukeuhan mah, bari nu lianna geus ngarampih, antukna léah nuturkeun.
"Ku naon budak téh, Mah? Ti ayah mulang, ngaringkeb waé di kamar," talék Pa Adang ka pamajikanana basa balik ti masjid tutas solat isa.
"Puguh dicalukan tatadi gé embung ka luar. Hariwang, Mamah mah!" angluh Bu Adah bari panonna neuteup kosong kana tipi. “Jaba ti balik kuliah gé teu katempo dadaharan.”
“Aya naon, nya?” ceuk Pa Adang deui laju diuk gigireun pamajikanana. Gap, kana roko. Diseungeut, diseuseup jero, laju haseupna ditiupkeun satakerna bangun nu hayang miceun katugenah ‘na dadana. “Teu cacarita pisan ka Mamah?”
“Puguh heunteu, Yah. Matak Mamah hariwang gé.”
“Calukkan deui, atuh! Béjakeun Ayah aya perlu, kituh!” ceuk Pa Adang satutas ngaregot kopi sésa magrib pikeun ngahaseuman bahamna.
Can gé Bu Adah cengkat, kulutrak panto kamar Wida muka. Atra panonna beueus siga nu tas ceurik salila-lila. Pa Adang jeung Bu Adah ceuleuheuk, hareugeueun.
"Ayah jahat!" Wida nyentak ka bapana. Panonna neuteup seukeut némbongkeun kaceuceub.
“Aya naon, ari Enéng? Ujug-ujug nyentak ka Ayah,” témpas Pa Adang bari ngekesek kuntung roko kana asbak. Di sagigireunana, Bu Adah ngembang kadu, teu ngarti kana naon anu keur kajadian.
“Ayah nu salila ieu dihurmat, geuningan lalaki jahat!” gantawang Wida. Leungeun kénca tipepereket nyepeng hapé, sedeng leungeun katuhu tutunjuk ka bapana. Kudupruk, bari ceurik gagauran.
“Aya naon Enéng?” ceuk Bu Adah bari rawah-riwih nyampeurkeun, ngarangkul ka anakna.
“Mamah tos dibohongan ku pameget baragajul!” ceuk Wida satengah nyentak. “Dangukeun ku Mamah!” Laju maca WA dina HP, satakerna. "Manéh inget kénéh ka Irma? Aing anakna. Anak haram Sia! Dina beuteung Wida ayeuna aya anak Aing, keur males katunggara indung, gara-gara kalakuan Sia."
Lenggerek, Bu Adah kapiuhan.
Sapeupeuting taya deui nu nyarita. Di kamarna, Wida teu eureun ngageunggeuik nyerieun haté, teu nyangka jalma nu dipikacintana geuningan ukur méré geugeuleuh bari jeung ukur naur céda bapana. Sedeng Bu Adah, satutasna sadar deui téh ukur ngalelempréh teu walakaya di enggonna. Baluas kénéh tur teu tumarima kana naon anu karandapan ku anakna.
Di rohangan tengah, Pa Adang teu puguh laku. Gedig, muru kamar anak-téréna. Leungeunna geus ngodomang kana gagang panto, teu kebat. Kapikireun, inggis leuwih ngahudang amarah Wida ka manéhna. Léos, rék nempo pamajikanana. Rengkog. Antukna diuk deui. Rumahuh bari nyenyepeng sirah. Mun kongang mah hayang ngagorowok demi mudalakeun katugenah nu minuhan dadana.
Pa Adang ngarasa samagaha. Wida ayeuna keur kakandungan ku jalma nu naur tunggara ka manéhna. Gap, kana roko. Diseungeut, laju diseuseup jero malar bangbaluh nu nyangkaruk dina dadana karérab tur ngahiang taya tapakna. Leng, ingetanana ngumbara ka mangsa baheula, waktu kalarung nu hamo bisa dibalikan deui. Nongtoréng kénéh panundung kolot Irma, bébéné nu geus ngaraga dua.
"Nyingkah, siah! Teu sudi, aing kudu boga minantu sangsara kawas Sia!" bapa Irma nundung waktu sasadu. Panonna molotot, huntuna kekerot bari curukna tibentik-bentik ngusir.
“Hapunten, sadaya-daya. Mung kumaha, Irma ayeuna nuju …..” omonganana teu kebat, kaburu narima pangrogala lanceuk Irma nu nyehcer kana beungeutna. Teu cukup ku sakitu, beuteung katut sukuna gé teu kaliwat nandangan panghanca. Berebey, getih kentel ngaley tina sela-sela biwirna.
“Akang….!” jerit Irma teu wasa ningali manéhna ngajurahroh di handapeun téras imah. Beungeut barengep ditambah baju rangsak tapak panggunasika. Orokaya teu bisa kebat pikeun nulungan lantaran kaburu direjengan ku indung katut lanceukna.
"Mantog, siah!” ceuk lanceuk Irma bari jekuk, suku nenggel deui kana kekemplongna.
“Wani némbongan deui, pulisi urusanana!" bapa Irma ngageuweung kerah. "Isuk jaganing géto, dagoan wawalesna!"
Peuting nyedek ka janari, roko gé geus teu nyésa sabatang-batang acan. Ti kamar Wida kadéngé kénéh sésa inghak nu teuing iraha répéhna. Sabot kitu, kulutrak panto kamar muka. Bu Adah kaluar, nyampeurkeun. Paromanna buringhas, beungeut geuneuk lir beusi atah beuleum.
"Naon kasalahan Si Enéng, nepi ka kudu narima panghina gara-gara sia?" Bu Adah ngadalak. Panonna bangun nu hurung kaduruk amarah teu kabendung. “Mun nyaho ti baheula, teu sudi kudu dipihukum. Nulungan anjing kadémpet, siah!”
Pa Adang teu ngajawab. Ngeluk tungkul binarung rahuh nu beuki beurat. Puguh rumasa kana kasalahan sorangan. Ngan lain maksud ngabobodo atawa embung cacarita ti anggalna, ngan gedé kainggis ku bisi, rémpan ku kahariwang nu ayeuna jadi kanyataan. Jung, cengkat. Maksudna rék ka cai, wudu. Susuganan bisa meper pagaliwotana rarasaan ‘na dadana.
“Cicing, siah! Aing rék ngomong heula,” sentak Bu Adah mugagkeun léngkah salakina dibarung ku ambekan nu ngahégak, bareng jeung kaluarna Wida ti kamar.
Pa Adang ngalieuk. Gura-giru muru laju ngarangkul ka anakna bari ceurik ngageunggeuik.
"Hampura Ayah! Hampura Ayah!" nyegruk, ngagukguk, teu éra ku kalalakianana. "Ayah teu nyangka pikieueun."
Nu dirangkul cicing ngabatu, lir teuasna haté manéhna mangsa ayeuna.
"Tong ngadeukeutan anak aing! Geus cukup panghina ti manéh, jalma teu nyaho mulang tarima!"
Bu Adah lir nu kasurupan. Popolotot, tèténjrag totondén wera nu teu kawadahan. Laju nongtak leungeun anakna sangkan leupas tina rangkulan salakina.
"Hampura Ayah…!"
Ukur éta nu bisa diengabkeun ku Pa Adang. Panonna neuteup keudeu ka Wida nu ukur mencrong teu cacarita.
"Nyingkah ti gogobrog Aing!" Bu Adah ngabentikeun curukna.
*****
"Kudu dibéréskeun hiji-hiji, kaya kieu mah," gerendeng Pa Adang basa lumampah, mapay laratan Irma pikeun mupus céda baheula. Rék ménta hampura.
Bray, bray, kajadian nu geus lila narémbongan deui. Irma ngaraga dua ku kalakuanana bari teu bisa tanggung jawab alatan teu diridoan ku kolotna. Malah Pa Adang narima panundung bari diancam sagala. Bray deui, ingetan mangsa dipulung mantu ku nu boga pausahaan tempat gawéna, didahupkeun ka Bu Adah, indung Wida nu harita karak TK. Kolébat, kajadian basa Wida direuneuhan kabogohna, anak hasil hubungan manéhna jeung Irma anu cenah, mayar katunggara indung pédah ditinggalkeun baheula.
Lain pagawéan gampang maluruh padumukan awéwé nu kungsi dipuhit kacintana. Ti mimiti néangan dina fésbuk nepi ka tatanya ka babaturanana baheula, dilakonan ku Pa Adang. Awakna carepel ku késang alatan sapoé jeput teu kakeunaan cai ditambah beuteung anu kukurubukan ménta eusi. Teu dipaliré. Léngkahna pengkuh seja maluruh laratan jalma nu pernah ngeusian haténa mangsa bihari. Dina pikiranana, manéhna kudu naur céda nu natrat dina kahirupan manéhna ayeuna.
Imah kolot Irma jadi jugjugan. Naon waé nu bakal karandapan, manéhna moal mundur sasiku, ngejat satunjang béas pikeun tamba katugenahna. Barang srog, imah nu baheula kénéh. Béh kéncaeunana aya tangkal buah katut tangkal balingbing nu nampeu ka jalan. Kiduleunana aya kénéh balong jeung pancuranana. Kacipta, di pancuran éta manéhna wakca misuka ka Irma. Malah di pancuran éta pisan, manéhna katohyan ku adina Irma basa keur ngobrol paduduaan, anu antukna dilaporkeun ka kolotna.
Imah karasa tiiseun. Témbok katut térasna belewuk bangun nu geus lila tara aya nu miara. Pa Adang uluk salam katut keketrok salila-lila. Tapi jempling, teu aya nu ngajawab. Koréléng ka lebah pangkéng, simpé. Laju ka dapur, angger suwung. Antukna Pa Adang diuk cinutrung di sisi balong handapeun tangkal jambu aér, ngararasakeun tiisna hawa. Untungna teu lila. Aya awéwé tengah tuwuh datang rék milu gégéroh di pancuran. Nya ti manéhna meunang béja, cenah, nu boga imah geus teu araya dikieuna. Anak-anakna geus barumén-bumén kabéh. Kitu deui Irma, bubuara di kota nu teu pati anggang ti dinya.
“Hawatos pisan. Ngahaja nyingkurkeun anjeun ku margi kakandungan teu aya carogéna,” cenah bari tonggoy ngagosokan bujur katél ku tapas kalapa nu dilebuan.
*****
Di téras imah basajan, awéwé tengah tuwuh diuk nyorangan 'na korsi roda. Sorot panon kosong, najan katempo keur anteng neuteup kana kembang nu laligar di buruan. Manéhna reuwaseun basa teu kanyahoan ti anggalna, Pa Adang nubruk, nyuuh kana sukuna.
“Irma, hampura Akang! Hampura, Akang kakara nepungan!”
Barang Bu Irma sidikeun, dadana ngagedur diwuwuh rasa teu tarima. Balieur, miceun beunget ka jauhna. Mun téa mah bisa, tinangtu geus ngejetkeun suku nu keur dicepengan ku Pa Adang. Ngan orokaya geus lumpuh ti basa ngajurukeun anak hasil tina hubungan jeung lalaki nu ayeuna keur nyuuh ‘na sukuna.
"Rék naon ka dieu?" teu kanyahoan ti mana jolna, saurang pamuda geus ngajega satukangeunana. Jekuk, jekuk, tungtung sapatu kana kekemplongna.
"Irma, naha teu dibéjakeun kajadian urang nu sabenerna baheula? Pan lain Akang teu tanggung jawab, tapi hubungan urang nu teu disatujuan ku kulawarga anjeun.”
Najan bari ngaheunggeu nahan kanyeri, Pa Adang maksakeun nguniang bari nganaha-naha.
Bu Irma teu ngajawab, angger miceun beungeut. Ébréh tina kongkolakna aya keyembeng nu laju nyarakclakan kana lahunanana.
“Kasép, omat kawin Wida! Sangkan teu aya deui anak nu katalangsara,” omong Pa Adang bari satékah polah nahan kanyeri dina warugana.
Atra, awak Bu Irma ngarénjag basa ngadéngé omongan Pa Adang bieu. Rét, ka anakna.
“Bener, éta téh?” talékna bari mencrong seukeut, satengah teu percaya.
Rudi teu ngajawab. Ngan ayeuna mah paromanna katangén robah, teu katémbong teuing nyemu amarah. Luk, tumungkul.
“Rumaos, Bu!” pokna, laju nyuuh kana lahunan indungna.
Kacipta ku Bu Irma, kumaha tunggarana basa keur kakandungan ditinggalkeun ku bapa utun inji alatan panundung kolotna. Lara wirang téh lain dikieuna. Ampir-ampiran mungkas hirup, lamun mah harita teu kaburu katohyan ku kolotna. Tinangtu moal jauh ti kitu, nu bakal karandapan ku anak Pa Adang ti awéwé nu lian. Rahuh!
Tapi kapikir ogé ku manéhna, lain salah anakna-anakna teuing kitu peta; hayang mulangkeun kanyeri indung.
“Kudu dipungkas! Sangkan teu nimbulkeun deui pasualan nu leuwih panjang,” ceuk gerentesna. Rét, ka Pa Adang nu keur nyagsaya kana tihang. “Ari Akang naha bet taya deui nepungan?” pokna dumareda.
“Sabenerna, isukna ti kajadian harita, Akang kungsi boga maksud nepungan najan bari jeung rerencepan peuting-peuting gé. Ngan katohyan ku lanceuk anjeun nu keur begadang jeung balad-baladna. Untung teu dirogahala deui da kaburu ngejat,” omong Pa Adang tutas merenahkeun diukna sangkan teu nyangsaya teuing. “Méh saban peuting, Akang ngintip-ngintip sugan meunang lolongkrang. Orokaya, imah anjeun tara suwung pisan. Antukna mah pondok pangharepan. Nya ingkah ka kota nu ayeuna jadi tempat padumukan, sasat ditulungan ku pimitohaeun, pédah karunyaeun nempo Akang nu geus badis galandangan.”
“Ah, nu kadéngé ku kuring mah lain kitu!” témpas Rudi teugeug bari nguniang tina lahunan indungna. Najan henteu ari nepi ka nangtung mah; andiprek bari mencrong seukeut ka Pa Adang.
“Sabenerna, naon anu ditepikeun ku aki jeung uwa hidep téh lolobana mah teu bener. Da nu puguhna mah Ibu téh teu disatujuan boga salaki ka jalma sangsara. Ngan Ibu teu nyarita téh awahing asa diteunteuingan ku kahirupan,” Bu Irma nyarita tatag tutas ngalelerkeun heula ambekanana.
“Pami kitu mah Bapa teu lepat-lepat teuing!” pok Rudi dareuda.
“Hidep geus gedé, nyaho kana temahwadi. Ngan paménta; wayahna, Kasép! Tong aya deui budak nu sanasib jeung hidep!” omong Pa Adang bari neuteup ka anakna.
“Hapunten abdi, Bapa!”

Langit lénglang. Angin ngahiliwir nebak kana sakur nu kaliliwatanana. Kitu deui ka jalma tiluan nu neruskeun padungdengan di téras imah.***


Subscribe to receive free email updates: