WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta Tilu calon anggota anu dikirim nyaéta Aik Hakiki, Rafael Cristian ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Warta Pustaka Sunda : #NenetLalajoResitalTari_ISBI_AK Kintunan : Aos Kuswandi


Kintunan : Aos Kuswandi

PUSTAKA SUNDA – WARTA SUNDA ONLINÉ,
K
utamandiri, Tanjungsari 13/07/2019. Meunang iber ti tangéh kénéh ti Kang Ade Daryana yén aya Resital/Ujian Akhir Mahasiwa calon Sarjana Seni di Institut Seni Budaya Indonesia Bandung (ISBI). Nyaanan bungah pisan meunang ieu béja. Sugan jeung sugan wé bisa ngahadiran dina waktuna. Nu jadi pasualan, apanan deuk nganteur sabondoroyot ka Yogya jeung sabudeureunna, éta nganteur daftar ulang si Jalu deuk nyukcruk élmu di Paguron Luhur. Nya sakalian ulin ngablu. Pelesir nu deudeukeutan meungpeung boga waktu cuti.
Apektéh mulang poé Rebo. Alhamdulillah, jadi boga waktu pikeun istirahat di Imah. Poe Kemis meunang iber ti koléga yén kudu datang ka UNIKOM poé Jumaah, aya badamikeuneun pikeun acara Asosiasi di Jember bulan Agustus. Atuh mobok manggih gorowong, jadi bisa ngahadiran pangulem ti kang Ade.


Bérés acara di UNIKOM Ba'da shalat jumaahan langsung wéh ngabrét ka ISBI. Alhamdulillah bisa lalajo kamonesan tari karya mahasiswa jurusan seni tari.
Pas asup ka Gedong Sunan Ambu réngsé shalat ashar. Rada elat, éta kudu muka heula laptop, Aya Imel nu kudu dibuka jeung kudu dibales bari ngirin file nu aya di laptop. Atuh asup ka gedong kabeurangan. Panti geus deuk ditutup. Tapi Alhamdulillah masih tiasa asup ku panata calaga disumanggakeun, pédah kabagéan korsi nu di tukang. Ah teu nanaon nu penting mah bisa lalajo tari.
Mendeko, serieus lalajo. Nu mimiti mah tari keur nyambut tatami, alah ngaran tarina poho. Tapi ieu tari mangrupakeun tari anu alon, andalemi tur Endah. Saur nu biantara mAh disebatkeun yén Tari éta Aya diwewengkkn Rancaekek kabaheulanakeun.
Dualas menit sajian tari Kahiji. Lampu ngemoray deui. Nowél kang Ade Daryana, ngobrol sakeudeung ngeunaan tari nu karek tampil. Teu patos lami katenger Aya ngalangkung kang Suhendi Afryanto anu kaleresan ngahadiran . Ngobrol sakolepat, margi anjeuna nuju sibuk badé mayunan akreditasi institusi.
Nyong Sora panata calaga, sajian tari kadua diawitan . Nu ieu mah tari doger kontrak. Meni 'atraktif', E
endah. Ieu tari ngagambarkeun tari anu biasa dipintonkeun di perkebunan teh mangsa jajahan Walanda. Salajengna pintonan nu Katilu Tari Arayana, ngagambarkeun pamuda gagah nu seja makalangan. Dina sajian anu katilu mah pun uing diajak ka payun ku kang Ade nepangan Ibu Rektor ISBI. Alhamdulillah. Ngobrol uplek. Meni someah darehdeh. Mung hanjakal lalajo tari téh teu dugi ka wéngi, Margi pun uing aya hanca nu séjén.
Kitu kalakon lalajo di tari Dina raraga Resital ISBI. Hatur nuhun ka pupuhu ISBI anu parantos ngangken pun uing.
Dinten Saptu oge Ahad , 13-14 Juli ieu masih aya resital keneh. Sumangga ka wargi sadaya anu seja ngaluuhan. Cag.***

Subscribe to receive free email updates: