WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KANDAGA BUDAYA SUNDA, WARTA ATIKAN TI BUNGURSARI : Ki Léngsér di SDN Bungursari Mapag Papisah Kelas 6


Ki Léngsér di SDN Bungursari
Mapag Papisah Kelas 6

LÉNGSÉR
Yasana : Budi Rahayu Tamsyah

Léngsér téh tokoh carita pantun, karya sastra pituin Sunda anu geus aya ti Jaman Pajajaran. Sakapeung, nu teu apal posisina mah sok nyebut Si Léngsér baé; dipiheulaan ku "si", sakumaha umumna ka tokoh bodor.
Léngsér téh lain tokoh samanéa. Ku urang karaton prah disebut Paman Léngsér, ari rahayat sok loba nu ngabasakeun "ua", Ua Léngsér. Sakapeung didéskripsikeun batara, Batara Léngsér. Jelema kadéwan, cohagna mah jelema satengah déwa anu keur ngawula ka wayahna, ngaping ngajaring rundayan Pajajaran. Sakaligus jadi gagang antara pamingpin jeung rahayatna, diwujudkeun ku cara anu basajan: purah nabeuh bendé jeung diutuh-étah.
Ahir taun 1960-an tokoh Léngsér diasupkeun kana bagian upacara adat Sunda, alpukahna Wahyu Wibisana (alm.). Luyu jeung "tupoksi"-na ditempatkeun purah mapag sémah. Minangka panghormat ka nu datang, dipapagkeun ku nu dipikolot, ku déwa kamanusan anu keur ngawula ka wayahna, ku nu diajénan ku saréréa. Nepi ka dinya taya masalah. Alus wé nu aya jadi ngeuyeub-ngeuyeub budaya Sunda, anu teu méngpar tina ajén-inajén kasundaan sakumaha anu kauni dina carita pantun.
Kakara aya masalah sabada loba raéhan anu sakapeung mah jauh tangéh tina konsép ajén-inajén budaya Sunda. Naon baé raéhan nu kitu téh? Urang pedar dina tulisan sabada ieu.


U
NGKARA di luhur éta téh, minangka keur SDN Bungursari Désa/Kecamatan Bungursari Kabupatén Purwakarta, para peserta didikna diwanohkeun kana seni Sunda tur hasil didikanana dipintonkeun dina acara Paturay Tineung Kelas 6 jeung Kenaikan Kelas 1-5 SDN Bungursari Taun Ajaran 2018/2019 dipayuneun kolotna sewang-sewangan.
Malah mandar disakolana, ku ayana waditra seni Sunda saperti jengloong, saron, kenong, goong, kendang, suling jeung nu lainna milik sakola tibatan nambru. Ayeuna dimangpaatkeun keur ngamumulé seni Sunda. Kajaba kitu diwanohkeun ka peserta didik kana waditra, lain saukur diajar teori na wungkul tapi ningali bungkeuleukkanana komo nepika narabeuh waditrana mah leuwih mika cinta kana seni budaya Sunda.
Dina hal ieu mah, para peserta didik hususna siswa Kelas 6 salila sabulan mah dilatih ku pelatih, lalatihan pikeun mapag kaul samen dina acara Paturay Tineung Kelas 6 jeung Kenaikan Kelas 1-5 SDN Bungursari Taun Ajaran 2018/2019.
Salahsaurang peserta didik éta, wastana cép Abdullah mintonkeun salaku “Léngsér” dina runtuyan acara Upacara Adat mapag siswa-siswi kelas 6 nu rék dipasrahkeun ku kepala sekola ka kolotna sewang-sewangan. Lantaran geus waktuna pihak sakola masrahkeun  deui ka kolotna. Kitu ceuk H. Ahyar, S.Ag (Kepala SDN Bungursari) ka Galura poé Senen (24/6) di sakolana.
Lain deui ceuk cép Abdullah wungkul nu dilibatkeun kana acara samenan téh, ti kelas 3 nepi ka kelas 6 ogé ngiring aub dina acara nu saperti kitu.
Sedengkeun disakola ayana waditra ieu téh, hampir lima taun geus bulukan pinuh ku lamat lancah, nya sim kuring jeung guru-guru ngamangpaatkeun waditra éta ku cara ngondang pelatih nu husus pikeun ngalatih barudak ti kelas 3 nepi ka kelas 5 keur mapag samenan. Nya kitu dina waktuna mah, Alhamdulillah tiasa dipintonkeun ka para sepuh murid nepika para peserta didikna nu milu aub tiasa némbongkeun unjuk kabisana sewang-sewangan. Saperi halna ayana pintonan Ki Léngsér, Calung Bobodoran, Jaipongan, Angklung jeung nu sajabina,” pokna H. Ahyar.
Dina kasempetan éta, wawakil peserta didik Cép Abdullah basa ditaros ku Galura tanpa isinan ngajelaskeun yén dipilihna abdi salaku Ki Léngsér téh kapercantenan Pa Usép guruna sareng Pa Kasek. Latihan dua minggu salaku léngsér.
  Masih ceuk Abdullah (calon masantrén di Kampung Dangdeur), rék ninggalkeun sakola nu tempat nyiar élmu salila genep taun, sedh pisan lantaran sok mindeng kakeuheul ka guru-guru kulantaran baong disakola. Tapi basa rék papisah, abdi dipiwarang ngiringan acara Paturay Tineung Kelas 6 jeung Kenaikan Kelas 1-5 SDN Bungursari mintonkeun salaku “Léngsér”. Abdi ngarasa isin bilih teu tiasa. Kulantaran Pa Jujun ngalatih nepika dina waktuna tiasa. Pokna Cép Abdullah nu kolotna kuli bangunan di Jakarta.
Lain halna ceuk Jujun (Pupuhu Sanggar Seni Purwa Dharmaloke Cikopo) salaku pembina seni di SDN Bungursari, inyana jeung saparakanca ngalatih barudak ti enol, tangtu rada sesah. Tapi ningali sumanget barudak haroyong tiasa, nya tiasa dilakonan ngalatih téh. Ti mimiti siswa nu resep kana waditra, penari katut Ki Léngsér, tiasa lalatihan. Sok sanajan latihan ngan ukur dua minggu digeder, nya dina waktuna minton tariasa sakumaha mistina,” pokna Jujun.
“Ngalatih Upacara Adat nu langkung bangga, nya pihakna ngulem ti sanggar keur milu aub dina pintonan upacara adat.” Pokna.
“Keur mah Kepala Sakolana resep kana seni, ieu jadi mawa sumanget sim kuring sareng rengrengnganana ngalatih barudak SDN Bungusari,” pokna Jujun.
Ceuk Ketua Komité SDN Bungursari, Sudaryono, ngarasa reueus ku ayana saniskara pintonan atawa Pentas Kréasi Seni disakolana saperti ayana pintonan Drum Band, Upacara Adat, Jaipongan, Calung jeung pintonan nu lain. Kalih ti éta, acara nu samodél kieu téh ku para orang tua siswa dianti-anti. Kari-kari ayeuna acara rongkah. Malahan béh dituna mah mun acara samenan téh nepika dua poé dua peuting. Lir ibarat jiga nu hajat. Ku kituna mudah-mudah acara samenan ieu taun payun leuwih rame deui tur nyeni.*** Anto S  

Subscribe to receive free email updates: