BREAKING NEWS : Lahan Kosong H. Ahmad Dilalap Si Jago Merah
Dilalap Si Jago Merah
SUKATANI
– Warta Sunda Onliné,
P
|

"Bener
aya kahuruan di lahan kosong, nalika datang ka lokasi,”pookna Tatang Rachmat
Kasubag TU UPTD Poswil 1 Plered Damkar Purwakarta.
Tatang ngajelaskeun
ka Warta Sunda Onliné, kuayana laporan ihwal kahuruan ngaliwatan via selullerna,
pihakna sigap mawa pasukan katut mobil Pemadam Kebakaran (Damkar) Poswil 1
Plered ka Tempat Kejadian Perkara (TKP). Nilik tina laporan salahsaurang warga
Kampung Cilalawi RT.0/03 Desa Cianting Utara Kecamatan Sukatani, Kabupaten
Purwakarta. Kahuruan éta, pasualana akibat nu miceun kuntung roko sangeunahna. Nu
ngabalukarkeun sahektar lahan kosong dilalap si jago merah.
Ditempat
lokasi, Anto (47) warga di éta wewengkon ngeceskeun kajadian kahuruan, “Sim
kuring mulang ti Purwakarta rék kaimah, teu nyangka seueneu nu tadina hurungna
leutik téh, ngabebela jadi gedé. Antukna jukut-jukut nu gararing téh kalentab
seuneu, nu ahirna lakan kosong nu legana kirang langkung sahektar téh, lahanna
kahuruan.”
“Ningali
seuneu nu ngabebela éta, sim kuring laporan ka UPTD Poswil 1 Plered Damkar
Purwakarta. Lantaran dihawatirkeun seuneu éta mapay ka unggal imah warga,” kitu
ceuk Anto.
Lain halna
ceuk Oyoh (43) nu langsung laporan ka UPTD Poswil 1 Plered Damkar Purwakarta. Bari
jeung hawatir kulantaran imahna hampir karerab seuneu nu ngabebela. Inyana
reugreug ku pelayanan Damkar Purwakarta nu hususna UPTD Poswil 1 Plered. Langsung
sigap narima laporan ti warga. Ku kitun, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka
pihak UPTD Poswil 1 Plered Damkar Purwakarta nu parantos mareuman kahuruan
diwewengkonna.***
0 Response to "BREAKING NEWS : Lahan Kosong H. Ahmad Dilalap Si Jago Merah"
Posting Komentar