WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI BANDUNG : Dinsos Prov. Jabar Ngagelar Saniskara Kagiatan Keur "Lansia"

Dinsos Prov. Jabar
Ngagelar Saniskara Kagiatan Keur "Lansia"
BANDUNG – Warta Sunda Onliné,
D
INAS Sosial Provinsi Jawa Barat poé Rebo, (10/7), ngalumangsungkeun acara puncak Miéling LANSIA Tingkat Nasional nu dibuka langsung ku Kementrian Sosial nu eusi témana ngeunaan “LANSIA MANDIRI, SEJAHTERA BERMARTABAT”. Kagiatan nu saperti kitu téh dina raraga Hari Lanjut Usia Nasional (HLUN) atawa Hari Lansia ka-23 nu tempatna di Monumen Perjuangan di Jl. Dipatiukur Bandung, waktuna jam 09.00 WIB dugika rengse.
Hari lansia éta, ngarupakeun salahsahiji poé nu kalintang pentingna di Indonésia mah. Lantaran tiap tanggal 29 Mei minangka wujud kepedulian ka nu geus karolot (orang lanjut usia) dibagéakeun. Malah mandar nu kasebatna lansia téh umur antara 60 taun ka luhur. Luyu sareng Undang-Undang No. 13 Tahun 1998 ngeunaan Kesejahteraan Lanjut Usia.  Kitu ceuk Kepala Dinas Sosial Provinsi Jawa  Barat, Dr. H. Dodo Suhéndar, MM ka para tamu ondangan nu hadir.
Dina kasempetan éta ogé, Drs. Ipik Supena, MM salaku wawakil panatacalagara, yépihakna ngahaja ngawanohkeun ka paranonoman luyu sareng materi nu diseminarkeun nyaéta “PERAN KAUM MILENIAL DALAM LITERASI DAN KEMUDAHAN AKSES BAGI LANSIA”, “MENJAGA KESEHATAN LANSIA SUPAYA TETAP SEHAT DAN BUGAR”, “PERANAN MEDIA DALAM PROMOSI MENDUKUNG LANSIA KREATIF DAN PRODUKTIF”.
Sedengkeun tujuan seminar ieu téh, sangkan ajén-inajén sosial masarakat kudu ngahargaan para lanjut usia, sangkan tong nepi ka ngalalaworakeun para lansia. Justru lansia nu aya téh digampangkeun tina pelayanan-pelayanan akses keur dirina dina nyanghareupan jaman NOW atawa milinea. Malah mandar miharep yén kiprahna paranonoman langkung merhatikeun komo nepika ngabantu uras-urus administrasi keur karaharjaan para lansia.
Kajaba ti éta, para lansia téh pelaku sejarah nu parantos berjuang keur ngajaga NKRI saperti ayeuna urang sakur ngeusi kamerdikaan. Ku hal éta, lansia sangkan mandiri sejahtera tur bermartabat. Anapon kitu, mugia tiasa termotivasi jeung para individu, kulawarga, organisasi sosial masarakat katut dunya usaha dina upayana ngaronjatkeun karaharjaan para lansia keur ngembangkeun jiwa jeung sumanget kebersamaan menuju lanjut usia Indonésia Sejahtera 2025.
Kagiatan nu saperti kitu téh lumangsung ti tanggal 1 Juli dugika 10 Juli 2019. "Malah aya Bazzar Hasil Karya Lansia, Karnaval, sarta Bhakti Sosial ku mangrupa bagi-bagi paket kurang leuwih 5.500 paket keur para lansia. Pon kitu deui pintonan kasenian Sunda ti 27 kota/kabupatén." pokna Ipik Supena. 
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén nu jadi nara sumber dina seminar ieu téh ngawengku diantarana ti PT. Telkom Indonésia, RS. Hasan Sadikin Bandung sarta Redaks Harian Pikiran Rakyat. Sedengkeun para pamilon seminar éta téh ti Generasi Muda (SMA, PTN), Mitra Kerja (LKS, KOMDA, PENGAMAT LANSIA), LANJUT USIA, DINAS/INSTANSI TERKAIT, BUMN, BUMD DAN DUNIA USAHA, INSAN PERS.
Direncanakeun yén urang nomer “I” Nasional Présiden Jokowi Bakal Hadir dina acara nuu saperti kitu nyaéta “LANSIA MANDIRI, SEJAHTERA BERMARTABAT”. malihan nu hadir téh, ti Kementrian Sosial jeung  rengrengan . Malah Pa Gubernur (Ridwan Kamil) ogé hadir. 
Pihak-pihak nu milu aub nyukseskeun kagiatan éta téh salah sahijina Taruna Siaga Bencana (TAGANA) H. Muhammad Nur, ti mimiti gladi bersih nepika beberes acara ti urusan dapur jeung nu lainna.
Di lokasi acara éta ogé redaksi ngawawancara paralansia, diantarana Aw Angkat (66), inyana ngarasa reueus kuayana acara nu saperti kitu téh. Lain  halna ceuk Sarfiah (87) ka WSO, yén dirina kungsi juara fasion LANSIA 2018. 
Dua lansia éta ceuk Kepala Panti Asuhan "LANSIA WISMA J SOENARI NASUTION", R. Gumadi Natabrata (85), ngabenerkeun yén dua lansia éta téh salaku clien di wismana. Malah mandar wisma na nampung 24 urang lansia.*** Anto/Suhanda.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI BANDUNG : Dinsos Prov. Jabar Ngagelar Saniskara Kagiatan Keur "Lansia""

Posting Komentar