PIEUNTEUNGEUN PILPRÉS (1) - KASUS BUKALAPAK - Ku : Dadan Sutisna
PIEUNTEUNGEUN PILPRÉS (1) - KASUS BUKALAPAK
------
------
Ku : Dadan
Sutisna
R
|
éa pieunteungeunana mun ngabandungan rupaning pacéngkadan
pulitik dina médsos téh. Dina médsos, nya, da sapopoé mah asa teu
rungsing-rungsing teuing hirup téh. Nu indit gawé, nu ngabebenah buruan, nu
ngasuh budak, nu daragang, sabiharina waé. Disebut pieunteungeun wéh, da apan
papaséaan mah lain turutaneun.

Pilihan, bisa jadi,
didadasaran ku sajarah dina sirah jeung haté unggal jalma, tur ku nu séjén mah
can tangtu kahartieun. Sajarah nu tuluy namper jadi pangalaman jeung kagilig
nangtukeun pilihanana. Kaasup milih pikeun haré-haré, teu pipilueun sahéng. Da
nu matak hoghag mah apan lain sual pilihanana, tapi hasrat pikeun mangaruhan
sirah batur. Cindekna mah, kahayang (mun teu disebut maksa gé) sangkan nu lian
sapikiran jeung maranéhna. Nu dicaritakeun di dieu mah sikep masarakat
umumna—balaréa nu can tangtu ujug-ujug beunghar atawa robah kahirupanana mun
pilihanana unggul. Da ari tim suksés, calég, nu boga kapentingan, nu meunang
bati, geus pasti lantaran kungsi (atawa ngarep-ngarep) kakécrétan, jadi wajar
najan nepi ka tutumpuran.
NGEUNTEUNG KA BUKALAPAK
Lantaran sabagian urang médsos mah babari kasundut, hiji cuitan dina Twitter
bisa matak geunjleung sapeuting jeput. Malah nepi ka bieu, perang tagar nu pro
jeung kontra téh can anggeus-anggeus. Nya pamustunganana teu béda ti hog-hagna
dua kubu téa.
Tamba kawaranan, urang jujut heula péréléanana:
1.
Achmad Zaky, CEO Bukalapak, nulis dina twitter.
Eusina nalék (nyebut omong kosong) kana kaayaan industri 4.0 di Indonésia,
lantaran budget R&D di nagara urang leutik pisan, aya dina réngking 43.
Zaky tuluy miharep “présidén baru” bisa ningkatkeun waragad R&D.
2.
Ku munculna kecap “présidén baru”, cék sabagian
warganét mah geus nyérémpét kana urusan pulitik. Kubu nu ngadukung pamaréntah
terus merekpek éta cuitan. Kahiji, Zaky dianggap salah nyokot data, da éta mah
cenah data taun 2013. Malah aya nu tuluy nyusud yén saenyana budget R&D
Indonésia téh leuwih ti kitu, di Asia gé réngking 8. Kadua, Zaky dianggap
“pipilueun” kana urusan pulitik. Katilu, sasatna mah Zaky téh dianggap poho ka
temah wadi lantaran saméméhna présidén hadir dina acara milangkala Bukalapak.
3.
Tapi teu kurang-kurang nu terus ngadukung
Bukalapak, nyebutkeun yén kubu itu mah baperan, Zaky boga hak nyarita, jsb. Ti
dinya dimimitian wéh perang tagar (#)uninstallbukalapak jeung
(#)dukungbukalapak. Sapeuting jeput jadi ‘trending topic’ dina Twitter, taya
reureuhna.
Simuing mah teu pipilueun
nyieun tagar, da tara aktif dina Twitter. Tapi teu burung panasaran, hayang
nyaho kumaha pamustunganana. Jadi peuting téh kawas nu euweuh gawé, hayoh wé
noongan rating aplikasi Bukapalak dina Playstore. Cék angkeuhan, ieu leuwih nyata
ti batan perang tagar, kumaha balukar hiji omongan kana perkara séjénna. Bet
asa lalajo quick count pemilu, rating éta aplikasi terus nyirorot, mimiti dina
angka 4.6 tuluy kana 4.5, turun deui ka 4.4, bieu isuk-isuk aya di angka 4.3,
naék deui saeutik, turun deui. Hartina, ‘branding’ ieu pausahaan turun dina
waktu memenitan. Nu untungna, nya sainganana.
Politisasi téh geuning
sakapeung mah gedé temahna. Angot dina usum baringsang kawas ayeuna. Kajadian
tadi peuting lir ngasongkeun eunteung: sagala rupana kudu dibeuweung-diutahkeun
heula sangkan ramo teu jadi matak.***
0 Response to "PIEUNTEUNGEUN PILPRÉS (1) - KASUS BUKALAPAK - Ku : Dadan Sutisna"
Posting Komentar