Gebyar Kakmpakan Sukatani Magelarkeun Lomba Kreatifitas Siswa
BULU
TANGKIS JEUNG KIDS ATLETIK
SUKATANI – Warta Sunda Onliné,
G
|
EBYAR kakompakan saniskara kagiatan di Sukatani, teu
leupas tina partisipasi staké holdér.
Dina hal ieu mah, pihak nu bisa ngahijikeun antara Kepala Sekolah, Guru, katut Anak
Didik tur Orang Tua Siswa kalebet pedagang téh. Iwal ti Ketua K3S Kecamatan. Luyu
sareng kapentingan sewang-sewangan. Ieu téh ku alpukahna pihak Kelompok Kerja
Kelapa Sekolah (K3S), Kelopok Kerja Guru (KKG) sareng pihak UPTD Pendidikan nu
gaduh wilayah teritorial di wewengkon kecamatan. Sok sanajan keberadaan UPTD
Pendidikan Kecamatan ngan ukur ngitung poéan deui
Ku kituna, di Kecamatan Sukatani
pihak panatacalagara kagiatan Gebyar Kréatifitas Siswa SD Sukatani magelarkeun saniskara kagiatan luyu sareng téma : Lomba Kréatifitas Siswa SD Sukatani. Para pamilon nu diilukeun téh ti 31 Sekolah
Dasar sa-Kecamatan Sukatani nu ngawengku saniskara kagiatan saperti basa acara
Pembukaan Kreatifitas
Siswa SD Sukatani nu langsung dibuka ku Kepala UPTD Pendidikan Kecamatan
Sukatani, Hasanudin, S.Pd, M.Pd.
Dina biantarana
Kepala UPTD Pendidikan Kecamatan
Sukatani, Hasanudin, S.Pd, M.Pd., negeskeun yén kagiatan nu saperti kitu téh,
inyana ngarasa reueus nepika bisa lumangsung. “Malah mandar dina sambutanna
ngabejerbéaskeun uar pangajakna ka para pamilon ngeunaan préstasi nu disangking
dina widang olahraga saperti contona dina Maén Bal, Yadi Mulyadi budak angon ti
lembur nu geus ka koncara nepika mancanagara ngaliwatan club sepak bola ASAD
313,” pokna.
Harepan Ka
UPTD, “Mugia barudak di Sukatani téh bisa ngukir préstasi tina sagala widang,
poma ayeuna nu dilombakeun téh hiji diantarana tiasa nyongcolang ka tingkat
Kabupatén, Provinsi tur tingkat Nasional, jungjung sportifitas dina lomba”.
Dina kasempetan
éta ogé, Ketua Panatacalaga Kagiatan Gebyar Kréatifitas Siswa SD Sukatani Drs.
Oos Kosasih basa diwawancaraan ku Warta Sunda Onliné,
negeskeun yén nu jadi target di Kecamatan Sukatani téh nargetkeun Bulu Tangkis
jeung Kids Atletik. Lantaran geus jadi langganan dina tiap kagiatan nu saperti
kitu téh. Malahan sataun deui ieu, widang olahraga Bulu Tangkis nu
ditargetkeun. “Pédah, budak nu préstasi dina Bulu Tangkis ieu masih aya kénéh
kasempetan keur tandang, taun payun mah geus ngalewatan umur,” pokna.
Sedengkeun
cabor Kids Atletik éta ogé, geus biasa langganan Sukatani sok jadi pinunjulna
waé. “Mudah-mudahan nu jadi target éta téh tiasa kahontal alias tinekanan,
nyuhun pidu’ana ka sakumna pamaos media onliné hususna Warta Suna Onliné,”
pona Pa Oos Kosasih.
Lain deui nu kasauran Wakil Ketua Panatacalaga
Kagiatan, Asép Saépudin, S.Pd nu harita macakeun lapiran panitia dipayuneun
pamilon tur tamu ondangan, yén saniskara kagiatan ieu téh lumangsung ti tanggal
8 Januari – 10 Januari 2019 kajeda waktosna diteraskeun tanggal 15 Januari 2019
nepika acara penutupan.
Sedengkeun
tempat lombana Pembukaan di Lapang SDN 4 Sukatani, SDN 1 Sukatani jeung Gor
PGRI/UPTD Pendidikan Sukatani. Lomb-lomba nu dilombakeun téh ngawengku
diantarana Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN), Olimpiadé Sains Nasional (OSN),
Olahraga Tradisional (OLTRAD), Festival dan Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N),
Festival dan Lomba Literasi Nasional (FL2N), membaCa menuLis & berhiTung
(Calistung), jeung Sirung Sunda Pinilih sarta Sapta Lomba
PAI satatar Kacamatan Sukatani.
Nurutkeun data yén
Gebyar Kréatifitas Siswa SD Sukatani
minangka taun ayeuna pang rohakana, lantaran lomba-lomba na nambihan deui
sapertos ayana Festival dan Lomba Literasi Nasional (FL2N). Pon itu deui
jumlah pamilon ti 31 SD, jumlah juri jeung wasit 116 urang. Acara dihadiran ti
Para Kepala Sekolah sa-tatar Sukatani, Pengawas tur Penilik sarta orang tuas
siswa.*** Anto Sukanto
0 Response to "Gebyar Kakmpakan Sukatani Magelarkeun Lomba Kreatifitas Siswa"
Posting Komentar