WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Galura, Édisi I Pebruari 2019 - Désa Cirangkong Désa Wisata Ziarah Euyeub ku Seni Ritual


Galura, Édisi I Pebruari 2019

Désa Cirangkong 
Désa Wisata Ziarah
Euyeub ku Seni Ritual

“Kabupatén Subang diwengku ku tilu wewengkon: gunung, tengah jeung basisir. Di unggal wewengkon mibanda poteni dina wisata jeung kasenian. Di Cijambé nyampak wisata religi nu kumplit jeung kulinér has, sarta kasenian tradisional nu pinuh ku ajén jeung ma’na.”

ANTO SUKANTO

T
empat wisata jiarah téh pernahna di Pasir Gedogan Kampung Cirangkong, Désa Cirangkong, Kacamatan Cijambé, Kabupatén Subang. Luhur ieu pasir, diukur ti jalan désa, ngahontal 300 métér. Pikeun ngajugjug ka ponclotna dijieun tangga tina témbok, jumlah tangga aya 99, teu kurang teu leuwih. “Jumlah 99 téh simbul Asmaul Husna,” ceuk Dudu, salahsahiji kuncénna.
Anu sumare di Pasir Gedogan téh ceuk masarakat di dinya ngaranna Eyang Surya Manggala. Ceuk sakaol Eyang Surya Manggala téh nu mimiti nyebarkeun agama Islam di wewengkon Cijambé ayeuna. Asalna ti Mataram nu ngahaja ka dinya pikeun ngawanohkeun jeung ngamatrikeun agama Islam, sabada Priangan jadi jajahan Mataram.
Anu matak ngadon jaroh ka Situ Sejarah Pasir Gedogan lolobana ti Pekalongan, Bekasi jeung Indramayu. Ti wewengkonna séjénna ogé réa. Jaroh ka pasaréan Eyang Surya Manggala teu meunang poé Kemis atawa malem Jumaah. Mun ditempat séjéna mah makam atawa tempat nu dikaramatkeun téh teu leuwih ramé malem Jumaah ari di dieu mah tiiseun.
Désa Wisata
Nilik pasaréan Eyang Surya Manggala loba dijarohan, pamaréntah Kabupatén Subang henteu cicingeun. Taun 2011, Tim Teknis Pariwisata ti pamaréntah pusat nu dipingpin ku Suhud Natamiharja, dijejeran ku Kadis Kebudayaan Pariwisata Pemuda dan Olahraga (Budpar Pora) Subang, Drs. Ading Suhérman jeung Kabid Pariwisata Drs. H. Agus Tias Amin ngadongdon ka Cirangkong.
Tina hasil paniténan, Désa Cirangkong payus dijadikeun Désa Wisata Ziarah. Masih dina taun 2011 pikeun ngabebenah Pasir Gedogan, Kementrian Pariwisata dan Kebudayaan, maké wadah program PNPM Pariwisata masrahkeun bantuan gédena Rp. 65 Juta, keur tilu séktor home industri, seni tradisional jeung situs makom Pasir Gedeogan.
Pikeun Situs Makom Pasir Gedogan tina Rp. 65 Juta meunang alokasi Rp. 25 Juta. Dina widang home industri nu meunang bantuan téhpaday, nu sok nyieunan peuyeum sampeu jeung ngolah kiripik sampeu. Panday jeung home industri nu ngolah sampeu jadi peuyeum jeung kiripik téh geus lila, hasilna diiang-iangeun ka tempat séjén.
Harita rengrengan nu milu aub dina naratas déa wisata téh di antarana Eddy Purwadi, Dacu Dahlan, Darsono, Uhwi pemandu wisata ziarah, Juhana, tokoh masarakat, Suratman jeung Ujang Ruhyana. Masarakat Désa Cirangkong ogé ngadeudeul jeung ngarojong sangkan désana jadi désa wisata ziarah, awas tempt wisata ziarah séjénna nu geus kakoncara.
Seni Tradisional
Dina widang seni, di Désa Cirangkong huirup tepi ka danget ieu seni benjang nu mibanda 30 (tilu puluh) lagu buhun nu wajib dimumulé seni Benjang éta téh seni buhun titingal karuhun nu kudu diwanohkeun ka para nonoman zaman milenia. Ceuk para ahli seni, Benjang téh kasenian nu luhung pisan ajénna, sarta kudu dimumulé jeung dimekarkeun.
Ieu kasenian tradisional masih kénéh minton diantrana dina unggal Hari Besar Nasional. Seni Benjang nu kaasup kasenian hélaran, mintonkeun dina arak-arakan, kawas bebegig Sukamantri Ciamis, ogé kungsi dipintonkeun waktu ngabagéakeun Dirjen Pariwisata Jakarta nu ngadongdon ka Désa Cirangkong sawatara taun katukang.
Seni Benjang di Cirangkong leuwih deukeut kana ritual pikeun ngahormat ka Nyi Pohaci (Dewi Sri) tandaning rasa sukur kana hasil panen. Saméméh magelarkeun acara éta para pamaén benjang sok ngayakeun heula solawatan, laju kana ritual. Malahan saacanna ogé nyiapkeun sagalarupa sasajén nu kawilang lengkep sarta ngandung ajén atawa ma’na mandiri.
Sasajén téh bubur bodas, bubur beureum, darah bodas, kopi amis, kopi pait, cai entéh, cai hérang anu ngalambangkeun arah mata angin ulon, kidul, kalér, wétanna, rurujakan, kembangan 7 (tujuh) rupa, nu nandakeun kana jumlah poé, bandrek, bajigur, cai kalapa héjo ngora jeung bakakak hayam. Tumpeng nu ngalambangkeun robahna paré, Nyi Pohaci, nu jadi sangu.
Sasajén kumplit jeung parupuyan, malah disadiakeun ogé roko jeung daun seureuh. Para pamaén awéwé jeung lalaki maraké minyak seungit sangkan nyareungitan lembur. Tarasi ogé dibawa pikeun nuduheun manusa téh kudu waranian (tara sieunan) sapanjang dina jalan bener jeung sapanjang pikeun nanjeurkeun bebeneran.
Sindén wajib ngahaleuangkeun 8 (dalapan) lagu Gobyog, Kembang Kidung, Enko, Lailahaillah, Buah Kawung, Kembang Beureum, Jelema Gaya, jeung songlet. Lagu tambahna Ssanggean, Lepek Kenjer, Tata Mandi jeung Buah Kawung. laguna téh dipaké mirig ibingan (tari-tarian) jeung tari nu lainna nu nyaruaan jeung kana gerakan beladiri.
Dina Seni Benjang nu jadi ciri di Cirangkong mah, aya aturan dina tiap pagelaran acara lalajo tong mulang saencan beres 8 lagu wajib nu dihaleuangkeun ku sindén. Nu lalajo mulang saacan 8 lagu anggeus, cenah bakal dituturkeun ku mahluk ghoib. Duka bener henteuna mah, ngan nu jelas unggal pagelaran benjang nu lalajo tara balik saméméh 8 lagu réngsé.
Kasenian séjénna, Seni Dogongan nu biasana dipirig lagu “Rincik Manaik” jeung “Ela-ela”, nu ngabalukarkeun gerak para pamaén silihsurungkeun antara dua lawan nu ngagunakeun halu, para pamaén tong nepi ka ngaleuwihan buleudan atawa arena. Anu ngaleuwihan buleudan, hartina kasoran sarta teu meunang maén deui, tapi arang nu kaluar ti arena lantaran lain pertandingan.

Tina seni dogongan naék jadi Seredan: para pamaén silihsedek jeung silihsurung tapi tanpa ngagunakeun alat. Ieu ogé teu meunang aluar tina buleudan. Malah Seni Seredan robahna jaman jadi gerak adu mundur, nu para pamaén silih nyepengan punduk sewang-sewangan. Anu dipentingkeunana gerakan nu harmonis nu sawirahma jeung musik katut lagu.
Teu Mencil
Ku ditetepkeun jadi désa wisata, Désa Cirangkong jadi henteu mencil deui. Désa Cirangkong jeung Kecamatan Cijambé kungsi disebut daérah nu kaisolir. Pajabat anu ditugaseun mancen tugas di ieu wewengkon dianggapna dipiceun. Atuda rék nyorang ka Cijambé  kudu nyorang leuweung geledegan kana 7 kilométérna. Jaman Bupati Subang dijabat ku Éép Hidayat, jalanna dihotmik.
Désa Cirangkong téh ngwengku 6 RW, 22 RT. Désa nu pangeusina aya kana 3.554 urang atawa 1.140 umpi, legana 841,75 héktar téh salasahiji désa di pakidulan Subang ti 8 (dalapan) désa nu aya di wilayah Kecamatan Cijambé, wewengkon ngembat salamping kalér ti mumunggang nepi ka tutugan. Bisa disebutkeun dipagunungan.
Ti puseur Kecamatan Cijambé dua kilométérna, ti Kota Subang kana 18 kilométér jeung ti Bandung kurang leuwih 60 kilométér. Diburuan Balé Désa Cirangkong ngajegir patung ganas, patung (ganas Simadu). Désa Cirangong téh kaasup désa nu mibanda poténsi lengkep; wisata ziarah, kulier, sarta lengkep jeung kasenian tradisional.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Galura, Édisi I Pebruari 2019 - Désa Cirangkong Désa Wisata Ziarah Euyeub ku Seni Ritual"

Posting Komentar