GALURA, NO 29 TAUN KA-44, EDISI II DESEMBER 2018
GALURA, NO 29 TAUN KA-44,
EDISI II DESEMBER 2018
Naskah Tambahan
DINA raraga Aprésiasi Pangajaran Basa
& Sastra Sunda sinareng tarékah ngaronjatkeun ajén atikan pangajaran basa
Sunda rukun gawé sareng Lembaga Bahasa & Sastra Sunda (LBSS) gawé
bareng jeung Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Basa Sunda Kabupatén
Purwakarta katut Klinik Bahasa (KiBa) ngayakeun kagiatan “Pagelaran Tilu Warna
Drama” pikeun nangkis mahabuna budaya android/gadget di lingkungan pelajar.
Kukituna warga atikan hususna parapelajar
ieu téh diwanohkeun kana kagiatan Pagelaran Tilu Warna Drama nu eusi materina
ngeunaan seni Gending Karesmén mintonkeun judul “Si Ujang jeung Doraémon”, Monolog
(Béntang Idola)jeung Longsér (Ronda Milenia).
Malihan dipiharep ieu kagiatan téh ayana
aprésiasi siswa pikeun dialajar di luar kelas. Pon kitu deui mikawanoh
langsung kana materi kurikulum pangajaran basa Sunda hususna materi drama Sunda.
Ieu pintonan drama jadi media pangajaran
nu kalintang efektif pikeun nganteur paham siswa kana seluk-beluk materi
pangajaran drama Sunda.
Lantaran kagiatan nu saperti itu téh aya
patalina jeung Mata Pelajaran Basa Sunda, saperti halna materi pagelaran tilu
warna drama éta téh ngawengku pintonan seni Gending Karesmén, Monolog jeung
Longsér nu hampir tumpur di kalangan warga masarakat. Kitu ditetelakeun ku
Pupuhu MGMP Basa Sunda Kabupatén Purwakarta, Achmad Sopian Effendi, M.Pd
ka Galura (4/12)
di Sport Center Purnawarman, Purwakarta.
Kajaba ti itu, pihakna gawé bareng jeung
LBBS, ngawanohkeun barudak kana ieu kagaitan. Acara nu saperti kitu lumangsung
ti kamari ping 4 Nopember - 5 Nopember 2018. Tina dua dinten dipiharep
apresiasi barudak nepikana 8000 urang.
Malah mandar Kiwari Gending Karesmén keur
di seminarkeun ku pihak Badan Bahasa di Kementrian Pendidikan Nasional dina
raraga ngamumulé budaya Sunda hususna seni tradisional nu hampir tumpur.
Malah numutkeun Manajer Produksi kagiatan
Pagelaran Tilu Warna Drama, Oesép Kurniadi, S.Sn bahasa ditepungan dilokasi
acara nyebutkeun yén Kabupatén Purwakarta mah, menyambut baik kana program LBSS
ieu téh. “Malihan hiji-hijina kabupatén nu milu aub dina ieu kagiatan,” pokna.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Galura yén
tina teknis para pelajar nu milu aub kana ieu kagitan téh legal (resmi). Pihak
MGMP Basa Sunda Kabupatén Purwakarta ngaluarkeun serat uleman kasakola
kanggo pangrojongna sakumaha rekomendasi ti Kepala Dinas
Pendidikan. ***
Warta lain ngeunaan
Gending Karesmén
Kampung Budaya “Bumi
Ageung”
Ceuk Taufik
Faturohman, kasangtukang yén di
Kampung Budaya “Bumi Ageung” Désa Pagersari, Kacamatan Pagerageung, Kabupatén
Tasikmalaya téh aya padépokan seni, anu garapanna ngaludang jeung miara
seni-seni tradisi, kaasup gending karesmén. Ari Gending Karesmén “Si Ujang
jeung Doraémon” mimiti diadegkeun taun1999, dipentaskeun dina pungkasan Dasa
Warsa Kebudayaan Jawa Barat, di Taman Budaya Bandung. Sabada magelaran di Taman
Budaya, ieu gending karesmén terus dirawat, pamaénna geus ngalaman 9 kali
ganti, anu ayeuna magelaran di Purwakarta téh Angkatan ka-10. Ari nu maénna mah
angger, siswa SDN 2 Pagerageung.
Sajaba di Purwakarta, ieu gending
karesmén kungsi magelaran di Graha Sindangréret Garut, Gedung kasenian
Rumentangsiang, SMKI Bandung, TVRI Jabar, jeung puncakna dina kagiatan Hari
Buku Nasional di Sabuga Bandung, anu dihadiran harita ku Présiden Mégawati. Ari
mimindengna mah magelaran di sabudeureun Kabupatén Tasikmalaya.
Dikaitkeun kana pangajaran hususna
Basa Sunda di SMP, aya materi ngeunaan drama. Gending Karesmén gé kaasup drama,
ngan dialogna ditembangkeun dina wangun pupuh. Upama aya nu tumanya, naha pupuh
nu ditembangkeun dina ieu gending karesmén béda lagamna jeung nu diajarkeun ku
Bapa/Ibu Guru di sakola, apan nu ditembangkeun dina ieu gending karesmén mah
pupuh dina lagam pagerageungan. Hidep gé tangtu kungi narima katerangan ti
Bapa/Ibu Guru di kelas, yén lagam tembang Sunda téh aya Cianjuran, Cigawiran,
jeung Pagerageungan.
Lian ti gending karesmén, aya
deui nu kaasup drama téh, nyaéta monolog jeung longsér. Tah éta wangun tilu
drama téh, nu aya dina pagelaran “Tilu Warna Drama”. Dipiharep dina pintonan
éta téh keur para siswa pikeun ngabeungharan tur sakaligus méré pangalaman
sastra ka hidep. Kajaba ti éta, para siswa dipiharep deui munculna rasa micinta
jeung mikanyaah kana seni tradisi. Malah alusna mah hidep gé kudu bisa
mentaskeun gending karesmén, jadi pamaénna.
Pupuhu LBSS
Lain deui nu kasauran Darpan,
Pupuhu LBSS, yén dina situasi sosial anu singsarwa global, ngahadirkeun
idéntitas lokal téh jadi penting. Lain baé keur ngimbangan ikon-ikon global nu
mahabu, tapi ogé keur ngélingan saréréa yén urang téh boga idéntitas sorangan.
Utamana mah balaréa kudu diélingan, yén anu ngaglobal téh saéstuna lokalitas nu
diabenkeun, diijénkeun, ditarungkeun. Lokalitas anu unggul, pasti bakal
ngaglobal. Sabalikna, lokalitas anu héngkér, bakal ka kubur moal deui kacatur.
Sangkan idéntitas lokal urang ogé diambeuan ku batur, nya kudu wani tandang
sarta padungdung tarung. Kitu mungguh hukum kahirupan nu kiwari keur
lumangsung.
Ngahadirkeun lokalitas dina
situasi global téh antarana baé ku cara ngahadirkeun produk budaya sorangan.
Hadirna “Pagelaran Tilu Warna Drama” bakal jadi tarékah keur maksud di luhur.
Turug-turug ieu pagelaran téh boga warna mandiri, ngadumansikeun nu global
jeung nu lokal. Monolog disandingkeun jeung longsér, atawa Si Ujang
disandingkeun jeung Doraémon. Sageuy mun teu pada ngabagéakeun téh.
Istilah monolog téh kaitung anyar
di lingungan urang Sunda mah. Tapi, ari kabiasaanana mah geus nyampak ti
baheula. Juru dongéng di radio, atawa gaya nepikeun carita sakumaha anu
dibaladah ku Jamar Média, apan enas-enasna mah méh sarimbag jeung ‘monolog’ nu
kiwari réa dipagelarkeun minangka wangun seni kontémporér.
Monolog téh bagian tina pintonan
drama. Sacara harpiah, monolog téh dihartikeun cara aktor nepikeun kereteg
haténa ku omongan ka dirina sorangan. Sok disebut ogé solilokui. Monolog sok
jadi bagian tina dialog dina hiji pintonan drama. Ngan kadieunakeun, monolog
sok dipintonkeun bari mandiri minangka drama nu pamaénna tunggal. Minton
sorangan, bari ngandelkeun kakuatan vokkal jeung géstur, anu tangtu baé –
minangka bagian tina téater modérn – dipintonkeun dumasar kana naskah
(skénario) jeung aturan dramaturgi. Monolog anu ditepikeun ku Rinrin
Candraresmi – aktris anu geus legok tapak genténg kadék, bisa jadi conto
aprésiasi anu hadé keur neuleuman pagelaran monolog.
Ari longsér jeung gending
karesmén mah, éta mah geus lila jadi banda urang. Ngan ieu gé geus ngalaman transformasi.
Longsér kiwari lain longsér baheula. Mun baheula longsér téh téater rayat nu
sok di pagelarkeun di buruan bari ukur dicaangan ku cempor dina tihang awi,
sarta dipanggungkeun ku sutradara sarta aktor nu ngandelkeun improvisasi,
kiwari mah apan longsér téh unggah panggung. Naskahna sok disiapkeun héeula.
Papadaning kitu ari unsur improvisasi jeung bentuk pagelaranana anu inklusif
mah angger sok dikeukeuhan. Kitu deui unsur komédina, masih kénéh sok
ditonjolkeun.
Lembaga Bas jeung Sastra Sunda
(LBSS) minangka lembaga anu boga tujuan hayang ngahadirkeun basa jeung sastra
Sunda di satengahing masarakat bari karasa mangpatna, tangtu baé ngarojong
pisan pagelaran Monolog “Nini Inong”, Longsér “Badega Lembur”, jeung Gending
Karesmén “Si Ujang jeung Doraémon”. Muga-muga baé ieu pagelaran téh jadi marga
keur urang Sunda éling kana jatidirina, bari boga kahayang pikeun makalangan di
jagat nu leuwih lega.
Jalan Carita
Monolog “Nini Inong”
Nini-nini téh ayeuna, da
baheulana mah Nini Inong téh teu kungsi ngajaran jadi ABG. Tah jaman ABG
baheula, jaman keur budak, keur sakola kénéh, cita-citana téh luhur pisan.
Tapi, cita-citana téh teu angger, sok robah-robah waé. Sakapeung hayang jadi
huru, tuluy manéhna ngawawaas kumaha mun geus jadi guru. Kalan-kalan hayang jadi
dokter, tuluy manéhna ngawangwang kumaha mun tinekanan jadi dokter. Aya kalana
jorojoy hayang jadi artis, tuluy manéhna nyipta-nyipta kumaha rasana jadi artis
kakoncara nu dipuja balaréa. Kungsi boga cita-cita jadi patani deui, tuluy
manéhna ngabayangkeun jadi patani anu mukti. Itu jeung kitu wé gawéna téh,
saban robah cita-cita, lamunanana kumalayang, nyipta-nyipta lamun éta nu
dicita-citakeunana tinekanan.
Lantaran loba cita-citana,
sanajan sok robah-robah, Nini Inong jaman keur sakolana aktip dina rupa-rupa
kagiatan, sarta mindeng milu rupa-rupa kajuaraan. Teu anéh lamun manéhna euyeub
pisan ku préstasi. Kungsi jadi juara naca sajak, juara pasanggiri sisindiran,
pinggul pasanggiri masak, jeung réa-réa deui.
Sanggeus déwasa, Nini Inong
hilig, cita-cita anu rék diperjuangkeun ku manéhna téh jadi patani. Ari ku
tekun, keyeng, jeung pareng mah teu burung Nini Inong jadi patani mukti, réa
ketan réa keton, jadi jalma beunghar ladang tina tatanén.
Jalan Carita
Longsér “Badega Lembur”
Bangsat jeung rampog gé, pasti
milih-milih, moal daékeun ngabangsat atawa ngarampog ka hiji lembur anu
salawasna dijaga ku Badega Lembur.
Di Kampung Manaboa gé kitu,
kaayaan lembur téh pohara amanna, sepi paling, tuna bangsat, jeung towong
rampog. Najan kitu, ari masarakatna mah tetep niatna ngajaga lemburna.
Kaayaan di Kampung Manaboa kitu,
ku urang udu diconto. Sanajan aman, angger urang ulah balangah jeung cileureun,
salawasna kudu caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket, pikeun
ngamankeun lingkungan sabudeureun lembur. Ngaronda saban peuting ulah kudu
dititah, da geus jadi kawajiban, sangkan lembur tetep aman.
Jalan Carita
Gending Karesmén “Si Ujang jeung Doraémon” Naskah Wahyu Wibisana
Poé ieu, barudak Pagerageung
maraén gending karesmén. Ngawarangkong ngaliwatan daminati dipirig gamelan.
Ngaribing dilataran saung gunung. Maranéhna téh keur kakawihan, nembangkeun
pupuh jeung pupujian sawirahma jeung tatabeuhan di tempat nu singsarwa tina
awi.
Bray, lalangsé muka!
Basa Si Ujang jeung batur-baturna
keur arulin, datang ucing dua. Duanana ucing istiméwa. Ucing nu hiji mah
singhoréng Doraémon, datang ti nagri Jepang, dibaturan ku Nobita, sobatna téa.
Ari ucing nu hiji deui nyaéta Si Candramawat, nu turun ka Bumi sanggeus meunang
idin ti Nini Antéh nu keur anteng ninun di bulan.
Doraémon pabéntar paham jeung Si
Candramawat ngeunaan warna lembur Si Ujang nu ku maranéhna katempo ti kajauhan.
Ceuk Doraémon, warna lembur Si Ujang téh kulawu, sedengkeun ceuk Si Candramawat
mah warna lembur Si Ujang téh konéng. Alatan béda pamanggih, méh wé duanana
silicakar.
Untung kaburu dipisah ku Si
Ujang. Bisa dipisah téh sanggeus dibéjaan ku Si Ujang, yén warna kulawu téh
nyaéta haseup tina industri pertambangan. Ari warna konéng, nyaéta emas anu aya
dina jero taneuh nu teu jauh ti lembur Si Ujang.
Si Ujang bisa nyarita kitu
lantaran manéhna inget ana uga, nu nyebutkeun yén hiji mangsa di lemburna bakal
aya pertambangan emas.
Geus kit mah, Si Ujang jeung
batur-baturna, Doraémon jeung Nobita, katut Si Candramawat, arulin babarengan.
Pamaén Monolog “Nini Inong” : Rinrin Candraresmi; Longsér “Badega Lembur” : Agus Injuk, Junjun, Aép Bancét; Gending Karesmén “Si Ujang jeung Doraémon”
: Giast Ilqiyaurrahman (Doraémon), Najib Abdul Aziz (Candramawat), Muhammad
Lazuardi Ismail (Si Ujang), Hazmi Adzani Awanisi (Nobita).
Pangaping : Endang Uus Rustana, Aan Rusyati,
Ninin Kurnia, Dede Erni, Widia Rahmatilah, Asni Dwi Annisa. Panata Gerak: M. Nana Munajat Dahlan
(Galura). Panata Gending: Iik
Setiawan, Sulé Nurharismana. Panata
Panggung: Oleh Alex, Mulyana, Rahmat Agus, Wawn, Ujang Suganda, Hikmat
Sumarga. Manajemen Produksi: Oesép Kurniai sarta Pimpinan Produksi: Taufik Faturohman.***
0 Response to "GALURA, NO 29 TAUN KA-44, EDISI II DESEMBER 2018"
Posting Komentar