WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Sajak


NGADEG NA PAJAJARAN ANYAR
Kénging : Rustandi


Kasanggakeun kanggo Kang H DEDI MULYADI, SH.                  
Bupati Purwakarta manten dina raraga mapag milangkala Purwakarta


Geus jadi carita balaréa nalika  baheula Jaman na ngadeg Galuh Pakuan
Nu kamashur kaceluk kaawun-awun kawéntar kajanapria
Raja beurat beunghar sugih mukti sakti mandraguna
Soméah nyaah ka rahayat kakasih na para déwata
Siliwangi tempat na kaadilan

Bukti nu kaciri nyata nu aya
Ayeuna geus gumelar Raja Pajajaran anyar
Ngaheuyeuk dayeuh ngolah kota ku kanyaah
Ajeg panceg adil palamarta
Ampuh timpuh tur sabar  tara aral subaha

Dibarung ridho Hyang Murbawisésa
Galura kahéman mapag dina lawang lalampahan
Ngalampahkeun karancagéan
Wangsit Siliwangi karandapan
Kota nu Raharja tinekanan

Bral léngkahkeun patékadan
Prak budalkeun pangabisa
Rahayat sayaga badéga samakta
Sapangabisana
Keur Purwakarta Istiméwa




Purwakarta
Kaping 01 Agustus 2014

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sajak"

Posting Komentar