WARTA TI BEKASI - MULUDAN DI Perum Bumi Rahayu RT.05/RW.01
Habib
Ahmad Husin Al Athos
Ngabejerbeaskeun Ihwal Muludan ka Warga Perum Bumi Rahayu RT.05/RW.01
Bekasi – Warta Sunda Onliné
Kukituna di wewengkon éta, sanajan sasih
silih mulud tinggal sababaraha poé deui, tapi warga masarakat ngorbankeun
tenaga jeung pikiran katut waragad pikeun ngalumangsungkeun kagitan muludan.
Saperti halna Kulawedet Mesjid/Musola Al-Ishlah ngayakeun muludan ping 5
Januari 2019, poén malem Ahad.
Saméméhna dibuka acara muludan éta, aya
sababaraha pintonan kamonésan ti barudak leutik nepika akil balig marintonkeun
unjuk kabisa dipayuneun kolotna sewang-sewangan nyaéta nadoman tur maca
solawatan nu ditungtun ku MC ogé ngabagéakeun santri Al-Ishlah.
Dina puncak acara ajeungan ti wewengkon Habib
Ahmad Husin Al Athos minangka ngabejerbeaskeun luyu jeung téma “Dengan Memperingati
Maulid Nabi Muhammad SAW, Kita Teladani Ahlak Rosululloh Didalam Kehidupan
Sehari-hari”.*** (Abdul)
Ngabejerbeaskeun Ihwal Muludan ka Warga Perum Bumi Rahayu RT.05/RW.01
Bekasi – Warta Sunda Onliné
LIMA Januari munggaran dina taun Dua rebu salapan
belas, poéan malem Ahad keur warga tur barudak santri di wewengkon Perum Bumi
Rahayu RT.05/RW.01 Kelurahan Padurénan Kecamatan Mustikajaya Kota Bekasi Jawa
Barat. Muludan, miéling poé jeung bulan wetonan Nabi Muhammad SAW, geus jadi
tradisi budaya di lemah cai.


Kalih ti éta, Qori ti wewengkon satempat
ogé ngumandangkeun ayat-ayat suci Al-Qur’an.
Poma deui Ketua Panatacalagara Bapa Hasyim
Ashari biantarana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para warga-wargi ti
kulon-wétan, kalér-kidulna, nu caket jeung nu jauhna parantos nyumbangkeun
sabagéan rejekina keur pangemut-ngemut kalahiran Jungjunan urang Nabi Muhammad
SAW.
Runtuyan acara éta téh di pingpin ku MC nepika
acara aman tur lancar kalayan kaberkahan ku Alloh SWT.
0 Response to "WARTA TI BEKASI - MULUDAN DI Perum Bumi Rahayu RT.05/RW.01"
Posting Komentar