Pitutur - Balég Tampélé
BALÉG
TAMPÉLÉ
Ku : Yani Komaryani, S.Pd
NAON anu disebut balég tampélé téh?
B
|
alég
tampélé nya éta budak remaja anu kakara ngalaman bogoh/nyaah ka lalaki anu srék
jeung haténa. Biasana tara nepi ka tuluy karawin ngan ukur heuheureuyan diajar
resep kapasanganana. Tapi sok aya ogé anu nepi ka jadi jodohna, ngan sok
kahalangan kusababaraha taun. Umpama mimiti mikaresep téh basa keur di SD kelas
6, pléng baé paturay papanggih deui di perguruan tinggi, bari masih pada pada lengoh. Maranéhna
ngumbar obrolan jaman maranéhna keur di SD, jadi aringeten keur jaman cinta
monyét, malah sok ayan nu nepi ka nyambung deui. Masa balég tampélé téh masa
transisi, anu kudu leuwih ati-ati, sabab dina haté keur kitu mah sok loba
lamunan fatamorgana, anu dina kanyataanana mah teu kitu. Sakapeung mah sok aya
rasa keuheul mun aya anu ngadeukeutan manéhna nu dipikanyaah, padahal éta téh
ukur babaturanana, malah dina haténa ogé sok nanya kadirina sorangan, naha nya,
bét kitu? Jeung réa-réa deui.
Ari
paripolahna, mun awéwé sok mindeng ngeunteung jeung ngaluis leuwih ti biasana, lalaki
gé pon kitu deui. Hayang katémbong nyentrik, malah sorana ogé rada robah jeung
sok hahariringan di kamar mandi. Ieu mangsana pancaroba, hal ieu gumantung kana
atikan kolotna. Sabab tingkah polah nu jadi anak keur umur sakitu mah sok aya
negatipna jeung aya positipna. Diantarana sok wangkélang kakolot, ngedul kana
gawé, horéam mantuan indung, karesepna ngarumpi, mun dikamar gawéna ngan nyieun
puisi puisi ti dituna mah jeung nyieun agenda cénah...... Kumaha tindakan nu
jadi kolot?... tah mun nu manggih hal nu kitu tong dicarék, tapi tong diantep
deuih kurang hadé...... éta negatipna, sok aya bédana rada parigel ngapalkeun
boga rasa tanggung jawab, sabab boga rasa éra komo mun nu dipikaresepna mah
batur sakelas sigana sumanget lantaran sieun wirang mun kanyahoan euweuh kabisa
mah éta nu disebut positipna. Didieu nu jadi kolot kudu super aktip dina
nalingakeunana ngarah teu kacolongan, sabab mun salah dina mangsa keur balég
tampélé, sok kadalon-dalon nepi ka dewasana teu saeutik kolotna ngarasa gagal
ngawarah nu jadi anak, nu leuwih parahna
mah kabawa nepi ka kolot éta kalakuan téh. Auzubillahimmindzalik.
Jadi
peran anu jadi kolot didieu kudu surti, indung/bapana kudu deukeut kana haté
anak nu keur menter balég, kudu loba rangkulan kadeudeuh jeung nasihat nu teleb
kana lelembutanana. Nu dipalar ngarah jadi patokan dina hirupna, ngagedéan haténa,
kuat kepercayaan haténa yén indung bapana kacida nya’ahna jeung melangeunana.
Najan sakumaha resepna ceuk napsu maranéhna diluareun imah, anu patali jeung
sipat mangsa rumajana, maranéhna moal sologoto, bakal bisa ku ngabédakeun mana
nu hadé jeung mana nu goréng, moal wani ngarempak fatwa indung/bapa anu
dijadikeun tempat ngabudalkeun balabuh haténa, kuat kapercayaan kakolotna, yen
indung bapana téh konci sawarga pikeun dirina. Ieu téh mangrupakeun pancén indung/bapana
anu pangbeuratna nyanghareupan anak dina mangsa anak timimiti balég tampélé
nepi ka dewasa. Matak dawuhan ALI bin ALI THOLIB : “ATIK ANAK-ANAK MARANÉH KUNU
HARADÉ JEUNG WARAH MARANÉHNA SOPAN SANTUN”.
Atik
anak aranjeun ku wasiat aranjeun jeung ku paripolah aranjeun. Lamun éta budak téh
mikaresep / dipikaresep ku anu saluyu jeung indung bapana tangtu ieu mah moal hésé
tinggal ngaping jeung ngaduakeun sangkan jadi jodo nu dipikarido ku Alloh. Tapi
lamun nu dipakaresep / mikaresep teu sapuk jeung kolotna tangtu ieu téh bakal
beurat, bakal jadi katunggaraan pikeun maranéhna. Kumaha cara ngalelemuna
sangkan ulah tulus ka jalma éta? Padahal ari jalma keur kasmaran mah tara
beunang dicarek kalahka sok bedegong ka kolot, wani ngejat ti kolot, demi
bebenerna téa.
Éta
sababna timimiti balég tampélé kudu geus di dasaran ku agama, ngarah ngarti kumaha
akibatna anu teu diridoan ku indung jeung bapana, élmu jeung imanna jadi tanaga
anu kuat pikeun moal maksiat. Sabab ari cinta sajati mah teu kudu di iket ku
tali perkawinan waé, lamun éta jodona ti Gusti engké ogé moal kamana-mana deui,
tapi lamun teu jadi jodona kudu dianggap éta téh putusan ti Gusti nu nya’aheun
ka mahluqna.
Dina
waktu keur balég tampélé egois diri sok ngaronjat embung katitih ku batur najan
ku dulur. Sifat nu kawas kitu geuwat di tamalirkeun, lebah mana urang kudu
egois, hayang meunang sorangan, jeung palebah mana urang kuduna ngelehan manéh.
Anu penting usahakeun sing jadi jalma anu meunang mangfaat keur batur tur teu
nyusahkeun.
Lamun
geus ngarasa awak téh keur balég tampélé atawa keur mentér balég, perhatikeun
perkara anu positip perkara anu teu aya guanana atawa saeutik gunana kudu
ditinggalkeun, lobakeun sujud sholat jeung ngadu’a ka Alloh.
“Tegas
pisan pangbagjaan jalma nu tara maliré ka anu taya guna manfaatna.” Naon
sababna perlu hirup nu kapositifan, sabab hirup di dunya ngan sakali, awéwé lir
seperti kertas karbon lamun geus dipaké ngetik sakali, sok teu bisa dipiceun
tapakna. Lamun noda, moal bisa dipiceun, najan disumput-sumput harga diri mah moal
utuh deui, ruksak ku pamolah sorangan. Kusabab kitu dina mangsa keur balég tampélé,
kudu resep nyuprih élmu agama, deukeut jeung ulama, babakti sing hadé ka kolot,
senangkeun haténa ngarah dipikanyaah ku kolot, ulah tojaiyah teu sapuk jeung
kolot, malah teu cocok jeung agama.
Nalika
Ibnu Abbas aya dipengkereun nabi ngandika, “IEU ANAKING RAKSA KU HIDEP AGAMA (PARÉNTAH)
ALLOH, ENGKÉ ALLOH BAKAL NGARAKSA HIDEP, RAKSA KU HIDEP AGAMA (PARÉNTAH) ALLOH,
HIDEP BAKAL MANGGIHAN PANGRAKSANA ALLOH DIHAREUPEUN HIDEP.”
“JEUNG
LAMUN HIDEP RÉK BOGA PAMÉNTA, PRAK GEURA MÉNTA TÉH KA ALLOH JEUNG LAMUN HIDEP MÉNTA
TULUNG, PRAK GEURA MÉNTA TULUNG TÉH KA GUSTI ALLOH.”
Lamun
umur geus meujeuhna balég tampélé : 1. Hidep kudu nyuprih élmu, mindeng duekeut
jeung ulama ngarah meunang élmu pangaweruh agama, bisa ibadah bari husu bisa
ngadu’a bari tawadlu, 2. Hidep kudu hadé ka kolot, hidmat ta’at kana nasehatna,
geusan ngahontal karidoan Alloh, insyaf Alloh jauh tina mamala diri, meunang
panangtayungan ti Alloh. 3. Hidep kudu junun nyiar élmu pangaweruh umum jeung
agama, ngarah pinter bari hadé akhlak élmu hidep bakal mawa bagja dunya aherat......
Amin. Caag.
0 Response to "Pitutur - Balég Tampélé "
Posting Komentar