KANDAGA BASA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA
Warta Sunda Onliné, saleresna nampi naskah-naskah ti Mas Gunawan Waluyo atanapi sandi asmana Ki Olot. Nilik tina ngorehan arsip, éstu seueur naskah anjeunna nu teu acan kapedal dina Warta Sunda. Saméméhna parantos dipedalkeun dina Media Citak Warta Sunda édisi-édisi katukang ti kawit anjeunna masih jumeneng. Sok pirajinan ngetrukeun élmu pangaweruhna nya ieu salah sahijina hasil karya anjeunna.
Ieu mah dina raraga pangemut hasil karya anjeuna. Mugia nu maos ieu online. sateu acanna urang ngucapkeun Hamdalah tur QS. Alfatihah sabalen, pikeun pang jurung du'a ka anjeuna nu tos tilar dunya.
Mugia amal ibadahna ditampi ku Alloh SWT. Amin.
Mangga, ka pamaos Warta Sunda Onlié.
Wilujeng ngambah élmu pangaweruh.
Cag.
Redaksi.
Baku =
biasa
Ieu mah dina raraga pangemut hasil karya anjeuna. Mugia nu maos ieu online. sateu acanna urang ngucapkeun Hamdalah tur QS. Alfatihah sabalen, pikeun pang jurung du'a ka anjeuna nu tos tilar dunya.
Mugia amal ibadahna ditampi ku Alloh SWT. Amin.
Mangga, ka pamaos Warta Sunda Onlié.
Wilujeng ngambah élmu pangaweruh.
Cag.
Redaksi.
PIHATUR
Sampurasun.
K
|
alayan manjatkeun puja
sinareng puji ka Alloh Nu Maha Suci, Nu
Maha Welas tur Asih, Maha Welas ka mahlukNa,
Asih ka sa-eusining bumi, nu ngawasa alam sa jagat raya, teu kakantun salawat sinareng
salam mugi digolontorkeun ka jungjunan Kangjeng Nabi Muhammad SAW rawuh kulawargana,
para sohabat sareng umat-umatna anu saratia dugi ka yaomal ahir.
Dupi kasang
tukang sim kuring ngarakit ieu buku, taya sanés
tawis ngiring mideudeuh kana Budaya Sunda utamina dina Basa Sunda, margi seueur
kénéh pisan
nonoman Sunda anu apilain kana basa Sunda, ku jalaran kagembang ku basa
deungeun, kumargi pohara kasosokna ku pangaruh basa lian, dugi ka teu kersa
nyoréang kana Basana ku anjeun, nya tungtungna teu
uninga kumaha wandana atanapi jenglenganana Basa Sunda sareng unak-anikna lian ti
éta.
Kantenan
moal aya jorojoy rasa nya’ah, resep sareng rasa deudeuh kana Basa Sunda,
upami teu uninga pasipatanana sareng kaayaanana. Sim kuring sok emut kana dalil
“Moal nyaah mun teu loma, moal bogoh mun teu
wanoh”
Patali sareng
anu kapihatur bieu, sim kuring ngahaja ngarakit ieu Buku Sunda, anu diwastaan Mustika
Basa.
Moal boa
eusina ieu buku téh seueur kakiranganana da puguh dirakit ku nu
sanés ahlina, boh sanaos kitu mugi-mugi gumelarna
ieu buku tiasa ngeuyeuban Buku Sunda anu parantos aya.
Dugi ka danget
ieu nembe tiasa rengsé ngarakit ieu Buku, Insya Alloh anu sanésna
badé teras dipajeng, mugi waé
Alloh SWT maparin pituduh sareng kakiatan ka sim kuring kanggo ngagarap Buku Sunda
anu sanésna.
Ku
gumelarna ieu ieu Buku Sunda, sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan
ka pangersa Waikota Bandung Manten Bapa H.DADA ROSADA
SH.Msi, rawuh rengrenganana anu parantos kersa
ngadeudeul kana pamaksadan sim kuring, kitu ogé teu hilap
kasanggakeun panuhun ka Bapa H. Tjetje Subrata SH.MM anu teu kirang-kirang
maparin pangjejer dina waktos ngarakit ieu Buku Sunda, pon kitu deui kum teu
diwiji-wiji ka sadayana anu parantos sami-sami ngarojong gumelarna ieu Buku
Sunda, mugia Alloh Nu Maha Uninga ngalélérkeun
rahmat kurnia sareng ngaijabah pamaksadan urang enggoning kumereb kapangkonan
manten-Na. Amin.
Pamungkas
sanggem tinangtos garapan sim kuring bakal aya kaireugtalingeuhannana, moal
suda tina kalepatan sareng katunaan. Ku kituna mugi tawakup sareng kersa
memeres ngalelempeng kangge kautamaan urang sadaya..
Rampes.
Panulis,
MAS GUNAWAN WALUYO (ALM).
KANDAGA BASA
BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA
KANDAGA
KECAP
A
Ajrih = era bari
sieun
Anapon =
ari mungkuh
Anging =
ngan
Asma =
ngaran
Awahing
=
bakating
B
Baketul =
goring semu
Balilu =
bodo, euweuh kanyaho
Balukarna =
akibatna
Baring supagi =
jaga, nu bakal datang
Bebendon =
siksaan, dibenduan
Binarung =
dibarengan
Buniaga =
ngumbara neangan kahirupan
Buta rata =
poek mongkleng
C
Cacap =
anggues, tamat
Campoleh =
henteu tuhu, lalawora
Cangkingan =
cecekelan, nu dianut
Caosan =
disadiakeun pikeun
Cegahan =
nu dilarang
Cidra =
teu nyekel jangji
Citresna =
kanyaah
Cua = ngewa
D
Dalah = sanajan kitu,
parandene kitu
Dapon = asal bae
Dawuhan = timbalan, penggero
Diagem = dianut, dipercaya
Diajangkeun = dicadangkeun, diancokeun
Diceluk = digeroan,
diajak
Digeuhgeuykeun =
diseungseurikeun
Dilelerkeun = dibikeun, dibere
Dimansuh = dileungitkeun
Dipahing = dijauhan, dilarang
Dipuhit = dianut, dipercaya
Dipunjulkeun = dileuwihkeun
Dir = sombong, ieu
aing
Ditangkes = ditanggung, dicekel
sakabehna
Ditonggongan = ditukangan
Diwuwuh = ditambah
Dumuk = cicing
E
Ebat = kagoda
F
-
G
Gajlig = teu nyumponan jangji
Gana-gana = wani-wani
Gasik = gancang
Geni = seuneu
Geseh = beda
Gimir = sieun
Giruk = sirik
H
Haat = mikanyaah, karunya
Halwat = nyeri bari muji ka Alloh
Hamham = asa-asa, kurang percaya
Hanaang = halabhab, haus
Hasud = boga karep
nyilakakeun batur
Helok = aneh, aheng
Hojah = akal tarekah
I
Iradah = pangersa Allah
Itikaf = cicing di masigit
bagi muji Alloh
J
Jaler istri = lalaki awewe
Jalir jangji = udar tina jangji
Jalu = lalaki
Janggelek = ngadadak ngawujud
Jentre = jelas
K
Kabandang = kabawa
Kalarung = kaliwat
Kalam = tulisan
Kalangsu = katalanjuran
Kalarung = kaliwat
Kalebuh = tilelep
Kalinglap = kasamaran
Kalintang = kacida
Katambias = nyasab
Kataraji = mikaresep
Katohyan = kanyahoan
Kasangling = kalinglap
Kokomoan = mangpang-meungpeung
Kongang = sanggup
Kumaki = ieu aing pangbisana
Kumelip = nu hirup, mahluk
L
Lanci-linci = teu nyekel jangji
Lara = gering, nyeri,
sedih
Lat = kecap anteuran kana
poho
Lawang kori = panto gerbang
Lingsig =
awakna sehat tur lintun
Lintang = iwal, kajaba
Liwung = bingung
Lugina = senang hate
M
Malak = malaikat
Malar = supaya
Mangkara = matakna
Maphum = weruh, nyaho
Mateni = maehan
Maslahat = mangpaat
Mengpar = mengkol, nyimpang
Mergasa-mirusa = nyilakakeun
Mokahaan = pengangguran
Mudarat = ngarugikeun
Muji tasbeh = ngucapkeun subhanalloh (Maha
Suci Alloh)
N
Nalek = nanya tandes
Nambalang = nembalan bari ngawalan
Nanggel = ngajamin, nanggung
Napsi-napsi = masing-masing
Ngabaladah = ngamimitian
Ngabuih = ngomong teu
eureun-eureun
Ngagugu = nurut
Ngalejokeun = ngusrukkeun, ngabobodo
Ngalieus = miceun beungeut
Ngamurba = ngawasa
Nganti-nganti = nunggu-nunggu
Ngarandapan = ngalaman
Ngarempak = ngalanggar
Ngemasi pati = maot
Ngertakeun = ngaraharjakeun
Nohonan = nedunan
Nurustunjung = pikasebeleun
Nyabda = ngadawuh, nyarita
Nyasami = nyaruaan
Nyidem = nyumputkeun
Nyundul = nyusul, ngomong deui
Nyupata = disapa
O
Onjoyna = leuwihna
P
Padu = pasea
Padungdengan = parea-rea omong
Paheut subaya = pageuh jangji
Papadon = amanat
Papakem = ageman, nu dianut
Pasalia = beda
Pasek = teu bener imanna
Pasini = jangji
Picaturna = caritaanana, omonganana
Pingeusaneun = pikeun
Poe bungsuna = poe panungtungan kulantaran rek
maot
Poma = omat, kade
Purwadaksi = asal, mimiti
Q
-
R
Riksa = urus
Rurujit = kokotor
S
Sabondoroyot = sakulawarga
Sadarum = sarerea, sadaya
Saestuna = saenyana
Sakacumplang- = ngomong sadaekna
campleng
Sakalih = duaan
Samiuk = satuju kan goreng
Sapaat = berekah, karamat
Sareh = tengtrem, ayem
Seber = gimir, sieun, ketir
Seunggah =
hoream, ngarasa beurat
Sidik = jelas, atra,
jentre
Songong = ngomongna asa pangaingna
Subaya = jangji
Sugri = sakur
Suhud = junun
Suwung = kosong, beak
T
Tataan = sebutan
Tatag = ngomongna jelas
Temen = pisan, kacida
Tojaiah = patukang tonggong,
papalingpang
Towaf = ngurilingan ka’bah
Towong = kosong, pegat
Tuhu = satia
Tujulna = nu ditujuna, maksudna
U
-
V
-
W
Wadul = bohong
Walurat = miskin, angala kurang
Wening = suci
Wera = ambek, bendu
Wiang-wiang = semu-semu robah warna
Wiati = langit
0 Response to "KANDAGA BASA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA"
Posting Komentar