WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

SAPERSEN KEMBANG API NU DISEUNGEUT


Warta Sunda Onliné,

S
AKUMAHA nu diémbarkeun ku pamaréntah pusat bohna daérah yén dina maleman taun anyar teu meunang hura-hura komo bari jeung nyeungeut kembang api. Lumakuna aturan éta teges pisan. Komo nepika uar pangajakna. “Sing saha-saha waé nu ngayakeun kagiatan kariaan (hura-hura) saperti halna nyeungeut kémbang api. Rék ditindak sacara teges, tapi nya aya kénéh nu nyeungeut kembang api, ngan ukur sapersen nu nyeugeutna. Hasil tina uar pangajak ka warga masarakat, ayeuna mah teu patiteuing sing gurilap langit di Purwakarta. Hususna kaayaan langit di wewengkon Sukatani, Pléréd jeung Tegalwaru. Berarti uar pangajak pamaréntah éta diwaro ku warga masarakat.
Saperti dina maleman taun anyar di Kecamatan Pléréd sabudeureunna, yén dina teng jam 00.00 WIB, kaayaan Pléréd poék alias teu aya gurilapna Kembang Api. Ngan aya ogé motor sing garerung silih tembalan jeung motor nu lianna. Keur mah kondisi kenalpotna dibobok ngarah sorana leuwih ngagerung.
Kir-kirana kana jam 00.00 Wib, puluhan motor ngagerung-gerung tanda ning taun anyar datang. Nya, ting saliwer motor bari jeung ngagerung-gerungkeun motor. Hal éta tina pelampiasan para nonoman nu mapag taun anyar.
Di puseur kuliner Pléréd, ratusan warga ti tilu kecamatan, antara Kecamatan Sukatani, Tegalwaru jeung Kecamatan Pléréd ngahaja ngariung jeung balad-balad pikeun nyaksian tutup taun jeung datang taun. Kitu ceuk Ketua LSM Laskar Komando Kabupatén Purwakarta, H. Duduy Abdullah jeung dibaturan ku Anggota RAFI Lokal 03 Purwakarta Selatan nalika ngawangkong ngeunaan malem taun anyar (1/1-2019) diburuan Kecamtan Pléréd.
Kagiatan para nonoman nu biasa ngagerung-gerungkeun motor téh ieu geus unggal taun dina mapag mungkas taun jeung naoag taun anyar. Pihak na gawé bareng jeung pihak kapulisian setempt (Polsek Pléréd), Dishub, Satpol PP jeung tokoh warga setempat, tong nepika kajadian garelut. Ngan selang sababaraha menit, gigigireun buruan Kecamatan caket warungwarung, hampir ayana karibut gara-gara sepele. Kulantaran kasigapan pihak terkait, henteu nepika kajadin karibut. Ny pihak terkait nepika ngabubarkeun riungan nonoman. Ngan hanjakal, para nonoman téh dina kaayaan barau naga (ngarinum). Kukituna ieu jadi upaya keur urang saréréa pikeun nangkis sarupaning minuman keras.
Sedengkkeun nurutkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi yén jumlah personil nu diturunkeun harita ti perwakilan Polsek aya kana dua urang, 4 urang ti perwakilan LSM Laskar Komando, 2 urang ti Dishub jeung 10 urang satpol PP.
Saméméhna dina maleman taun anyar téh diayakeun tablig Akabar diburuan Kecamatan Pléréd. Alpukahna Camat Rustam pikeun ngaantisipasi mahabuna pesta kembang api.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SAPERSEN KEMBANG API NU DISEUNGEUT"

Posting Komentar