WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Tugas Kepala Sakola Jenjang SMA/SMK nu Jauh ti Imahna, rék Lumaku Sistem Domisili

Tugas Kepala Sakola Jenjang SMA/SMK nu Jauh ti Imahna, rék Lumaku Sistem Domisili BANDUNG – Grup Majalah Warta Sunda,- Aya r...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

BEWARA HAYU PINTONKEUN UNJUK KABISA DINA L3B




Warta Sunda Onliné,
Unjuk uninga ka baraya Warta Sunda Onliné, ka sakumna sakola nu ngawengku tingkat SD/MI, SMP/MTs, SMA/SMK/MA sa-tatar Purwakarta hayu urang rojong program L3B ka-8 Mapag Jawara Jabar nu baris dipagelarkeun dina awal Maret 2019 nu tempatna i SMAN 1 Tegalwaru, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia.

Hayu pintonkeun unjuk kabisa adi-adi di Tingkat SD/MI, SMP/MTs sarta SMA/MA/SMK dina pagelaran L3B.

Mangga diantos kana partisipasina pikeun janten pinujul keur ngahangeutkeun kacintaan kana dunya kepanduan. Kalih ti éta, ieu kagiatan pikeun nonoman kalintang saéna keur leuwih ngaraktkeun tali mimitran antar pamilon nu aya dina beungkeutan kagiatan Lomba Lintas Bukit (L3B). Bral pra pamilon diantos.... Cag.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BEWARA HAYU PINTONKEUN UNJUK KABISA DINA L3B"

Posting Komentar