NGAGUAR PANGALAMAN KATUKANG - KANG ATEP KURNIA
Potrét di Pabrik
Doc_Pribadi
H
|
iji
mangsa di lembur, kurah-koréh kana pabetékan, ana goréhél téh kliseu sagulung
di tengah-tengah majalah “Manglé”. Barang dicaangan bréh potrét jaman keur
buburuh di pabrik tékstil (1998-2006). Mani asa manggih nanaon mah boa, atuda
poho-poho acan. Nu inget téh harita, sigana dina taun panganggeusan digawé di
dinya, kungsi aya acara wisata ti pabrik ka Ancol, Jakarta. Duka nginjeum ti
saha, kamérana. Nu sidik, samulang ti Ancol téh, basa kabagian gawé “shift”
peuting, ngadon popotoan hareupeun mesin cepengan.
Mesin nu kudu dijagaan téh nya badag nya
panjang. Ngaranna “beaming”, sawaréh nyebutna téh “booming”, nu ngisarahan
istilah keur solobong beusi nu ceulian pikeun ngagulung benang nu dipanteng
tina “beam-beam” sagedé beuteung munding sarta dibariskeun ti hareup ka tukang.
Mesin “beaming” téh mun dina alat tenun bukan mesin (ATBM) mah “mihané” téa,
nyaéta nataharkeun benang keur nyieun lungsi. Lungsi téh benang keur ka
panjangnakeun engké dina prosés ninun, sedengkeun benang nu ka gigirnakeun
disebutna pakan.
Pagawéan ngajaagaan mesin “beaming” téh
kasorang ti taun 1999 nepi ka pungkasan di pabrik. Da ari gawé mimiti mah purah
ngepél jeung beberesih rohangan mesin “weaving” atawa mesin tinun. Aya dua
lokasina, dipélna salokasi séwang jeung babaturan nu sarua bagian “cleaning
service”. Sanggeus rérés beberesih, ngadon nyonyorong roda, nyokotan “majun”,
runtah tinunan. Lantaran ninunna maké mesin “Water Jet Loom” (WJL) alias mesin
tinun nu nepikeun pakanna ku cai, atuh majun téh baraseuh, ngalucur. Nepi ka
dina roda nu sok ditilaman heula ku palastik téh sok ngumplang ku cai campur
kanji. Sup-sup waé majun téh kana karung jeroeun roda. Gurudug dibawa ka gudang
tempat neundeunna.
Enya ku wasilah potrét, élingan téh bet
narémbongan deui. Bruh-bréh “beam-beam” nu ngabaris bérés hareupeun mesin
“beaming”. Katrol ku sok disada kékérékékan ana dipaké naékkeun “beam” eusi
benang kana dudukanana. Nu tuluy dédéngéeun nepi ka ayeuna mah sora ngahiungna
mesin “Two-For-One Twisting” (TFO), paranti ngalilit benang sangkan wangunna
bisa jadi “s” atawa “z”. Atuda nyantong pisan, sasat gigireun pisan mesin
cepengan gawé. Kétang mun sepi jempling kawas ti peuting mah, ti lembur ogé
sakapeung mah sok ngadéngé hawar-hawar baé mah.***
0 Response to "NGAGUAR PANGALAMAN KATUKANG - KANG ATEP KURNIA"
Posting Komentar