WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PPK Tegalwaru Gawé Bareng jeung Panwascam

Sangkan Pileg Pilpres Aman
PPK Tegalwaru Gawé Bareng jeung Panwascam
“Pemutakhiran Data Pemilih Pembentukan Badan Adhok TK PPK Masa Kampanye Rekrutmen KPPS”

TEGALWARU - Warta Sunda Online,
D
ina raraga ngaronjatkeun ketak Panitia Pemilihan Kecamatan (PPK) Pemilu 2019, hususon di wilayah Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, sawatara katukang kadongapan ti pihak KPU Kabupatén Purwakarta dina monitoring pendataan Calon Pemilih. “Éta minangka tarekah geusan pembinaan kagiatan pengawas Pemilu 2019, kaasup KPPS/PPS di tingkat désa. Satekah polah sosialisasi malar sakumna rengrengan PPK téh enya-enya paham kana aturan luyu jeung katetapan KPU Kabupatén Purwakarta,” Ceuk Ketua PPK Tegalwaru, Asep Kurniawan, ka WSO di Sekretariat PPK Tegalwaru (12/1-2019).
Kalawan remis manéhna dibarengan KPU jeung Panwascam keur ngabahas ngeunaan “Pemutakhiran Data Pemilih Pembentukan Badan Adhok TK PPK Masa Kampanye Rekrutmen KPPS”.
Ceuk Asep Kurniawan, kalintang penting ngagedurkeun sosialisai rupaning program nu patalina jeung Pemilu 2019. Sangkan Pemilu 2019 lumangsung tartib, aman, tur lancar.
“Kuring miharep, kagiatan sosialisasi nu samodel kitu téh bisa lumangsung noron, ngarah kasakumna unsur masarakat. Taya deui tujuannana mah sangkan Pemilu 2019 lumangsung sukses, aman tur lancar, luyu jeung aturan,” pokna.
Iip Saripudin ti Pihak KPU Kabupatén Purwakarta, dina dongdonan éta téh pikeun méré pemahaman nu langkung anteb ihwal peraturan KPU ngeunaan Pilprés jeung legislatif hususna luyu sareng “Pemutakhiran Data Pemilih Pembentukan Badan Adhok TK PPK Masa Kampanye Rekrutmen KPPS”.

Dina kasempetan éta ogé, Ketua Panwas Kecamatan Tegalwaru, Bubun Solihin, pihakna saparakanca siap gawé bareng pikeun nyukseskeun Pilprés tur Legislatif (Pemilu 2019).*** Anto

Monitoring Komisioner KPU Kab.Purwakarta ka Wilayah Kecamatan Tegalwaru









Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PPK Tegalwaru Gawé Bareng jeung Panwascam"

Posting Komentar