WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

  SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek  Kepala Sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, bagian tina kegiatan ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Mapag Poé Basa Indung Sadunya (21 Pébruari) - Hj. Putriarti Putik Harumawangi, SE "Hoyong Ngagedurkeun Basa Sunda di Lingkungan Kulawarga"


Mapag Poé Basa Indung Sadunya
(21 Pébruari)
Hj. Putriarti Putik Harumawangi, SE
"Hoyong Ngagedurkeun Basa Sunda di Lingkungan Kulawarga"



CIGANEA – Warta Sunda Onliné,
W
ANOJA nu hiji ieu téh wastana Hj. Putriarti Putik Harumawangi, SE minangka dina lolongkrang waktuna ngawangkong ngalér-ngidul jeung Warta Sunda Onliné di bumina di Ciganea caket Gedung Putih (DPRD Kabupatén Purwakarta), Jum’ah (11/1).
Dina wangkongan Inyana, kapeto  hoyong ngamumulé basa Sunda, lantaran sim kuring lahir ti Kota Bandung. Keur mah ayeuna di kota-kota besar hususna kota Bandung seueur pendatang (heterogen). Pon kitu eui di Purwakarta. Komo mun nitenan barudak ku ayeuna mah asa ku jarang ngawangkong maké Basa Sunda dina sapopoéna.
Nitenan nu saperti kitu téh, Ceuk awéwé nu laki rabi jeung mantan dewan Lalam Martakusumah ieu téh, inyana kungsi maca artikel Kang Dedi Mulyadi, SH nu seratanna ngeunaan “Nanjeurkeun Ajén Urang Lembur” Makalah nu dipadangkeun dina Kongrés Basa Sunda VIII (Subang, 28-39 Juni 2005). Nu eusi sabagéan artikelna ngahususkeun kana uar pangajak ka urang balaréa saperti halna ngeunaan aya opat hal nu ngawengku kana kecap Sunda, nyaéta étnis, wewengkon, diménsi rohang jeung waktu sarta ciri kabudayaan. Kiwari bisa digolongkeun aya sababaraha golongan diantarana: Sunda Étnis, Sunda Géografis jeung Sunda Étnis-Géografis.
Ku kituna urang téh kalebet kana golongan nu mana!. Saperti golongan  Sunda Étnis téh, nyaéta jalma nu mibanda garis katurunan ti étnis Sunda anu sumebar di sakuliah Indonésia malah béh dituna ka manca nagara. Golongan ieu ngan mibanda kasundaan dina katurunan wungkul, sedengkeun dina kahirupan sapopoéna hal-hal anu kaitan jeung kasundaan geus ampir laas.
Sedengkeun  golongan Sunda Géografis, nyaéta sawatara golongan anu garis katuruan étnisna mah lain pituin urang Sunda, tapi manéhna hirup kumbuh di tatar Pasundan. Golongan ieu rata-rata aya di daérah kota anu daratang alatan ngumbara jeung bubuara anu nepi ka anak baranahan. Golongan ieu lain ngan sakadar étnis nu aya di Indonésia tapi kaasup étnis Arab jeung Cina. Kulantaran aya di tatar Pasundan, maranéhanana geus ngabogaan ciri-ciri Sunda anu tangtu paling henteu maranéhana ngomong maké basa Sunda.
Béda  deui jeung golongan Sunda Étnis-Géografis nu ngawengku Sunda Asli (Pilemburan) nyaéta golongan Sunda pituin anu garis turunana étnis Sunda bari kahirupan sapopoéna masih panceg nyekel bari ngalaksanakeun papagon kasundaan. Umumna golongan ieu ayana di wewengkon pilemburan.
Anapon kitu Sunda Akulturatif nyaéta anu étnisna Sunda hirup kumbuhna ogé di wewengkon tatar Pasundan, tapi geus teu pati pengkuh nyekel kana tetekon jeung papagon kasundaan. Umumna golongan ieu aya di wewengkon dayeuh anu geus loba pagiling gisik jeung kabudayaan ti piluaran. Golongan ieu ogé lahir alatan ayana hubungan jeung kabudayaan séjén alatan ayana hubungan dagang jeung séjénna. Malah kiwari mah ku datangna media masa katut media elektronik nu disebut Sunda Akulturatif beuki nambahan. Kajaba barudak ayeun mah jamanna milenia.


Artikel éta téh, minangka jadi udagan keur sim kuring mun lebet ka Gédong Putih (DPRD) rék dironjatkeun deui, malah komo naon nu jadi uar pangajakna Kang Dedi ka warga masarakat Purwakarta.
“Tah, ungkara nu diluhur éta, urang ayeuna kalebet golongan anu mana! Sunda Étnis atawa Sunda Géografis pon kitu deui Sunda Étnis-Géografis???,” pokna Awéwé nu geus batian tilu urang budak.
Inyana ogé, kiwari di kulawargana keur soson-soson ngagunakeun basa Sunda ka barudakna, sangkat tong nepi ka gengsi maké basa sorangan (Sunda) dina sapopoéna jeung babaturanna deui. Malahan harepanna mah warga masarakatna ogé bisa ngagunakeun basa loma Basa Sunda. “Tong sieun salah dina ngucapkeun basa Sunda,” pokna Putri nu biasa disebat.
Ngeunaan lainna ogé, inyana asa kabantu ku ayana media onliné nu husus maké basa Sunda saperti Warta Sunda Onliné ieu, sok sanajan mekarna media onliné tapi aya kénéh nu ngamumulé basa, sastra sareng aksara daérah, nu nyoko kana Peraturan Daérah No. 14 Tahun 2014 ngeunaan “Perubahan ata Peraturan Daérah Provinsi Jawa Barat Nomor 5 Tahun 2003 tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daérah.”
Kajaba ti éta, inyana ogé ngagaduhan visi jeung misi milu aub di dewan saperti : “Berusaha berpartisifasi dalam mewujudkan masyarakat yang adil, sejahtera, berkualitas serta mendapat ridho Alloh SWT.”
“Mugia masaraat di wewengkon Sukatani, Sukasari jeung Jatiluhur miharep ka warga masarakat paheuyeuk-heuyeuk silih asah, silih asih tur silih asuh silih wawangian pikeun ngahontal masarakat anu sejahtera,” pokna garwana Pupuhu AMS 212 Distrik Kabupatén Purwakarta.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén Hj. Putriarti Putik Harumawangi, SE dilahirkeun di Bandung 1 Nopémber 1974 téh dirojong ku Partai Golkar pikeun jadi Caleg Legislatif 2019 Dapil Sukatani, Sukasari jeung Jatiluhur. Pon kitu deui tilu urang palaputra-putrina nu Cikal wastana Anisa Berlia Maharani (Siswi SMAN 1 Purwakarta kelas 3), nu panengah Rama Putra Galuh Martakusumah (Siswa SMPN 1 Purwakarta kelas 3) sarta nu bungsuna Ratu Az Zahra Ibrahim (Siswi SN 1 Bunder Jatiluhur kelas 5) ngarojong nu jadi inddungna pikeun jadi caleg. Komo eui nu jadi carogéna mah Kang Lalam Martakusumah ngarojong pisan.*** Anto Sukanto



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Mapag Poé Basa Indung Sadunya (21 Pébruari) - Hj. Putriarti Putik Harumawangi, SE "Hoyong Ngagedurkeun Basa Sunda di Lingkungan Kulawarga""

Posting Komentar