WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Lur!!! Urang Sunda Wayahna Geura Nanjeur

Lur!!! Urang Sunda Wayahna Geura Nanjeur Asa lila-lila diantep t é h, beuki dieu, beuki dikekesek wa é . Batur mah deungen-deungen, nu ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kumpulan Panineungan: Cecep Hermawan, S.Pd.


Kumpulan Panineungan: Cecep Hermawan, S.Pd.

LEMBUR SINGKUR
DI PAKIDULAN



K
uring lahir 14 April 1980, digedékeun téh éstu di pilemburan, nyatana di pakidulan Cianjur; nu perenahna di Kampung Sukasirna Desa Kalibaru Kacamatan Pagelaran Atuh kangaranan hirup di lembur, katambah harita mah (taun dalapan puluhan) utamana widang téhnologi inpormasi jeung hiburan, can meuweuh siga ayeuna, kahirupan téh éstu sarwa pilemburan baé. Kadaharan jeung inuman éstu ngagunakeun bahan jeung cara pilemburan, papakéan najan sabangsaning kaén, baju, calana jeung sajabana, geus didatangkeun ti kota, tapi lebah dipaké mah katémbong kénéh ciri lemburna téh. 
Nineung puguh gé, mun pareng nyoréang ka mangsa ka tukang nalika tata katut cara  kahirupan di pilemburan masih kénéh némbongkeun ciri lemburna. Harita mah imah-imah gé masih imah panggung. Tapi ayeuna, apan geus ampir patengah malah boa leuwih, imah-imah téh diwangunna make bata ditémbok, nu sakapeung mah teu merhatikeun kana kualitas kakuatanana, dapon jadi baé. Barudak, isuk-isuk ngabring ka sakola, balikna sagawéna sabisana-saresepna; nu kana ngala suluh, ngangon domba, embé, munding, ngarit; lolobana mah kétang nu ngadon ulin baé, tapi ulinna ogé ala pilemburan, kayaning ucing-ucingan, gatrik, sondah, galah, langlayangan, guyang bari kokodok di wahangan, jeung sajabana, rupa-rupa kagiatanana luyu jeung uusumanana. 


PAMEDAL
KKG-MGMP BASA SUNDA PURWAKARTA

LEMBUR SINGKUR
DI PAKIDULAN

Keur Si Ujang, Héris Hermawan
Muga hidep apal yén Aab téh hiji ruruntuk jawara … ngarit

LEMBUR SINGKUR
DI PAKIDULAN

Kumpulan Panineungan: Cecep Hermawan, S.Pd.
(Guru Basa Sunda SMAN 1 Purwakarta)

Pangjajap: AGUS MULYANA, S.Pd.
(Pupuhu MGMP Basa Sunda
Kabupaten Purwakarta)
LEMBUR SINGKUR DI PAKIDULAN
(Kumpulan Panineungan: Cecep Hermawan, S.Pd.)
Dipedalkeun ku MGMP Basa Sunda Purwakarta
Jln. Veteran No. 164 Telp. 0264-200202/085221557615 Purwakarta 41118
Pedalan kahiji: Juli 2011
Gambar jilid & Ilustrasi: www.google.co.id
Website.: www.mgmpbasasundapwk.wordpress.com
HAK CIPTA DITANGTAYUNGAN KU UNDANG-UNDANG




E U S I N A

PANGJAJAP                                                                                 Kaca
1. Nineung ......................................................................                     7
2. Ngala Suluh  ................................................................                   12
3. Ngingu Domba ...........................................................                     19
4. Ngarit ………..............................................................                    24
5. Ma Encum jeung Aki Pa’i     ……….............................                   32
6. Ucing-ucingan ……………........................................                      39
7. Si Déblo.………………………..................................                    48
8. Manggih Suung jeung Supa.………...........................                       55
9. Tunggu Huma ……………….....................................                     62


NGUMBAR PANINEUNGAN DINA
LEMBUR SINGKUR CECEP HERMAWAN


Pangjajap ti: Agus Mulyana, S.Pd.
(Pupuhu MGMP Basa Sunda Kabupaten Purwakarta)


Lembur Kuring
Yasana: RTA Sunarya

Na di mana lembur kuring
Di nu anggang pagunungan
Ngenes ngangres duh tibelat
Nya mamanahan
Matak waas jeung kagagas
Ari ras emut ka lembur
Andon suka jeung nalangsa
Tilas kuring suka betah
Dibali geusan ngajadi
Pulangkeun kuring pulangkeun
Pulangkeun ka bale pulang
Lemah cai dunungan geusan ngancik

Lembur matuh, naha atuh
Milih Bandung kota kembang
Bandung nu heurin ku tangtung
Sasakala Sangkuriang
Dilingkung ku gunung-gunung
Gunung Cupu Mandalaayu
Hayu sindang ka Sumedang
Ngan pacuan ngarangrangan

T
eu ngahaja mimitina mah. Uprak-oprék kana laptop bogana Cecep. Ari goréhél téh manggih catetan. Panasaran dibaca, singhoréng catetan panineungan. Beuki pogot maca téh, asa maca buku Lembur Kuring beunang Syarip Amin. Antukna timbul rasa reueus ku kapunjulan hiji guru jaman ayeuna (anu teu weléh riweuh dina nyeuseuh niléy jeung ngayak murid) anu sakitu tapis tur parigel ngulinkeun kecap nepi ka ngajanggélék jadi kalimah nu euyeub ku galura rasa kelar pipikiran, sawangan, lamunan, jeung panineungan nyoréang alam mangsa ka tukang.
Dihenteu-henteu ogé, Cecep téh kungsi leutik heula, kungsi ngalaman jadi budak bolon (duka olol léhona mah), inyana kungsi  ngalaman rupa-rupa hal anu bisa jadi keur mangsa harita mah euweuh anéhna, euweuh éndahna.
Lembur Singkur di Pakidulan dina diri Cecep Hermawan lir sagara jeung lambakna. Ti mimiti nyaritakeun kaulinan, ingon-ingon, kadaharan, nepi ka jalma-jalma nu kungsi méré panineungan dina kahirupanana. Éta panineungan éstu némbrés dina ungkara kalimah anu écés dina ngagambarkeun kaayaan lembur pakidulan Cianjur alam harita.
Titénan dina bubuka ieu panineungan, ceuk Cecep:
Kuring mah lahir jeung digedékeun téh éstu di pilemburan, nyatana di pakidulan Cianjur; nu perenahna di Kampung Sukasirna Desa Kalibaru Kacamatan Pagelaran. Atuh kangaranan hirup di lembur, katambah harita mah (taun  dalapan puluhan) utamana widang téhnologi inpormasi jeung hiburan, can meuweuh siga ayeuna, kahirupan téh éstu sarwa pilemburan baé.

Sanggeus disarungsum, dibebenah sautak-saeutik, ieu catetan ngajanggélék jadi buku, kalayan harepan nambahan pabukon kasundaan, anu kiwari geus langka medal buku samodél kieu.
Nyanggakeun, wilujeng ngumbar panineungan ka nu kantos ngalaman hirup di pilemburan, atanapi mung saukur nyawang yén hirup di lembur mah kitu kaayaanana.
Purwakarta, Juli 2011.          







Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kumpulan Panineungan: Cecep Hermawan, S.Pd."

Posting Komentar