MUTIARA ISLAMI - JALMA ANU TAKWA
Diropéa ku : Kiwarta
D
|
ina raraga ningkatkeun katakwaan
ka Allah. Takwa anu ngandung harti ngajalankeun sagala parentah-Na sarta
ninggalkeun sagala larangana-Na. Takwa anu bisa ngalahirkeun sikep disiplin
dina ngalaksanakeun kawajiban salaku hamba Allah.
Allah
nyiptakeun manusa salaku kholifah dibumi ngabogaan pancén geusan ngamumulé,
ngolah, tur ngatur alam katut eusina sangkan sagala nu aya di alam dunya bisa
dialap mangfaatna kumaranéhanana.
Urang sadaya
sadar yén sagala pasualan anu di sanghareupan ku manusa can tangtu bisa kapecahkeun ukur kuakal
pikiran wungkul, jalaran éta Allah masihan tungtunan hirup anu sampurna keur
manusa dina ngalaksanakeun amanah-Na, nya éta agama Islam. Tapi teu saeutik
diantara maranéhanana poho yén dirina téh hamba Allah anu ngabogaan tugas ka
khalifahan di ieu alam. Manéhna kapincut ku kaéndahan dunya, ogé ka pependé ku
sagala kani’matan pupulasan; terus maranéhanana poho kana ni’mat Allah; maranéhanana
ngabogaan anggapan yén naon anu kapimilik éta mangrupa usaha tur hasil susah
payahna; maranéhanana ingkar kana tungtunan Allah. Lamun marenéhanana di tiban
musibah, baruk siga nu bingung, depe-depe bari ngalengis muntang–muntang
kana ka asihan Allah.
Sakumaha
dawuhan Alloh dina Al-Qur’an :
“Saéstuna manusa éta diciptakeun dina kaayaan susah payah, lamun pareng
ditibanan musibah maranéhanana sungkan jeung payah tapi lamun pareng manggih
kasenengan manéhna poho ka nu lian, kajaba jalma-jalma tukang ngadegkeun
shalat”.
Ieu ayat
netelakeun sipat kakurang manusia. Kakuranganana ku sabab lemah haté atawa iman
dina nyanghareupan kamewahan dunya. Mungguh Allah maranéhanana ka asup jalma
anu rugi.
Tapi ti
sawarehna manusa aya ogé anu tetep taat kana parentah Allah; dina waktu bungah
jeung dina waktu susah maranéhanana tetep ngadegkeun holat; tah nu kitu kaasup
kana golongan jalma-jalma anu takwa salawasna syukur kana sagala ni’mat Allah
tur maranéhanana teu leungiteun kadali dimana di tibanan kasusah jeung musibah,
maranéhanana yakin kana jangji-jangji Allah :
“Sing saha anu takwa ka Allah, pasti Allah bakal mere jalan ka luar ka
manéhna tur méré rizki tina jalan anu teu disangka-sangka.” (QS. Athalaq 2-3).
Kasusah anu
kaalaman ku jalma-jalma anu takwa éta heunteu ngajadikeun robahna iman maranéhanana,
malah maranéhanana beuki lewih deukeut ka gusti Allah. Maranéhanana teu
mopohokeun kana ni’mat ti Pangéran anu ku maranéhanana geus karasa nya éta
kujalan syukur tur ngagunakeun hartana
dina jalan Allah.
“Maranéhanana anu nganafakahkeun harta dina waktu bungah jaung keur
nandangan kasusah.”
Ku kituna urang sadaya tangtu bakal sadar kana fungsi
jeung tugas hirup urang ayeuna. Payus pisan mun urang ayeuna ngusahakeun
sangkan tetep aya dina jalan Allah nya éta jalan anu jadi liliwatan jalma-jalma
anu takwa.
“He jalma-jalma anu ariman kudu takwa aranjeun ka Allah kalawan anu
sabenerna takwa, sarta poma aranjeun rék maot anging nalika geus aya dina
kaislaman”. (QS. Al Baqarah: 132).
Dina ayat nu séjén
diterangkeun yén jalma éta bakal meunang kabagjaan;
“Satemenna jalma-jalma takwa anu meunang kabagjaan.” (QS. An Naba; 31)
Hirup urang téh
samentara, moal lana, sakabéh anu ku urang dipiboga, boh harta-banda, anak
turunan atawa pangkat jeung kadudukan, éta samata-mata amanah Allah. Hak milik
urang hakekatna amal perbuatan anu ku urang dipigawé dina raraga ngalaksanakeun
amanah éta mangrupa cenglengan anu bakal bisa ngajamin kana kabagjaan dunya
rawuh akherat.
“Misilna jalma-jalma anu nganafkahkeun hartana di jalan Allah, éta
saperti hiji siki anu dipelakkeun, éta siki ngajadikeun tujuh dahan, tiap-tiap
dahan jadi saratus siki. Allah ngalipet gandakeun ganjaran ka sing saha anu
dikersakeun, Ari Allah eta Anu Maha Jembar tur Maha Uninga.” (QS. Al Baqarah:
261).
Ieu mangrupa
jangji Allah ka jalma-jalma anu beriman. Piraku urang teu rék kabita,
sedengkeun Allah tara sulaya kana jangjina tur pasti bakal jadinya. Dina hiji
mangsa bakal ditembrakkeun sagala tingkah laku manusa di dunya.
Sagala amal
manusa boh alusna boh goréngna bakal aya ganjaranana. Pikeun jalma anu takwa
tangtu moal ngalakukeun pagawéan goréng atawa kajahatan. Ogé memang kitu
sakuduna anu dipigawé ku urang. Lampah jahat biasana mangrupa pagawéan anu bisa
nimbulkeun amarah, sedengkeun amarah éta nafsu anu dikadalian ku setan, sarta
jalma anu takwa nya éta anu salawasna ngajauhan nafsu setan.
Dina kahirupan
sapopoé teu kurang-kurang kaalaman ku urang hal-hal nu teu cocog jeung ati
sanubari sok nimbulkeun amarah. Éta emang geus sifat manusa anu salawasna
ngagugu hawa napsuna.
Sakumaha
jangji Allah, mantenna bakal ngawales ku ganjaran ka jalma-jalma anu migawé
amal kahadéan tur bakal nyiksa ka jalma-jalma anu milampah kajahatan. Salila
lumangsung hirup, urang diperedih sangkan ningkatkeun amal ibadah ngarah
ceng-celengan amal urang bisa ngajamin kana meunangna kabagjaan. Singkirkeun ku
urang laku-lampah jahat sangkan urang dijauhkeun tina kasangsaraan di akherat,
urang sadaya bakal mulang ka dinya tur bakal salanggengna.
Wujud takwa
lain wungkul dina harti ibadah anu heureut tapi ogé ngawengku kahirupan
masarakat pikeun ngawujudkeun masarakat aman tengtrem kalawan aya dina karidoan Allah Swt.
Urang, umat
Islam bangsa Indonesia bener-bener diperedih sangkan bisa ngabuktikeun
katakwaan urang, takwa anu lain ngan ukur kacapangan atawa sumpah anu
diucapkeun ku lisan wungkul, tapi takwa anu dibarengan ku bukti amalan, komo
deui ayeuna mangsana nagara keur ngahangkeutkeun pangwangunan, supaya naon anu
jadi harepan urang insya Allah tinekanan.***
0 Response to "MUTIARA ISLAMI - JALMA ANU TAKWA"
Posting Komentar