WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ragam Opera Sunda Ngirut Warga Mikareueus Budaya

Ragam Opera Sunda
Ngirut Warga
Mikareueus Budaya

Kénging Rudi H

Mangle
kagiatan Ragam Opera Sunda [Potrét/Ilustasi: dok. Raos]
Cara ngamumulé budaya daérah, payus nyonto ka budaya Sunda. Budayana lain saukur jadi tatapakan pasipatan dina lampah hirupna, tapi ogé jadi pangjurung ludeung dina mekarkeun kreativitas ti saban generasi ka generasi. Pangna kitu, saban paguyuban atawa lembaga nu micinta budaya, teu weléh pada ngajenan jeung ngahaminan. Sapertina waé nu kamari ieu dilaksanakeun ku Ragam Opera Sunda (RAOS) 15 Oktober 2018 di Gedung Kesenian Mayangsunda Bandung. Sababaraha kagiatanana, éstuning pikaresepeun nu saterusna méré sumanget keur terus ngamumulé budaya Sunda ka jauhna.
Nurutkeun Téh Citra salahsaurang panatacalagara ieu kagiatan, midangkeun sababaraha tari tradisional, longser ti mang Koko, sulap jeung sajabana.
Kitu deui dina raraga ngadumaniskeun budaya dina panéka jaman, atuh dipidangkeun ogé para pamaén panghadéna, di antarana Jo Limbads (Atraksi Sulap) - Mang Koko (Seniman & Komedian TV Lokal) - Belly (Komedian Longser Jawa Barat) -Sangadifa Ensemble (Musik x Tari Kontemporer Etnik) - Cepot (Dalang Azis Jr) - Tari Rampak Kendang, nu dipandu ku Rizky Wildan - Anya Rama Altha (Announcer RAMA FM).
Alpukahna Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Kota Bandung, pihak panatacalagara nu dilaksnakeun ku EXTRO Organizer, ogé dirojong ku sababaraha lembaga, saperti Majalah Manglé,  LSBS Unisba - Papah Catering - Sate Roti Kumpeni - N2 Frame - Bandung Event - Bodor_Sunda - 52 Event - Rase FM - Garuda FM - PR FM - Info Mahasiswa Unisba - Bem Unisba - Madafakah Prod. - LISENDA Itenas sarta Minikutu.
“Tujuanana ngiring ngahudangkeun deui kareueus masarakat kana budayana. Atuh alhamdulillah seueur pisan nu sarumpingna,” ceuk Citra semu bungah.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ragam Opera Sunda Ngirut Warga Mikareueus Budaya"

Posting Komentar