WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Rio Febrian Wilantara Ngajak Nonoman Ancrub Kana Pulitik

Rio Febrian Wilantara
Ngajak Nonoman
Ancrub Kana Pulitik

Kénging Rudi H

Mangle
Rio Febrian Wilantara [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]
Huluwotana kamajuan bangsa, aya dina ketak pamudana. Pangna kitu, pamuda Jawa Barat nu panglobana di Nusantara, payus jadi ‘modal’ penting keur némbongkeun ketakna di dunya pulitik. Ngan kumaha carana? Rio Febrian Wilantara, Pupuhu DPD KNPI (Komite Nasional Pemuda Indonesia) Jawa Barat, bruk-brak ka Manglé.
***
Pamuda Jawa Barat boga karep jeung kahayang. Atuh, kasempetan keur leuwih maju batan generasi saméméhna, bakal terus ngabulungbung luyu jeung panéka jamanna. “Mémang dina larapna, kanggo generasi nonoman, sagala widang kiwari témbong pisan kompetitifna. Komo sacara geografis, Jabar nampeu pisan ka puseur Ibukota,” ceuk Rio Febrian Wilantara.,S.H.,M.A.,C.LA, Pupuhu DPD KNPI Jawa Barat basa tepung rinéh di Jonas Fhoto  Jalan Progo Kota Bandung mimiti ngobrol.
Upama Rio Febrian nyarita kitu, mémang dina kanyataanana loba kasaksén, dina sagala widang, pangpangna sual ékonomi jeung politikna, karasa pisan persainganana. Hartina, upama pamuda Jabar teu engeuh jeung teu mampuh némbongkeun kawani jeung kréatifitasna, mangka bakal kacida rugina.
Upama gambaran kaayaan kiwari di Jawa Barat saperti kitu, tangtu kudu jadi pamecut ogé keur némbongkeun ketak pamuda di tingkat nasional. Mémang ieu Pupuhu KNPI Jawa Barat ogé, teu ngaleuleungit, malah payus jadi kareueus para-pamuda Jabar nu bisa nyeungitan di tingkat nasional. Tapi dina widang nu pangaruhna leuwih gedé, saperti dina widang ékonomi jeung pulitik, kudu jadi kasadaran pamuda Jabar sorangan. “Di antawisna, upama téa mah sacara kultur sok aya rasa isin, atawa wani saukur di lembur sorangan, ti ayeuna mah kedah dirobih. “Palebah dieu, KNPI Jabar ogé, teu weléh ngingetan, kumaha waé carana, paradigma mikir pamuda ayeuna, kudu robah,” ceuk Rio pupuhu KNPI Jabar nu kaasup bisa mangkas lintas generasi ti biasana.
Keur pamuda sirung harepan bangsa, dina prakna mémang butuh pangajén ogé ti pihak séjén. Pangna kitu, palebah dieu ceuk ieu lulusan Master Sosiologi Universitas Malaya – Malaysia, mekarkeun pemuda Jabar kiwari butuh komitmen ti pamaréntahna, kasadaran masarakat dina matéahkeun pamuda, ogé aksés informasi. “Tilu hal éta, mémang modal penting keur némbongkeun ketak pamuda Jabar, kaasup ka tingkat nasional,” ceuk ieu teureuh Sukabumi gedé harepan.

Pamuda Nyaah ka Lemburna
Dina mangsana téhnologi modél ayeuna, informasi naon waé lir nu teu aya watesna. Ahirna sering jadi loba rambat kamaléna, kaasup ketak pamuda dina matéahkeun widang ékonomi jeung pulitikna. Lantaran kitu, ceuk ieu pangusaha IT Solution Development, pamuda kudu boga udagan usaha mandiri. Kitu deui dina widang pulitik, kudu mampuh ancrub, ulah saukur jadi bobotoh wungkul. “Dina usaha kedah jadi pangusaha, atuh ancrubna kana pulitik ulah kagok kudu jadi,” ceuk Rio Febrian ngingetan.
Upama panalinga ieu Pupuhu KNPI Jabar kitu, lantaran Jabar nepi ka ayeuna lir nu jadi pakalangan batur baé.  Contona waé dina widang ékonomi. Ceuk Rio, nu arusaha kaos Persib waé, apan lolobana mah urang batur. Ayeuna, jumlah bobotoh nu mareuli kurang leuwih 15 jutaan, hartina, upama nu arusahana para pamuda Jawa Barat, tangtu tingkat karaharjaan pamuda Jabar ogé bakal ngaronjat kacida.
Dina widang politik deui, ceuk Rio loba pisan caleg nu teu wawuh jeung teu jelas bibit buitna. Hartina, upama ninggang kaayaan saperti kieu, Jabar mangsa ka hareup, pamohalan bisa némbongkeun ketakna di tingkat nasional. Pangna kitu, jatidiri pamuda Jabar, hususna nonoman Sunda, ceuk ieu lulusan Universitas Pasundan, tetep dasarna mah ulah leungit tina nyaah ka lemburna. “Hartosna, salami aya tokoh Sunda Jawa Barat, nu bisa manggung di tingkat nasional, jinek bakal dirojong ku pamudana.
Ngan nyakitu, ceuk ieu Pupuhu KNPI Jabar ogé, kabiasaan para pamuda Jabar kudu bisa robah. Saperti tina kaunggulan pamuda nu raresep guyub, tapi ari pas ngajinekkeun cita-cita babarengan keur kapentingan Jawa Barat sorangan, ulah babari paburencay deui.
“Naon waé peranna, pamuda Jabar kudu nyaah ka sarakanana. Atuh kiwari ogé, keur dihangkeutkeun di KNPI program ‘Pemuda Kembali ke Desa’. Kituna téh, sangkan pamuda kiwari henteu leungiteun kanyaah ka sarakanana. Sapertos ngebon, tatanén jeung sajabangsana,” pokna deui.
Kiwari, ditengah-tengah loba nonoman udaganana kana pulitik, ceuk Rio, prinsipna teu salah, salila pamuda éta, henteu leungiteun idiologi jeung idealismena. “Da nu hariwang mah, muncul sikep pragmatis téa,” ceuk ieu pangusaha muda di PT. Hamster Kreasi Global (Topi) téh.
Gambaran kawas kitu, tangtu keur KNPI ogé jadi perhatian serieus. Atuh dina mancén ngapupuhuan KNPI Jabar ogé, keur Rio nu kasebutna bisa motong generasi, jinek, geusan némbongkeun kultur anyar, nyaéta ngajauhan sikep pragmatisme. Carana? ceuk ieu carogé Irena Patriani, pamuda nu ancrub pulitik, kudu kuat heula modal ékononmina, malah bener-bener kudu jadi pelaku ékonomi.
“Ulah dugi ka teu acan ogé tempur, tos ribut ti heula. Tah pami kiat ékonomina mah, moal kajantenan,” pokna deui.
Lian ti KNPI geusan némbongkeun kultur anyar, ogé méré pandangan nu béda sual watesan umur pemuda 16-38 taun sakumaha nu aya dina RUU Kepemudaan. Ceuk Rio, keur Jawa Barat, teu dipiharep, kabéh tingkatan kudu dipatok dina 38 taun. “Kedahna aya siklus nu saé, sapertosna waé kanggo tingkat kacamatan 25 taun, atuh kanggo tingkat kabupatén atawa kota 30 taun,” pokna témbrés.
Para nonoman Jabar kiwari, teu weléh mekelan pangaweruh jeung kaludeungna. Naon waé pakarepan, kaasup nu resep kana pulitik, bisa kasorang tur mangaruhan kana kaayaan lemburna. Pangna kitu, dina larapna démokrasi, KNPI ogé teu petot-petot ngajaga démokrasi keur nengtremkeun kaayaan Jawa Barat. “Insya Alloh, margi pribados mah sanés anggota partéy, janten moal kagok pami ngingetan pihak nu hoyong nyieun kariceuwan,” ceuk ieu pangarang buku Strategi & Kebijakan Pengembangan UMKM jinek.

Napakkeun Papatah
Rio Febrian Wilantara, lahir di Sukabumi 3 Februari 1986. Upama ayeuna kasebutna nonoman nanjung, dipercaya mupuhuan DPD KNPI (Komite Nasional Pemuda Indonesia) Jawa Barat, Rio gé teu poho ka bali geusan ngajadi, pangpangna ka sepuhna nu teu weléh jadi guru sakaligus pangaping dina lampah hirupna. Ngan, keur Rio ogé, keur leutik mah teu kungsi ngimpi-ngimpi acan bakal jadi pamingpin di hiji lembaga kapamudaan sa-Jawa Barat. Nu jelas, alatan terus sumanget diajar di leutik kénéh, ceuk Rio, alhamdulillah aya mangpaatna. Ngan kétang keur Rio, teu weléh muji sukur ka Alloh Swt., lantaran meunang guru pangaping langsung ti sepuhna, Prof. Dr. H. Rully Indrawan sareng Hj. Lilis Nurhasanah.
“Terbang tinggilah garudaku. Kepakan sayapmu terus menerus. Hanya dengan itu sayapmu akan semakin kuat dan besar. Waktumu cukup leluasa untuk mengarungi birunya angkasa dan putihnya awan. Semakin tinggi terbangmu, akan semakin tajam pengliatanmu, dan semakin bijaksana melihat bumi. Yakinlah suatu saat, bulumu akan menjadi emas.” Ceuk Rio, papatah sepuhna kitu, bakal jadi tatapakan saterusna.
Sabada sakola SD, SMP, SMA, kuliah S1 di Universitas Pasundan terus S2 di Universitas Malaya-Malasyia, jeung sababaraha aktif di sababaraha organisasi, saperti di AMS, keur Rio jadi modal nu kacida pentingna. Kitu deui, bisa wani usaha mandiri tur suksés di sababaraha pausahaan, saperti di PT. Hamster Kreasi Global (Topi), di Bold Sport Apparel (clothing), ogé PT. Pilar Teknologi Asia, ceuk Rio nu ogé pernah jadi dosen di Univesitas Pasundan téh, éstuning alatan ngalarapkeun papatah sareng pangrojong do’a sepuhna.
Kiwari, sabada sibuk mancén dina rupa-rupa kagiatan, ahirna Rio Febrian Wilantara  mancén pupuhu KNPI Jabar. “Alhamdulillah tiasa dipercanten. Lian hoyong merjuangkeun pemuda Jabar manggung ka jauhna, népakeun kultur anyar pemuda mandiri, ogé sadirieun mah mugi tiasa nambihan silaturahmi. Nu jelas, di mana waé ogé kedah teras midamel kahadéan,” ceuk Rio nu hobina olahraga Jiu Jitsu nutup obrolan jeung Manglé.*** 

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Rio Febrian Wilantara Ngajak Nonoman Ancrub Kana Pulitik"

Posting Komentar