Watma rék Merangan "Waralaba" di Purwakarta
Watma rék Merangan "Waralaba"
di Purwakarta
“Malah contona,
inyana mun calik di dewan rék ngarobah jam buka jeung jam tutup waralaba (indomart, alfamar)tnu
sangeunahna waé. Tangtu keur padagang pasar tradisional teu kabalanjaan. Saperti
halna waralaba bukana kadang isuk-isuk nepika 24 jam. Tangtu mangaruhan ka
pasar tradisional nu biasa buka saméméh subuh kisaran antara jam 4 subuh nepika
jam 5 Asar. Sok sanajan rejeki mah tos aya nu ngatur (Alloh SWT),” pokna lalaki
lalanangjagat teureuh Tasik nu geus batian 9 salila 26 taun di Purwakarta.
di Purwakarta
“Klik ka Partai
Garuda nu sapagodos jeung haté dina merjoangkeun IKAPI hususna di Kabupatén
Purwakarta pikeun merangan waralaba”
G
|
eus jadi sabagian tina lalakon
hirupna Watma Yayat Hidayat ti
bubudak kénéh diajar mandiri. Komo waktu keur ngamimitian ngumbara ka
Purwakarta ti taun 1993, jalan hirup laku lampah na téh dagang bari jeung
jongkona ukuran samétér ka samétér. Kituna ogé ngamodal saratus rebu. Dagangna ogé
jualan bumbu renceng sarupaning bungbu dikemas sapalastikeun tur diuntun.
Ningali
kondisi nu saperti kitu, Yayat Hidayat
mimiti hirup mandiri tanpa dorongan ti kulawarga jeung dulurna, ngamangpaatkeun
modal ngan sakitu-kituna. Mun ku ayeua mah modal saratus rebu téh aya kana Rp.
1 juta.
Nikreuh jeung
ngeureuyeuh nu jadi patokan hirupna. Lajuning waktu nepika Yayat dagang di
Pasar Rebo milu ngadu nasib. Tina ladang saratus rebu téh, nya puluhan taun katukang,
minangka jadi peurah guesan ngahontal cita-cita jadi padagang anu sukses.
Pakasaban
dagang keur dirina téh, bisa mandiri teu leupas tina pangalaman nu kungsi
saméméh ka Purwakarta, nyatana di Jakarta digawé jeung batur nu mindeng dititah
kaditu kadieu ku nujadi dununganana nepika teu betah.
“Nya,
nincak kana taun 1993, di kota budaya ngamandirikeun dirina dina pakasaban
dagang. Tanpa pikir pondok deui, jongko/lapak nu ukuran samétér ka samétér jadi
harepan sukeses. Harita Pasar Rebo teu kawas ayeuna jadi dua Pasar Modern nu
tempatna ngalewatan érél jeung Pasar Tradisional nya tempat nu teu direlokasi,”
pokna Yayat nalika ngawangkong jeung WSO di bumina (26/12).
Nitenan
pakasaban dagang éta téh, nepika batur-batur na ngarojong sim kuring pikeun
milu aub dina Pemilhan Legislatif (Anggota Dewan) 2019. Anapon kitu Ketua DPC
Garuda Purwakarta, Suripto ngarojong sim kuring pikeun nyalik diparlemen di
Gedung Putih (DPRD-red). Inyana rék merjuangkeun masarakat nu alit nu kalebet
dina beungkeutan Ikatan Pedagang Pasar Indonésia (IKAPI). Lantaran wadah ieu nu
ngagedeeun tur apal persis bangbaluh nu disanghareupan.

Ku kituna, “hayu
urang singkil babarengan balanja di tatangga deukeut keur ngabantu paekonomian,”
kitu nalika kampanyé Yayat ka lingkungan sabudeureunna.*** (Anto Sukanto)
0 Response to "Watma rék Merangan "Waralaba" di Purwakarta"
Posting Komentar