Sakur Pangunjung, Tong Asa-asa Asup ka Galeri Wayang
Tong Asa-asa Asup
ka Galeri Wayang
Pemda-Warta Sunda Online,
K
|
abupatén Purwakarta mibanda
sawatara tempat nu mernah pikeun didongdon ku anu resep kana seni budaya. Hiji
diantarana, Museum Galeri Wayang, nu perenahna di Komplek antor Pemkab
Purwakarta.
Ieu museum
memang can pati kumplit. Najan kitu, musieum téh geus bisa ngagambareun
beungharna lemah cai u seni budaya nu disebut wayang. Museumna ogé geus bisa
ngalantarankeun pangaweruh nu nyungsina ngeunaan wayang.
Enya, apan
di jerona réa koleksi wayang jeung nu aya patalina jeung wayang nu disimpen di
ieu musieum. Antarana waé, ratusan wayang golek nu jinis jeung ukuranana
béda-béda, kumplit jeung gamelanana.
Sajaba ti
dieusian ku koleksi wayang golek, musieum téh dieusian ku koleksi séjén, nyaéta
koleksi wayang kulit ti Jawa Tengah, topeng wayang, lukisan sarta lukisn kaca
nu téma wayang. Sarwa wayang cindekna mah.
Indah
Pratiwi (25), petugas musieum netelakeun ka Warta Sunda Online, (26/12),
koleksi wayang nu aya di musieum téh jumlahna ngahontal ratusan. Koleksi nu
pangréana, nyaétawayang golek. Husus koleksi wayang golek, lantaran lengep
jeung gamelan sapuratina.
Nurutkeun
mojang lulusan STKIP Cimahi 2016, ieu téh, salaku petugas teu gampang kitu waé
nalika ditarima gawé di Musieum Galeri Wayang. Lantaran, “basa keur daftar téh
nu ngalamar nepika ratusan urang, kari-kari sim kuring hiji diantarana
katarima. Sedengkeun nu dibutuhkeun aya kana 50urang nu ditempatkeun di Musieum
Diorama, Balé Indung jeung Musieum Galeri Wayang. Keur dirina sok digilir dua
sif. Kaleresan ayeuna sif enjing nalika diwawancara,” pokna Indah.
Salaku
petugas, inyana sok mindeng ditaros ku para pangunjung ti mimiti urusan
ngajelaskeun jenis-jenis wayang, ngaran wayang nepika nyaritakeun prilaku/karakter
éta wayang. Tapi kulantaran geus didik ku pihak Pariwisata Budaya, nya
sasieur-sabeunyeureun élmu pengetahuan tiasa ngabagéakeun pra pangunjung. Pon kitu
deui kungsi ngajelaskeun ku Bahasa Inggris, pedah wisatawan ti German naroskeun
patula-patalina sosok golek Gatotkaca.
Sedengkeun jumlah
pangunjung keur dirina ngamimitian tugas ti taun Januari 2017 di musieum galeri
Ku kituna,
ieu musieum téh, kaasup kajojo. Éta hal nitenan diluhur ku seueurna pangunjung
mana komo tina sapoéna pangunjung aya kana 500 urang nu gawengku ti Bogor,
Jakarta, Bandung, Medan nepika ti mancanagara.
Pikeun pangunjung
nu kakara ngadongdon ka Kabupatén Purwakarta mun nepika aya dilingkungan Pemda,
inyana miharep sakur pangunjung, tong asa-asa asup ka galeri wayang, da haratis
teu dipulut saperakna ogé.*** (Anto S)
0 Response to "Sakur Pangunjung, Tong Asa-asa Asup ka Galeri Wayang"
Posting Komentar