WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

BPWC – PJB Nutup Jalan Jalur Bendungan Cirata


BPWC – PJB
Nutup Jalan Jalur Bendungan Cirata

Warta Sunda Onliné,
T
aun 2018 ngan ukur sababaraha jam deui ahir. Keur pihak Badan Pengelola Waduk Cirata (BPWC) dina tutup taun mah sok mindeng ngabewarakeun ngeunaan STERIL JALAN BENDUNGAN CIRATA.
Peng-sterilan jalan bendungan Cirata téh, dina raraga tertib administrasi. Saperti halna nu baris dilaksanakeun ping 31 Desember 2018. Kitu ceuk salah saurang petugas (security PJB) nu aya di Pintu Cilangkap Désa Cadassari Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwaarta, Erwin (28/12).
Sapertos tembong dina gambar
Lain deui nu kasauran Petugas PJB (Seurity) Pintu Palumbon Maniis, Abdulrohman jeung Dikdik, yén sterilna jalan lintsan bendungan Cirata téh dina taun 2009/2010 kungsi ngalaman macet salil dua jam, lantaran membludakna para pengujung nu ngadon hayang ningali waduk Cirata jeung pemandangan sabudeureun. Antukna tilu titik di panto gerbang jalan lintasan Cilangkap Tegalwaru - Purwakarta, panto panto gerbang jalan lintasan BPWC Cipeundeuy Bandung Barat jeung panto gerbang jalan lintasan Palumbon Maniis – Purwakarta, para pengunjung teu bisa kaditu kadieu, poma deui mobil pengangkut lauk nu ka Jakarta keun teu bisa liwat.
Ku kituna kiwari tarékah pihak BPWC jeung PJB Cirata dina upayana nutup jalan gan ukur 2 jam atawa ti mimiti jam 23.30 – 00.30 WIB dibuka deui jalan jalur bendungan Cirata.*** (Life Rifort_Anto Sukanto)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BPWC – PJB Nutup Jalan Jalur Bendungan Cirata"

Posting Komentar