WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

ORKES CAP SORGA DUNYA

ORKES CAP SORGA DUNYA
Keur Mang Dian jeung Cép Mugi

Deuleu ku pangdeuleu.... inya
Saitu banget meuleuneu
Keureut beungeut nampeu ceuleunyeu
Dipapas harigu neuhneur
Nyoara ngoncrang arula arileu
"Kamulah mahluk tuhan yang tercipta yang paling seksi" 
Ngagedurkeun salaksa dahana
Nu tan wates sangen ngajorang lengobing batin... bét geugeut euy!
Inya ngajulaeu... leuh, handeueul cadu!!
Bedul téh...!!

Orat pagulung jeung sahwat
Nafsu ka berung ku rayu
Tamada!! Har, kapan laku lampahna....
Daék medu! Teu paduli!

Tétéla....!!
Rasa dunya ukur seret genggerong bari kawates ku kaseglong
Deuleu dunya ukur seret kongkolak panon, awatos ku teu katénjo
Denge dunya ukur seret rebingna ceuli, kawates ku teu kawaro
Nafsu gé diwates! Ukur seret uwar awér... uwr awur...
Puguh da rasa, deuleu jeung dengé sia mah ukur pupulasan... wadul jeung nipu!

Geuning : "Nafsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan" cenah di aleu-aleu

Sing seukeut deuleu euy! Sing imeut!
Ulah negrak teu katémbong
Moncorong ngaharib goong
Meletét badis kulanter
Baleg... baleg...!!
Teu baleg... teu baleg...

Bray..bray...bray...
Sing caang!!
Sing teleb. sing anteb!!
Keukeuweuk sing pageuh
Ka gedong sigrong molongpong


Garokgek, Maret '08
Lalajo Tuluy Jorojoy
Den Is Kiara

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "ORKES CAP SORGA DUNYA"

Posting Komentar