WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PANGARANG

KUMPULAN SAJAK


Pihatur Pangarang
Sugrining puji ka Gusti nu Maha Suci pamugi jadi ciri nu babakti ka Hyang Widi, sukur kanu Maha Gofur nu jadi balur sampulur pikeun badan sakujur, puja kanu Maha Kawasa nu jadi tanggara raga manusa taya daya taya upaya anging kersa mantén-Na.
Rehing ieu tulisan rengsé dipigawé. 
Laksa tamada ka :
Sakur nu kasabit nami, saban nu kasebat asma. Sakur nu kasabit nagari, saban nu kasebat nagara. Paralun malum anu kasuhun, wening galih nu dipamrih, dipalar rido manahna. Paralun narutus gunung, palias narajang alas, amit-amit nyungsi pasir. Tabé pun!
Rewu nuhun ka :
1.  Nu pasti ka Gusti
2.  Baping, Eming
3.  Nyi Dedeh Faridah (Indung budak) nu sabar ngaulaan.
4.  Rd. Rangga F. Nitinagara (Si Jalu) nu haben ngaganggu.
5.  Utun inji nu masih kénéh na kandungan indungna (3 bulan)
6.  Dulur nu papat kalima uing.
7.  Karuhun, Guru, Sesepuh, Alim Ulama... kum
8.  Sakur dulur, batur, baraya, sanak pamili, kadang warga nu nyampak dimana-mana, nu katata nu katata, kum teu diwiji-wiji.
Mugi katampi ieu pangbakti.
Rumasa wungul puraga tamba ka dengda. Mun di lembur kayu randu, mun dileuweung kayu dangdeur, dipaké pamikul bengkung, dipaké pangerét bingkeng dipaké pancar teu ruhay, dipaké tihul teu hurung. Tayohna kitu pandé kaula... sumuhun.
Teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi tangéh rék tepi, tumamprak sadaya-daya. Cag...

Garokgek, 30 Juli 2009
7 Rewah 1430

Baktos pun
Deden Is Kiara 



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PANGARANG"

Posting Komentar