NONOMAN KOMP@S MIARA LEUWEUNG

MIARA LEUWEUNG
Warta Sunda Online,
Bagéa Lur!
Kiwari para nonoman nu miboga perhatian kana weuteuhna leuweung jeung kahirupan nu aya disabudeureunnana geus arang langka. Komo bari jeung méré katerangan ka penduduk di lembur bohna nu di kota ngeunaan pentingna mulasara daérah hususna Daérah Aliran Sungai.
Sawatara waktu katukang nalika Warta Sunda keur aya diwewengkon Kacamatan Sukasari tepung lawung jeung salahsaurang nonoman nu aya perhatian kana mulasara éta leuweung. Sebut waé Kang Mokh Arifin nu biasa disebat. Dina hal ieu mah anjeunna téh nyaritakeun kasang tukang ngadegna Komp@s.
Kasang tukang ngadeg na KOMP@S (Komunitas Pecinta Alam Sukasari) Purwakarta tujuanana pikeun nandeskeun salahsawios tugas manusa salaku kholifah filardi, tegesna mah silih nasehatan dina nyalametkeun alam dunya sangkan tong nepika dirogahala ku manusa. Pon kitu deui nu namina alam dunya téh, éstuning kedah dimumulé, lain ari ieu mah diruksak ku manusa nu teu tanggungjawab. Kituna ogé alam jeung pangeusi na téh tong nepika tumpur (punah).
Pon kitu deui yén kaayaan di sabudeureun Sukasari anu tempatna masih kénéh asri nu ditingker ku sababaraha gunung katut daérahna aya dina wilayah Daérah Aliran Sungai (DAS) anu ngamalir cai ka daérah puseur dayeuh ibu kota negara Indonésia nyaéta DKI Jakarta tur daérah séjénna saperti Kabupatén Karawang, Subang, jeung Kabupatén Indramayu. Dina ha lieu, keur daérah nu disebut éta téh pikeun kalumangsungan kahirupan sapo-poé rahayat loba. Sarta keur karaharjaan urang saréréa.
Kukituna pihakna, ka para pamos majalah Warta Sunda Purwakarta ngawanohkeun lembaga swadaya masyarakat KOMP@K ieu téh dina raraga keur ngamumulé alam dunya. Malah mandar program kapayuna téh hoyong gawé bareng jeung staké holdér nu aya pakuat-pakait jeung komunitas pecinta alam (PA-red) ti sabudeureun Jawa Barat kanggo penyuluhan ka warga DAS ti hulu ka hilir pikeun ngamumulé alam ogé reboisasi leuweung anu bulistir.
Disagedengeun éta, yén KOMP@S téh diresmikeun ping 31 Agustus 2013 di Villa Gunung Buleud Kecamatan Sukasari. Kalih ti éta, dihandap ieu rengrengan Pangurus Komp@s periodé 2013-2014 ti mimiti Penasehat/perintis : Mokh Arifin, Ketua : Firdaos, Sekretaris : Sugeng Permana, Bendahara : Cucu Latifah & Hana Fatmala sarta dibantos ti para anggota Komp@s : Hana, Aang, Ahmad Satibi, Robi, Fahmi, Adi, Nano, Tiar katut para Mahasiswa Sa-Kecamatan Sukasari.
Dihandap ieu katerangan eusi ma’na warna jeung harti logo KOMP@S.
Warna Hideung (Hitam) ngagambarkeun Misteri alam dan manusia sebagai pegangan hidup (bersikap, berbuat dan mengambil keputusan).
Warna Beureum/Merah : Keberanian dalam (bersikap, berbuat dan mengambil keputusan) dalam setiap gerak dan langkah.
Warna Bodas/Putih : Kesucian yang melambangkan jiwa dan sikap yang beriman dan bertakwa kepada tuhan yang maha esa.
5 Bintang merupakan pancasila sebagai azaz yang saling terikat satu sama lain.
Petir sebagai isyarat kecepatan.***
0 Response to "NONOMAN KOMP@S MIARA LEUWEUNG"
Posting Komentar