Urang Sunda Milu Nyaksian Proklamasi kamerdékaan RI, 17 Agustus 1945
Proklamasi kamerdékaan RI, 17 Agustus 1945, lain peristiwa anu ujug-ujug, da dikasang-tukangan heula ku peristiwa sahareulaeunana. Konsép dasar nagara jeung pamaréntahan dipadungdengkeunana dina rapat PPKI, anu anggotana para tokoh nasional, jumlahna 27 jalma. Tina jumlah sakitu, tilu di antarana urang Sunda (Oto Iskandar di Nata, Wiranatakusumah, jeung Iwa Kusuma Sumantri).
Aya catetan anu disusun ku Iwa, anu kaasup gemet, waktu medar peristiwa sabudeureun proklamasi, dijudulan Sejarah Revolusi Indonesia (tilu jilid). Iwa téh kaasup saksi sajarah anu engeuh kana pentingna nyieun dokuméntasi, keur mah deuih anjeunna téh inteléktual (lulusan paguron luhur di Nagri Walanda). Tangtu waé anu ditulis ku Iwa mah lain dumasar kana béja, tapi kaalaman ku pribadi. Ngan jigana catetan anu disusun ku Iwa téh kurang dipikawanoh ku urang-urang, da apan anu remen dibaca téh buku sajarah anu teu mustahil dina nyusunna aya muatan kapentingan pulitik.
Jadi, ceuk saha urang Sunda teu pipilueun dina nyusun konsép nagara saméméh RI diproklamasikeun? Mun ceuk Mang @ Irmand téa mah, anu nyebut kitu, sok gelut jeung déwék! Ha-hah ….***
Kintunan Ade Suryadin.
0 Response to "Urang Sunda Milu Nyaksian Proklamasi kamerdékaan RI, 17 Agustus 1945 "
Posting Komentar