WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Tugas Kepala Sakola Jenjang SMA/SMK nu Jauh ti Imahna, rék Lumaku Sistem Domisili

Tugas Kepala Sakola Jenjang SMA/SMK nu Jauh ti Imahna, rék Lumaku Sistem Domisili BANDUNG – Grup Majalah Warta Sunda,- Aya r...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MA Al-Muthohhar Paléréd Mitembeyan Lunching E-Learning Program Kemenag


Katerangan Poto : ti katuhu H. Arif (Kasi Madrasah), Drs. H. Tedi Ahmad Junaédi, M.Si,(Kepala Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta), sarta Kepala Madrasah Aliyah Al-Muthohar Paléréd, Ibu Hj. Betty Syamsiati, S.Ag, MM. Salasa (04/08/2020).* 

MA Al-Muthohhar Paléréd Mitembeyan Lunching E-Learning Program Kemenag

PALÉRÉD - Warta Sunda Onliné,

M

ADRASAH ALIYAH (MA) Al-Muthohhar Paléréd, hiji-hijina sakola madrasah aliyah swasta nu ngamimitian ngayakeun kagiatan workshop E-Learning program Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta. Dina hal ieu mah, MA Al-Muthohhar magelarkeun kagiatan nu saperti kitu. 

Kagiatan nu kitu téh, kalintang saé pisan. Sok sanajan dina kaayaan sasalad Covid-19 ieu, tapi pihak panatacalagara ngalumangsungkeun kagiatan luyu sareng protokolér kaséhatan nu diembarkeun ku pamaréntah. Malahan sasalad virus corona ieu téh minangka wasilah aselerasi é-learning kemetrian agama. Tapi mun teu aya virus corona, é-learning ieu ngan saukur konsép nu kadang-kadang aplikasi dilapanganna mah sok mandeg, kulantaran kajebak ku rutinitas proses pembelajaran sapopoé. 

“Tapi mun nyaritakeun virus corona ieu, sakabéh staké holdér konsentrasi kana kumaha cara ngahindari jeung cara ngaleungitkeun covid-19. Lain saukur aspek pendidikan wungkul, tapi aspek-aspek saperti aspek ekonomi, hukum jeung nu lainna ogé aya imbasna.” Kitu ceuk Drs. H. Tedi Ahmad Junaédi, M.Si, Kepala Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta nalika muka acara workshop E-Learning program Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta di MA Al-Muthohhar Paléréd, poé Salasa (04/08/2020) di Désa Palinggihan Kacamatan Paléréd Kabupatén Purwakarta. 

Dina hal ieu mah, yén pendidikan jadi skala priotitas nu paling utama pikeun pembelajaran. Tapi ayeuna kaganggu ku ayana sasalad covid-19. Balukarna sistem ngagunakeun pembelajaran jarak jauh (PJJ) ka parasiswana. 

Para pamilon workshop É-Learning program Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta di MA Al-Mutohhar Paléréd, Désa Palinggihan Kacamatan Paléréd Kabupatén Purwakarta. (04/08/2020).*

Kaayaan nu saperti kitu téh, dina hal ieu mah, opat menteri anu pakuat-pakait éta pikeun ngatur kumaha carana pola hirup new normal-red. Ku kituna virus corona ieu téh tangtu yakin jeung teu yakin kulantaran virusna abstrak nu teu katingal ku soca, tapi tiasa katingali ku pihak laboratorium husus nu ngabenerkeun ayana virus corona, nu ngabalukarkeun loba anu nyepelekeun kana sasalad covid ieu. Ahirna imbasna kana program kementrian agama. 

Dina hal ieu mah program kementrian agama nu biasa ngumpulkeun jalma sapertosna acara poé Salasa ieu, tina leading sektor pendidikan tatap muka, leading sektor penyuluh agama ogé masihan penyuluhan ka warga masarakat,  leading sektor KUA teu leupas tina sosialisasi sareng warga masarakat.

“Jadi tiap kagiatan teu leupas tina integrasi sareng warga masarakat nepika nu hubunganna jeung warga di “STOP” nu ngabalukarkeun kemetrian agama ngeunaan sasalad covid ieu, mun teu aya inovasi saperti nu kieu, komo bari jeung ngan ukur calik jeung cicing waé tangtu progrm moal tiasa jalan,” pokna Tedi. 

Kasangtukangna ayana akselerasi é-léarning (pembelajaran) ieu téh, wasilahna mah ayana sasalad covid-19. Pihakna ogé ngarasa reueus yén hiji-hijina sakolah swasta mitembeyan ngayakeun kagiatan workshop E-Learning program Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta nyatana MA Al-Mutohhar Paléréd parantos ngalumangsungkeun acara nu saperti ieu. 

Pihak panatacalagara magelarkeun kagiatananana tuhu kana anjuran pamaréntah nu geus nyiapkeun wastapel, handsanitizer, inspektan, katut masker luyu sareng protokolér kaséhatan.

Kepala Madrasah Aliyah Al-Muthohar Paléréd, Ibu Hj. Betty Syamsiati, S.Ag, MM, nalika diwawancaraan ku Warta Sunda Onliné.* 

Lain halna nu kasauran Kepala Madrasah Aliyah Al-Muthohar Paléréd, Ibu Hj. Betty Syamsiati, S.Ag, MM, nalika diwawancaraan ku Warta Sunda Onliné, ngeceskeun yén tujuan acara workshop É-Learning program Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta ieu téh dina raraga ngagampangkeun Kegitan Belajar Mengajar (KBM) pikeun Pembelajaran Jarak Jauh (PJJ) atawa ayeuna mah disebut belajar di rumah (BJR) nu teu kenging tatap muka langsung jeung siswa.

Malah ayeuna mah kanggo ngabantos kalancaran disakola luyu sareng Kementrian Agama nu ngarelease aplikasi É-Learning  ieu téh leuwih ngagampangkeun dina proses KBM sacara jarak jauh.

Ditalungtik leuwih jauh ku pihak operator disosialisasikeun ka guru-guru aplikasi ieu téh langkung gampil, nu satadina ayana bangbaluh tina PJJ ieu téh tiasa ka-cover, malahan henteu ngabeuratkeun para guru katut siswana dina kaayaan sasalad covid-19.

Aplikasi É-Learning éta juru atik (guru) tiasa ngontrol kehadiran siswa, kepala sakola ogé tiasa ngontrol kehadiran guru, saperti halna guru méré tugas ka siswa tiasa katingan dina aplikasi éta. “Malahan aplikasi ieu leuwih simple tina administrasi guru leuwih gampil,” pokna Ibu Kasek.

Aplikasi ieu ogé lain saukur pembelajaran PJJ wungkul, tapi engké dina pembelajaran tatap muka ogé tiasa diterapkeun tur dilaksanakeun kalayan daria.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén jumlah pamilon nu milu aub dina kagiatan éta téh aya kana 50 urangna nu ngawengku di internal MA Al-Mutohhar katut sakola-sakola nu séjén nu milu aub.

Acara dihadiran tur dibuka ku Drs. H. Tedi Ahmad Junaédi, M.Si, Kepala Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta, H. Arip Kasi Madrsah, guru-guru MA Al-Mutohhar jeung guru nu lainna katut operator Madrasah Aliyah.***







Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MA Al-Muthohhar Paléréd Mitembeyan Lunching E-Learning Program Kemenag"

Posting Komentar