WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Lebaran Onlén


T

os diwartoskeun ka bapa mertua, réhna lebaran ayeuna moal mudik. Ari ngawalerna mah teu nanaon. Ngan aya kana tujuh balénan teras-terasan nelepon, bari ngasongkeun patarosan nu sami, "Ujang téh balik moal?"

Emh, hilap meureun. Abong tos sepuh.  

Pas kamari dina dintenan lebaran, Alhamdulillah netepan Ied mah aya. Ngan dibagi sababaraha tempat. Kuring mah milih di masjid. Hotibna ku Ustad Wahyu, guru ngaos andelan. Nu netepan aya lima puluh urangna. Jarak diatur. Sabot netepan, tingalingsreuk, sedih. Masker juuh ku umbel. Wios lah, namina ogé nalangsa. Ras ka sepuh, sono kana suasana lebaran normal. 

Bérés netepan, teu sasalam. Mung silih kodeuan, ku salim ti katebihan,  nyuhunkeun dilubarkeun samudaya kalepatan. 

Di rorompok sungkem ka bapana budak, barudak sungkem ka indung-bapana. Hing waé sawaregna. Pun lanceuk katawis can tiasa mup on tina kasono ka sepuhna. Da keukeuh maksa ngajak mudik. Kajeun saelol, nu penting pependak. Ku barudak diseukseukan, ulah lebay, kedah taat aturan. Ahirna mah jep wéh. 

Nelepon ka urang lembur. Bapa, Mamah sareng Mimih, sami berjamaah nangis. Sigana palih dieu mah sadaya balad PS ogé sami. 

Tabuh 09.00 sapuk, sakulawargi mertua ngobrol tina aplikasi zoom. Nu nanggeuy opor, baso, rujak cuka, riweuh silih bibita.  Mertua duanana katawis séhat, disarengan ku pun adi nu calikna di Tasik. Reugreug ari tos jonghok mah. Sanaos daring ogé. 

Mimih mah, muhun pun biang. Dizoom téh nuju di rohangan perawatan. Kaleresan pun alo nuju kabancén, dua dinten di RSUD Ciamis, alatan demam berdarah. Tétéh mah lebaran di rumah sakit. Untung sarohangan ku nyalira, janten sanaos rada ngarempak aturan, teu ngaganggu pasén sanés. Muhun, apan teu kénging ngalongok langkung ti duaan.  Ari ieu aya genepanana. Diomat-omatan, pun biang kedah langsung uih deui. Ulah lami teuing ngalongok incuna. 

Mugia situasi tiasa normal deui, lebaran payun aya yuswa sareng séhat. 

Ka sadaya balad PS, wilujeng boboran siam. Neda tawakupna tina samudaya kalepatan, nu dihaja atanapi henteu. ***

 

#net_carita Lely

 


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Lebaran Onlén "

Posting Komentar