Tamba Manyun ku Rosadi Aby Al-Faqih
Asa beuki riweuh wae alam dunya téh nya...
Poé tadi ka pasar Plered asa ku watir, ningali nu dagang kopi & susu dibanjur ku cai panas ...
Dagang bonténg, hui, sampeu dikarungan
Dagang tahu bulat digebruskeun kana minyak
Dagang daging hayam dicacag
Dagang daging sapi, munding digantung
Dagang leupeut ditalian
Dagang ulen digulung
Dagang tarasi dicabok
Dagang bubur dilarang keras
Dagang céndol diciduk
Dagang saté ditusuk
Dagang és kalapa muda dibacok
Dagang mie ayam digebruskeun kana cai panas.
Ngan tukang kadu jeung minyak wangi nu ngeunah mah kalah diciuman ...

0 Response to "Tamba Manyun ku Rosadi Aby Al-Faqih"
Posting Komentar