GARA-GARA BAU Ku Nirwana Smy
GARA-GARA BAU
***************
Enya ari geus poho tèh bet sok les wè teu inget, kawasna mah sarèrèa gè kitu. Ngan ieu kajadian lain kakara, geus dua kali.
Cikènèh pisan, kaluar ti mini market meuli susu jeung sakalian aya bayareun nu kudu ditransfer. Kaluar tina panto ngageuleuyeung wè leumpang da teu pati ti imah mah.
Meuntas tèh ngahaja ngadagoan lampu setopan beureum, ngarah babari maksuda mah. Keur ngajanteng bari nitènan mobil, lar wèh treuk sampah pulas konèng, kawasna runtah baseuh caina nyarakclakan.
Pareng ngaliwat hareupeun mah taya bau nanaon, naa..ari geus rada jauh, ieuuuung bau bangkè buruk asa napel dina liang irung. Rèplèk..nyiduh, bet teu inget keur di barogod makè masker lambey tèh...uak-oèk dua kali geuleuh. Masker dilaan lalaunan "kalah ngadorèksakeun ka aing, sia tèh," lung kana wadah runtah.
Di Cibinong mah mobil anu ngakut runtah tèh tara ngawaktu, isuk-isuk, beurang, peuting, aya waè. Bari jalurna ka tengah kota deuih.
Anu tiheula gè kitu, sarua basa nungguan lampu setopan ganti kana hèjo. Pedah harita mah makè hèlm pull face, kaca hèlm direnggangkeun.
Atuh bolokot kaca hèlm tèh, kapaksa nyisi heula ngabanjur jeung ngelap kaca. Nu nyeungseurikeun akey-akeyan nènjokeun nu tamas ku luah.
Emmh..kalakuan.
#NetNirPost
06 April 2020
Cibinong.
0 Response to "GARA-GARA BAU Ku Nirwana Smy"
Posting Komentar